Home Warta Katumbiri Halal Bihalal Parasunda 2025, Nguatan Baktina Urang Sunda di Aceh
Katumbiri

Halal Bihalal Parasunda 2025, Nguatan Baktina Urang Sunda di Aceh

Dina raraga nguatan jati diri jeung ngarojong sumanget hirup urang Sunda di pangumbaraan, kamari-kamari ieu, 27 April 2025, Payuguban Parasunda Aceh geus suksés ngayakeun Halal Bihalal nu lumangsung di Jalan BPD Utama, Gue Gajah, Kabupaten Aceh Besar.

Share
Halalbihalal Urang Sunda di Aceh
Share

Dina raraga nguatan jati diri jeung ngarojong sumanget hirup urang Sunda di pangumbaraan, kamari-kamari ieu, 27 April 2025, Payuguban Parasunda Aceh geus suksés ngayakeun Halal Bihalal nu lumangsung di Jalan BPD Utama, Gue Gajah, Kabupaten Aceh Besar.

Sakumaha ilaharna, kagiatan halal bihalal urang Sunda di Aceh ogé tujuanana geusan ngaraketkeun duduluran sabudaya atawa salemah cai tatar Sunda, ogé nguatan jati diri Sunda sangkan bisa nyeungitan komarana di lembur batur nyaéta  di Tanah Rencong.

“Tujuan urang atanapi ieu kumpulan Parasunda, sanés waé kanggo kempelan urang Sunda, tapi ogé kanggo ngaraketkeun kawargian ogé sareng masarakat Aceh. Dipiharep, urang sadayana tiasa hadir kalawan mampuh ngabuktoskeun kontribusi nu nyata di tanah rencong ieu,” ceuk Ade Herdiyat, pupuhu Parasunda tandesna.

Harita, lumangsungna kagiatan halal bihalal, alpukah para panitia nu dipingpin ku Nia Gusniati, A.Ks.. Atuh keur nguatan urang Sunda nu dumuk Aceh sangkan kuat lahir jeung batinna, mangka halal bihalal ogé dieusi ku rupa-rupa kagiatan, saperti tausyiah nu mubaligna Ust. Rustandi Qomaruddin, S.Pd.I., donor darah, jeung hiburan lalaguan, kalawan dipungkas ku tuang sareng jeung musofahah.

Keur nguatan peran Sunda Aceh deui, lian ti aya kapamandang ti Pupuhu Umum Parasunda, ogé ti wakilna yaéta Kapten Inf. Narsim Supriatna, nu dina biantarana miharep urang Sunda di Aceh teras guyub jeung sauyunan. Kituna téh sangkan urang Sunda di Aceh jadi baretah.

Halal bihalal Parasunda euyeub kacida. Nu sarumping, lian ti anggota Parasunda, ogé aya para inohong Sunda nu dumuk di Aceh. Ieu nuduhkeun, yén Parasunda dipikareueus ku anggotana, ogé dipikanyaah ku masarakat Aceh umumna.***

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Ngagelar Resital Nasional Angklung 2025, PPAI Mawa Tradisi Mapakan Jaman

Kota Bandung – Angklung téh kasenian tradisional Jawa Barat nu kasinugerahan Warisan...

Katumbiri

Ngagelar Wisuda Semester Genap 2024/2025, ISBI Bandung Tigin Ngawangun Generasi Motékar Tur Ngabudaya

Kota Bandung – Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung ngagelar prosési Sidang...

Katumbiri

Milangkala ka-28, SMPN 3 Darangdan Ngagelar Cerdas-Cermat Basa Sunda

Purwakarta-Dina raraga nguatan adeg-adeg basa Sunda di lingkungan barudak, SMPN 3 Darangdan...

Katumbiri

Ngadeukeutkeun Aksés Pendidikan ka Masarakat, Endut Miharep Aya SMA Negeri di Désa Mekarwangi

Kabupatén Bandung – Warga Désa Mekarwangi kudu nyorang lalampahan nu jauh sangkan...