Home Warta Tamu Farhana Nariswari Mojang Bandung Nembus Sekat Global
Tamu

Farhana Nariswari Mojang Bandung Nembus Sekat Global

Share
Puteri Indonesia 2023
Puteri Indonesia 2023
Share

Profésina  dokter, karirna ngalanglang dunya, tapi masih kénéh biasa nyarita dina basa Sunda. Kétang, da inyana téh teureuh Sunda, pituin urang Bandung. Saha téa nya?

“Nepangkeun abdi Farhana!”pokna ka nu anyar pinanggih mah.

Ah, padahal teu sing kudu nikukur. Da, Nyi Mojang mah, geus jadi public figure. Mun loba nu mikawanoh gé, payus pisan da remen jadi sorotan média massa jeung médsos. Ma’lum, apan Farhana Nariswari Wisandana nu lahir 28 Mei 1996 téh loba pisan préstasina. 

Inyana téh, mémang remen jadi kembang carita. Malum, da kagiatan éta dokter nu ogé Putri Indonesia (2023) téh saabreg-abreg, utamana, dina widang sosial jeung kasehatan.

Kamampuh, préstasi, jeung kagiatanana dina rupa-rupa widang, teu leupas tina kaludeungna nyanghareupan rupa-rupa tangtangan. Matak, teu anéh deuih, upama dedikasi éta Putri Indonesia nu kungsi makalangan dina kontes Miss International 2023, di Tokyo, Jepang téh dianti-anti balaréa.

Farhana Nariswari Wisandana, kitu ngaran lengkepna,  lahir di  Kota Bandung Jawa Barat. Inyana téh cikal ti duaan sadulur, putri ramana Wisandana Sanudi, teureuh Sunda sareng ibuna,  Siendy teureuh Minangkabau asal Kota Solok, Sumatra Barat. Tah, adina téa,  Rabita Madina gé piunggul dina Pemilihan Mahasiswa Berprestasi (PILMAPRES) dina taun  2020.

Digedekeun di dayeuh Bandung,  Farhana namatkeun sakolana SMA Taruna Bakti  taun 2013. Sabada lulus, ti éta sakola, inyana miluan  Program Pertukaran AFS Italy ti  Liceo Scientifico D’Alessandro anu ayana di Kota Metropolitan Palermo di wilayah Sisilia, Italia, lilana sataun(2013—2014).

Mulang ka sarakan, Kota Bandung, tolab élmu di Universitas Padjadjaran.  Kuliahna réngsé taun 2020 kalayan nyangking gelar Sarjana Kedokteran (S.Ked.) ti Fakultas Kedokteran Unpad, Bandung.

Dina taun 2018, Farhana miluan  kompetisi Asian Medical Students Association (AMSA) Indonesia National Debate Championship. Tah,  di éta kompetisi téa, inyana kapilih jadi salah saurang tina lima besar The Best Speaker.

Dina taun éta kénéh, kapilih minangka  Clinical Internship di Neurology Department ti Universitas Roma La Sapienza di Roma, Italia. Sataun ti harita, Farhana jadi salah saurang anggota delegasi keur International Federation of Medical Students’ Associations (IFMSA), kapapancénan ngal tugas di Komisi Kependudukan dan Pembangunan, Perserikatan Bangsa-bangsa di New York, Amerika Serikat.

Juni 2023, Farhana ogé kapapancenan jadi pamilon prolog Perdamaian dan Kesejahteraan Dunia nu lumangsung dina kagiatan  2nd Borobudur International World Peace and Prosperity Event,  Candi Borobudur, Magelang, Jawa Tengah. Kagiatan harita téh geusan nguatan  perdamaian dunia jeung ningkatkeun kamamuran global ngaliwatan dialog, gawé bareng jeung pemahaman antara negara-negara di sakuliah dunya, nu mangrupa bagian tina  perayaan Hari Raya Waisak 2023 di Indonésia.

Bekel Tekad jeung Kabisa

Diajar ludeungna Farhana, dibaladah ti anggalna. Léngkahna beuki jauh sanggeus jadi juara kahiji dina pilihan duta keur Universitas Padjadjaran, Putra Putri Padjajaran 2018. Sataun ti harita, makalangan dina kompetisi pilihan duta daérah Kota Bandung Mojang Jajaka Kota Bandung taun 2018. Dina éta pasanggiri gé, inyana kapilih jadi juara kahiji Mojang Kota Bandung 2018.

Dina  taun 2022, Farhana ‘tarung’ dina pilihan Puteri Indonesia tingkat provinsi Jawa Barat nu lumangsung 16 Januari 2022 di Ballroom Hotel Holiday Inn Bandung. Hasilna, lolos ka Tiga Besar kalyan ahirna, nyangking pinunjul kadua.

Dina taun 2023, Farhana miluan deui kontés kecantikan Puteri Indonesia Jawa Barat 2023 di Graha Mustika Ratu, Jakarta. Dina éta kontés, inyana kapilih minangka  Puteri Indonesia Jawa Barat 2023. Atuh, ieu mojang nu profésina dokter téh jadi Puteri Indonesia Jawa Barat 1,  2023.

Léngkahna mingkin ludeung! Ahirna, kapapancénan jadi utusan ti Jabra dina  kontes kecantikan tingkat nasional Puteri Indonesia 2023 di  Jakarta Convention Center, 19 Méi 2023.

Harita, dina babak pamungkas kontés, Ketua Dewan Penasehat Yayasan Puteri Indonesia, nanya.

“Naha aya bédana milampah kahadéan jeung milampah anu bener?” ceuk nu nanya.

“Milampah hiji hal anu hadé jeung migawé hiji hal anu bener mah dua hal anu béda. Milampah hal anu alus téh dina mangsa urang migawé pagawéan dumasar kana niat atawa kahayag urang, ngabantu jalma séjén téh hiji pagawéan anu hadé geusan diconto, tapi teu salilana bener. Ngan, ari milampah anu bener mah, leuwih ti kitu. Da, milampah anu bener mah milukeun niléy-niléy moral, ngalibetkeun Pangeran Nu Mahakawasa, sarta dina mangsana milampah hiji hal téh dumasara kana ati nurani,” ceuk Farhana harita.

Jadi piunggul utama Puteri Indonesia 2023, Farhana téh jadi wawakil Indonesia dina kontés Miss International 2023 nu lumangsung di Yoyogi Gymnasium, Tokyo, Jepang, 26 Oktober 2023. (*)

Jati Diri

  • Nami : Farhana Nariswari Wisandana, S.Ked
  • Tempat tanggal Lahir : Bandung, 28 Mei 1996
  • Putri cikal ti 2 sadulur. Ramana, Wisandana Sanudi, pituin  Sunda, ibuna Siendy K. Wisandana teureuh  Minangkabau asal Kota Solok, Sumatra Barat.
  • Hobi:  masak, maca, sareng travelling

Pendidikan

  • S1 Fakultas Kedokteran Universitas Padjadjara, Bandung (2015-2020).
  • Profesi : Dokter, Public Speaker,
  • Kamampuhan make basa: Inggris & Itali

Karir & Préstasi (ti antarana)

  • Program Pertukaran Pelajar AFS Itali, ti Liceo Scientifico D’Alessandro (AFS Year Program Alumni to Sicily), Itali 2013-2014
  • Delegation of the International Federation of Medical Students Association in the United Nations Commission on Population and Development di New York, Amerika Serikat, taun 2019.
  • Pembicara di Webinar ‘Sundanese Gastronomy’ pada tahun 2020 untuk Kedutaan Besar RI di Mexico
  • International Moderator West Java Data Vizualisation Festival taun 2022
  • Keynote Speaker dina acara Kartini Day Universitas Padjadjaran taun 2022
  • Partisipan dari Global Health Systems Summer Institute – Johns Hopkins Bloomberg School of Public Health, Juni 2023
  • Pemenang Puteri Indonesia 2023
  • Miss International 2023 ngawakilan Indonesia di Tokyo, Jepang, 26 Oktober 2023. (*)

Edisi majalah: 3006

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Tamu

KH. Jeje Zaenudin; Ukhuwah Islamiyah Sarana Katingtriman Bangsa

Ilaharna, dina kaayaan kahirupan nu keur dirungrum ku lobana kahariwang, sok teu...

Tamu

Prof. Cecep Darmawan; Waktuna Jabar Némbongkeun Kakuatan di Tingkat Nasional

Larapna démokrasi saperti Pilkada Jabar 2024 ka tukang-tukang, lain semet milih pamingpin,...

Tamu

Wahyudin Iwang; Loba Invéstor Kotor Alatan Aturan Henteu Peurahan

‘Alam ngajaga urang, urang ngajaga alam’. Ieu kekecapan, negeskeun, yén dina ngurus...

Mo Sidik, Komika nu kasohor. (foto: istimewa)
Tamu

Mo Sidik: Di Tatar Sunda Humor Jadi Budaya

Urang Sunda mah resep heureuy. Tina ngabanyol téh sok tuluy jadi bukur...