Nu nyebarkeun élmu kahadéan hususna widang kaagamaan geus réa. Komo di Kota Bandung mah da aya anjuran ti Walikota Muhammad Farhan yén masarakat Kota Bandung kudu bisa maca jeung nulis Al Quran nu kudu dilaksanakeun di unggal kalurahan. Salah sahijina Halaqoh Ash-Sholawat. Kumaha lalakonna jeung naon métodeuna? Manglé ngobrol jeung Budi, nu ngokolakeunana. ***
Sagala rupa gé taya anu langgeng. Saluyu jeung kamekaran jaman, Saung Halaqoh Ash-Sholawat di Jalan Jati RT 01 RW 13 Kalurahan Cipadung, Kacamatan Cibiru Bandung ngalaman naék jeung turun dina ngalarapkeun prosés pendidikan kaagamaan ka warga anu kagolong Lansia.


Padahal, Saung Halaqoh Ash-Sholawat anu resmi diadegkeun taun 2019 téh, ku Budi saparakanca jeung pangurus séjénna anu kabéhanana gé dulur kénéh, henteu kurang akal sangkan jamaah anu diajar betaheun.
“Pokona salami genep taun jamaah anu hadir téh kadang seueur pisan. Aya kalana dugi ka 70 jamaah. Tapi ogé kadang kirang ti 10 jalmi,” ceuk Budi di Saung Halaqoh Ash-Sholawat saréngséna tarawéh Puasa 1446 Hijriah.
Ceuk Budi, lain hal anéh aya kajadian kitu téh. Mungkin baé kiwari mah nu népakeun élmu saperti Saung Halaqoh Ash-Sholawat geus réa. Jadi para jamaah téh datangna ka nu leuwih deukeut ti imahna atawa aya alesan séjén.
Ngan ceuk Budi, rék réa jamaah atawa saeutik, Saung Halaqoh Ash-Sholawat mah bakal tetep jalan. Sabab tujuanna gé iklas lain komérsil. Jaba deuih dina paling saeutikna ogé, anu hadir dina sakali jadwal diajar mah moal kurang ti 10 jalma. Sabab ti pihak kulawarga gé nu miluan kana program baca tulis Al Quran aya sababaraha urang.
Sapanitén Budi, baheula ngadegkeun Saung Halaqoh Ash-Sholawat téh ku sabab di wilayahna masih réa kaum Lansia anu can faham kana baca tulis Al Quran. Nya ngadegkeun saung nu perenahna tukangeun pisan masjid bogana Kulawarga Haji Lomri Mustafa, ramana Budi.
“Ngahaja prosés diajar Malem Senén sareng Malem Kemis téh henteu di masjid, supados para Lansia langkung jongjon henteu ngaraos kaganggu sareng isin. Keun wé di masjid mah husus kanggo ibadah sareng diajar murangkalih,” ceuk Budi deui.
Ngajar jeung Diajar
Budi, putra kaopat Haji Lomri Mustafa jeung Hj. Imas Sutarsih anu dipercaya ku kulawargana mingpin Saung Halaqoh Ash-Sholawat ngaku anu mimiti ngadegkeun Saung Halaqoh téh adina, Ustad Agus Lukmanulhakim wedalan Gontor.


Gagasanana mah kailhaman ti nu cikal, Kang Asep Sunandar anu hayang ngajak kana kahadéan pikeun dirina sorangan jeung babaturanana anu keur jaman ngorana rumasa cenah rada jauh tina agama. Kitu deui ti Agus Lukmanulhakim anu mimitina mah sok ngadatangan tatanggana pikeun diajak diajar ngaji.
Saterusna ku sabab jamaah ngalobaan, balad-balad anu diajak ku Kang Asep Sunandar jeung nu sok diajar didatangan di imah-imah ku Ustad Agus Lukmanulhakim téh dihijikeun. Hal kitu karojong ku ngadegna Saung Halaqoh Ash-Sholawat dina lahan 8 x 22 méter hibah ti Hj. Lela Nurlela nu masih palaputrana Haji Lomri.
Saluyu jeung ngaranna, Halaqoh téh hartina riungan anu wangunna buleud, jadi métodeuna téh anu ngajar jeung diajar satata. Nu ngajar sakalian diajar, kitu deui nu diajar kudu bisa ngajar. Bagilir.
Hal kitu ceuk Budi keur ngakalan sangkan lancar. Sabab ngajar ka nu geus karolot mah kudu ati ati. Ulah ngarasa keur diguruan sarta ngajaga ulah nepi ka pundung jeung sabangsana.
“Janten dina riungan téh sadayana kedah siap ngoréksi sareng siap dikoréksi,” Budi nandeskeun.
Milu Pakét A, B jeung C
Budi masih inget, Kang Asep Sunandar ngajak kana kahadéan ka para sobatna taun 2017. Tapi laksanana kakara taun 2019. Kitu gé nu kiwari jadi jamaah di Saung Halaqoh téh dibobodo mimitina mah. Diajak ngaliwet anu padahal mah sina diajar Iqro.

Ku sabab terus dikeureuyeuh, najan diajar Iqro téh kadang bari gogoléran, bari udud jeung sabangsana, antukna nepi ka barisa. Sarta resmi jadi jamaah di Saung Halaqoh Ash-Sholawat.
“Prinsipna Ngopi, Ngahiji, Ngaji, Ngabakti nu pihartoseunana ngopi bari silaturahmi. Teras diajar ngaji sareng élmuna dibaktikeun ka balaréa,” ceuk Budi deui.
Lian ti diajar baca tulis Al Quran, diajar ogé jadi imam nu sok dipraktékeun dina solat tarawéh, diajar mulasara layon, diajar biantara dina acara pernikahan jeung nu lianna. Nu jadi guruna nyaéta Ustad Agus Lukmanulhakim jeung Ustad Asep Saeful Rohmat nu sok dilandi Ustad Ujer ti UIN SGD Bandung.
Saluyu jeung kalungguhan Budi nu kiwari jeneng Kepala Sekolah Sanggar Kegiatan Belajar (SKB) di Dinas Pendidikan Kota Bandung, masarakat anu SMP atawa SMA-na teu tamat jeung para jamaah anu hayang boga kesetaraan Paket A, B jeung C, ku Budi diarahkeun. Guru atawa instrukturna ngahaja didatangkeun ti SKB langsung ka Saung Halaqoh Ash-Sholawat.


Diajarna anu online mah malem Saptu jeung offline Malem Minggu. Malah diajar kaparigelan séjénna saperti prakték ngelas.
“Sagalana haratis. Pokona kulawarga pun Bapa Haji Lomri Mustafa hoyong gaduh mangpaat kanggo balaréa,” Budi nandeskeun. ***
Manglé 3021
Bagaimana metode Mama Papa yang diterapkan dalam program ini membantu lansia dalam belajar membaca Al-Qur’an? kunjungi IT Telkom