Home Warta Katumbiri FTBI 2025 Teu Kaganggu Éfisiénsi Anggaran
Katumbiri

FTBI 2025 Teu Kaganggu Éfisiénsi Anggaran

Share
Kepala Balai Bahasa Provinsi Jawa Barat, Dr. Herawati, S.S., M.A.
Share

Kota Bandung – Féstival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) téh lumangsung unggal taun. Ngan dina taun 2025 mah aya kahariwang éta kagiatan nu jadi bagian tina program Revitalisasi Bahasa Daérah (RBD) téh bakal kateug. Cukang lantaranana kahariwang. Kahiji, Prof. E. Aminudin Aziz, M.A., Ph.D. pindah tina Kepala Badan Pengembangan dan Pembinaan Bahasa jadi Kepala Perpustakaan Nasional. Laju kawijakan efisiensi anggaran Kemendikdasmen nepi ka 8 trilyun. Kahariwang éta dipupus ku Kepala Balai Bahasa Provinsi Jawa Barat, Dr. Herawati, S.S., M.A. Herawati nandeskeun yén palaksanaan FTBI lumangsung sakumaha ilaharna.

“Kahariwang éta tangtos aya. Balai Bahasa Provinsi Jawa Barat salaku wawakil ti Badan Pengembangan dan Pembinaan Bahasa nandeskeun yén RBD FTBI masih lumangsung. Salami opat taun palaksanaan RBD di Jawa Barat téh pangrojong ti pamaréntah daérah kalintang ageungna,” ceuk Herawati basa di wawancara ku Manglé di Padepokan Seni Mayang Sunda (19/2/2025).

Herawati ngémbohan yén kasadaran pamaréntah daérah kana ngamumulé basa indung téh terus ningkat. Najan dina nominal waragad mah can kabéhanana sarua lantaran masing-masing daérah mibanda programna séwang-séwangan.

“Balai Bahasa Jawa Barat ngaaprésiasi pemerintah daérah nu micinta basa indung kalayan larap dina tanggung jawab ngamumulé basa sareng sastra Sunda. Insyaalloh taun 2025, FTBI terus lumangsung ti ngawitan koordinasi antar instansi, diskusi kelompok terpumpun, pelatihan mutu guru utama, diseminasi ka siswa sareng guru,” ceuk Herawati tandes naker.

FTBI tingkat kabupatén/kota terus digelar, pon kitu deui FTBI tingkat provinsi. Pikeun nyurahan kaayaan kiwari, ceuk Herawati, tas aya rarancang antisipasi. Patali jeung éfisiénsi anggaran nu bisa ngababuk ngabarérang, aya wacana palaksanaan FTBI teu sakabéhna luring, aya sababaraha kagiatan dilaksanakeun daring.

“Sim kuring miharep taun 2025 aya pangrojong nu langkung ti Pamaréntah Provinsi Jawa Barat. Mugia Gubernur nu énggal, Pa Dedi Mulyadi, ngarojong upaya Revitalisasi Basa Daerah. Pangrojong ti Pemprov Jabar téh mingkin nguatan tarékah dina ngamumulé basa sareng sastra Sunda,” pungkas Herawati.

Informasi nu disadap ku Manglé yén Kabupatén Sukabumi rarancangna baris jadi tuan rumah Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) 2025 tingkat provinsi Jawa Barat, laju tas digelar FTBI tingkat kecamatan di sawatara wewengkon.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
KatumbiriWarta

Madrasah Qur’an Asyifa Mantuan Warga Sangkan Cinta Al Quran

Tong héran mun ngaliwat ka Komplék Bumi Langgeng Blok 26 No. 13...

Katumbiri

Ajengan ka Sakola, Ajén Kaislaman Nanjeur di SMAN 14 Bandung

Kota Bandung – Romadon téh mangsa neuleuman élmu agama Islam. Di SMAN...

Katumbiri

Ngamulyakeun Romadon di Darul Hikam

Bulan Romadon 1446 H, bulan anu mulya, bulan nu kacida dianti-antina keur...

KatumbiriWarta

Tempat Latihan Pingpong Standar Internasional Di Kabupatén Bogor

Kabupatén Bogor ngabogaan tempat latihan pingpong standar internasional nu ngaranna Donic Table Tennis...