Firda ‘Marsya’ Kurnia (gitaris & vokalis VoB) téh asup daftar 100 Wanoja Inspiratif jeung Gedé Pangaruhna versi BBC. Marsya mangaruhan masarakat dunya ngaliwatan musik jeung lagu. Moal saat ide keur nyieun lagu mah. Da inspirasina tina rupaning hal nu silih sigeung jeung kahirupan pribadi. Marsya ngahirupkeun laguna ku pépéling kahirupan. Nu karandapan ku pribadi tur nyata di sabudeureun mah amanat tina lagu téh babari ditepikeunana.
“Inspirasi lagu téh nyadap tina naon nu katinggal, karaos, kaémutan ku pribadi sareng sabudeureun. Upami ancrub langsung mah gampil dina ngadugikeunana,” ceuk Marsya dina katerangan via WhatsApp ka Manglé (23/11/2024).
Lagu nu ditulis ku Marsya téh aya nu basa Inggris. Mojang nu lahir tanggal 27 Juni 2000 téh nandeskeun yén dina ngukur kamahéran basa Inggris ku cara dipaké lain diapalkeun. Ngan warga Indonésia mah kalolobaan éra maké nyarita ku basa Inggris.
“Sanés teu tiasa, nanging isin, isin disebat so inggris. Sawios sanaos mung terang sababaraha kecap, upami dianggo mah tiasa nambihan,” pokna.
Marsya gé ngamangpaatkeun kamampuh basa Inggrisna keur komunikasi jeung bulé. Cara kitu sakalian latihan nyeukeutan pangdéngé. Lantaran bulé mah ngomongna leuwih gancang.***
Mangle No. 3005
Leave a comment