Kota Bandung – Jaman kiwari, pancén guru dina ngawariskeun basa jeung budaya Sunda téh jadi leuwih beurat. Pikeun ngungkulanana guru kudu mibanda sajumlahing kompeténsi minangka nu ngalantarankeun guru jadi motékar. Guru nu motékar mah salawasa boga tarékah pikeun nambahan karancagéanana. Kreatif tur inovatif. Ngarti kana kabutuh siswana. Guru nu dipikasono ku murid.
Guru motékar dilélér Hadiah Hardjapamekas. Demi Hadiah Hardjapamekas taun 2024 dipasrahkeun ka 3 urang Guru Bahasa Sunda (Guru SD, SMP, SMA). Acara pamasrahan digelar di Aula Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra (FPBS) Universitas Pendidikan Indonesia (UPI), Kota Bandung (11/12/2024).
Anapon tilu guru nu narima Hadiah Hardjapamekas téh nyaéta Guru SDN 035 Soka, Kota Bandung, Cucu Unisah. Guru Bahasa Sunda SMPN 3 Lembang, Kabupaten Bandung Barat (KBB), Ahmad Hadi (Hadi AKS), jeung Guru Bahasa Sunda SMA Rancakalong, Kabupaten Sumedang, Siti Saleha Noer Fatonah.
Cucu Unisah méré pangajaran nu komunikatif jeung matak gumbira pikeun barudak. Komo deuih da ngajarna di kelas hiji. Bahan pangajaran nu ditepikeun téh mimindengna mah maké gambar, gim, atawa kakawihan. Salian ti ngajar, Cucu gé aub di sawatara organisasi jeung nulis dina basa Sunda.
Hadi AKS (Ahmad Hadi) mah lian ti guru téh sohor minangka sastrawan Sunda. Buku-bukuna geus puluhan tur mindeng dilélér hadiah. Hadi gé ngadegkeun sarta ngaping Komunitas Saung Sastra Lémbang. Di éta komunitas, réa pisan barudak sakola nu pinunjul nepi ka tingkat nasional, pangpangna sina widang seni jeung sastra. Taun 2021 Hadi ngadegkeun sarta ngaping para pangarang di komunitas Pakarangan.
Siti Saleha Noer Fatonah lian ti ngajar di jero kelas, remen ngajak para siswa kana rupa-rupa kagiatan di luar sakola, enggoning ngawanohkeun barudak kana budaya di sabudereunana. Siti gé aktif dina pirang-pirang organisasi. Taun 2019, babarengan jeung sawatara guru lianna, milu aub marajian PPBDI (Perkumpulan Pendidik Bahasa Daerah Indonesia). Ayeuna jadi Pupuhu Forum MGMP Basa Sunda SMA Provinsi Jawa Barat. Di antara udagan éta dua organisasi téh pikeun ngajaga kalumangsungan pangajaran muatan lokal basa Sunda di sakola jeung dina kurikulum.
Dekan FPBS, Prof. Dr. Tri Indri Hardini, M.Pd.miharep pamasrahan Hadiah Hardjapamekas téh bisa ngagedurkeun sumanget para guru basa Sunda sangkan leuwih motékar. Nurutkeun Tri, ngamumulé basa Sunda téh kawajiban para akademisi, guru, tokoh, jeung budayawan. Salah sahiji carana ngamumuléna ngawanohkeun basa Sunda ka nonoman.
“Sim kuring ngahaturkeun nuhun sarta apresiasi ka kulawarga besar Sobri Hardjapamekas, Yayasan Rancagé, sareng sakumna pihak nu ngarojong acara Pamasrahan Hadiah Hardjapamekas. Pangajén nu konsisten kanggo para guru basa Sunda nu tigin ningkatkeun ajén pangajaran,” pokna.
Ketua Dewan Pembina Yayasan Kebudayaan Rancagé Erry Riana Hardjapamekas nétélakeun yén guru motékar téh lian ti konsisten dina inovasi, ogé guru nu dipikasono ku siswana. Guru nu ningkatkeun minat diajar siswana.
“Pangajaran basa Sunda jaman kiwari téh mayunan rupaning pasualan. Kalebet kamajuan téhnologi. Basa sareng budaya deungeun téh tiasa gampil lebet ka dunya murangkalih. Pangajaran basa Sunda gé kedah saluyu sareng jamanna,” ceuk éta wawakil kulawarga Hardjapamekas.***
Mangle No. 3007
Leave a comment