“Harepan anyar, Mang!”
“Naon téa, Lo?”
“Nincak taun anyar!”
“Lumbrah atuh saban taun gé. nu kitu mah!”
“Aya tambahanana, ayeuna mah!”
“Naon, tea?”
“Para maingpin anyar, kaasup para kepala daérah!
“Bupati, walikota, guberur, maksud Alo téh?’
“Enya! Kaasup ogé, para wawakil rahayat di tingkat daérah.”
“Harepan anyar, nya?”
“Kitu kuduna. Apan, saban ganti pamingin téh, gedé harepan kaayaan beuki hadé!”
“Tambah ningkat, nya?”
“Kitu pisan harepan mah!”
“Lain ukur harepan, tapi kudu jadi kanyataan!”
“Ih, bet kawas nu maksa, Alo mah!”
“Nya kitu kuduna. Apan, ceuk jalama-jalma nu bijak gé, mangsa ka hareup téh kudu leuwih alus batan saméméhna!”
“Kaasup dina kapamingpinan di daérah, nya!”
“Puguh wé. Da, kawas ceuk kasanggupana para kandidat basa jaradi calon, kitu apan jarangjina gé.”
“Geusan mawa rahayat nyorang kahirupa nu leuwih hadé nya!”
“Mémang kitu kuduna!’
“Ulah angger waé, komo mundur!”
“Kitu pisan!”
“Atuh, gedé harepan ku hadirna para pamingpin anyar mah!”
“Harepan mah tangtu. Ngan, ari kahangham gé, teu bisa disumput-sumput.”
“Aéh naha bet kawas nu cangcaya, Lo?”
“Lain cangcaya, Mang!’
“Naon atuh?”
“ Da, teu arang pamingpin anyar gé, antukna mah, teu luyu jeung harepan!”
“Matak kudu aya nu ngageuing!”
“Ih, saha atuh nu ngélinganana, da rahayat mah, ukur bisa kukulutus!’
“Aya mekanismena, Lo.”
“Naon téa, Mang!”
“Asal tigin kana pancenna! Nempatkeun posisi masing-masing kalungguhan dina tempatna!”
“Maksudna, eksekutif, legisilatif, jeung yudikatif merankeun pancén masing-masing nu samistina!”
“Kawas ceuk pangajaran di sakola ngeunana pamaréntahan téa nya, Mang!”
“Enya! Masing-masing puguh kana pancénna!”
“Ulah pacorok kokod nya?”
“Ulah silih kilungan deuih!”
“Komo kitu, ulah pisan!”
“Atuh, muga wé, para pamingpin anyar téh tigin kana pancén jeung kawajibanana!”
“Nya kitu harepan urang mah!”
“Ukur boga harepan, nya?’
“Nya naon deui, lian ti éta mah, Lo!”
“Enya, Mang!” (*)
Edisi majalah: 3009
Leave a comment