Home Warta Katumbiri Gedong di Kota Bandung Dilengkepan Sarana Ngungkulan Kahuruan
Katumbiri

Gedong di Kota Bandung Dilengkepan Sarana Ngungkulan Kahuruan

Share
Politisi Nasdem DPRD Kota Bandung Dr.Uung Tanuwidjaja SE.MM.
Politisi Nasdem DPRD Kota Bandung Dr.Uung Tanuwidjaja SE.MM.
Share

Kota Bandung – Gedong-gedong di Kota Bandung, kudu miboga tata kelola ngungkulan musibah kaasup kahuruan. Saupama kajadian kahuruan dina wangunan nu luhur, paneusi éta gedong téh kudu tas mahér mareuman seuneu nu ngabebela.

Hal éta ditepikeun ku Anggota DPRD Kota Bandung, Dr. Uung Tanuwidjaya,SE., MM. Nurutkeun  Uung aturan dina nataharkeun pakakas keur ngungkulan kahuruan di gedong téh tas jinek réngkolna. Nyaéta kaunggel dina Peraturan Daérah (Perda) Kota Bandung Nomer 3 Taun 2022 ngeunaan Pencegahan Kebakaran & Penanggulangan Bencana. Salah sahiji  eusina, ngawajibkeun unggal wangunan miboga sarana keur nyegah sarta ngungkulan  kahuruan ogé musibah.

“Kanggo kasalametan sadayana, sarana nyegah sareng ngungkulan kahuruan téh kedah aya. Kalebet waspada kana musibah lianna,” ceuk Uung tandes naker.

Uung ngémbohan yén Perda téh tas dipedar taun 2022 ku Pansus 7 DPRD Kota Bandung. Harita inyana inyana jadi anggota pansus. Ceuk éta pulitisi Nasdem téh, wangunan nu luhur di Kota Bandung mah teu saloba siga di Jakarta atawa Surabaya. Najan kitu kudu aya upaya antisipasi. Da teu kasawang bakal aya musibah.

“Perda anu parantos disahkeun dua taun ka pengker, ngatur perkawis hak sareng  kawajiban Pamaréntah Kota Bandung sarta masarakat. Tarékah ngawangun rasa aman, salah sahijina nyiapkeun sarana prasarana nu nyegah sarta ngungkulan kahuruan,” pokna.

Dr. Uung Tanuwidjaya,SE., MM., ngécéskeun yén pasualan nu disanghareupan di Kota Bandung téh nyaéta hidrant anu kapaké téh ngan opat tina ratusan hidrant nu aya. Lantaran debit cai naék-turun, jeung teu sakabéh hidrant debitna cukup. Upama hidrant teu fungsi mah, bisa maké cai tina kincir réténsi. Ngan teu kabéh lokasi boga kincir réténsi. Upama kajadian kahuruan di wewengkon nu rupek, laju hidrant teu bisa dipaké, nya kudu nungguan mobil pemadam kebakaran.

“Kota Bandung kedah ngadamel peta daérah nu poténsi kahuruanna ageung. Supados di éta daérah diwangun posko-posko kanggo nyegah sareng ngungkulanan. Kitu deui sareng hidrant-hidrant dipiara supados tiasa dianggo,” pokna.

Uung ngémbohan yén Pemkot Bandung gé kudu ngalobaan pakakas anti kahuruan. Mobil pemadam kebakaran nu ukuran gedé jeung leutik kudu aya. Kitu deui motor jeung  tengki pemadam leutik anu bisa asup ka gang-gang.

Laju ngayakeun edukasi ka masarakat patali jeung kahuruan. Contona mastikeun kompor pareum lamun rék iinditan, jaringan listrik nu alus, jeung sajabana. Éta minangka tarékah nyegah kahuruan. Masarakat gé diatik sangkan bisa milu ngungkulan kahuruan. Ti mimiti nyisi upama aya mobil pemadam, mantuan éta mobil ngaliwat, sarta mantuan mareuman seuneu.

Edisi majalah: 3005

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Plt IKWI Resmi Ditunjuk Dina Perayaan HPN 2025 di Riau

PEKANBARU:  Ikatan Keluarga Wartawan Indonésia (IKWI) ngalaksanakeun silaturahmi nasional jeung konsolidasi nu...

Katumbiri

Puncak Dipiélingna HPN 2025 di Riau Menkomdigi: Waktuna Mentés Kawani, Integritas, jeung Sumanget Juang

Pekanbaru, 9 Fébruari 2025 – Puncak Dipiélingna Hari Pers Nasional (HPN) 2025...

Katumbiri

Ngararapih Réklame di Kota Bandung Butuh Perda Anyar

Kota Bandung – Ketua Pansus 3 DPRD Kota Bandung, Dr. Ir. H....

Katumbiri

Dibekelan Sertifikat BNSP Lulusan SMKN 5 Bandung Babari Digawé

Kota Bandung – Siswa tingkat ahir di sakabéh jurusan nu aya di...