Kota Bandung-Kasenian longsér tas jadi budaya di SMPN 53 Bandung. Saban taun ngagelar pintonan longsér pikeun ngareuah-reuah kamotékaran siswa kelas 9, nu sakaligus Uji Kinerja sababaraha mata pelajaran. Atuh dina mangsana kurikulum kiwari, pintonan longsér téh adumanis jeung Expo Proyek Penguatan Profil Pelajar Pancasila (P5).
Pintonan Longsér & Expo P5 SMPN 53 Bandung téh lumangsung di Teras Sunda, Jl. Raya Cipadung, Cipadung, Kec. Cibiru, Kota Bandung (23-24 April 2024). Lian ti unsur sakola, éta kagiatan gé dihadiran ku Komite, Pengawas, sarta wawakil ti BKKBN. Kepala SMPN 53 Bandung, Dian Harnita, S.Pd., M.Ed., nétélakeun yén pintonan longsér dina Expo P5 mah ngajak partisipasi siswa kelas 7 jeung 8. Siswa Kelas 7 nyadiakeun olahan kadaharan tradisional. Demi siswa kelas 8 mah nyieun média promosi dina wangun poster, reels Instagram, video, tiket. Kolaborasi unggal entragan éta dikuatan ku pangrojong guru jeung orang tua siswa.
“Aya ajén sabilulungan dina ieu acara. Unggal entragan diskusi, ngararancang badé nyayogikeun katuangan naon baé, média promosi sapertos kumaha, sareng properti nu diperyogikeun. Ajén éta gé eunteup ka guru sareng sepuhna murangkalih. Janten sasarengan silih ajénan kana prosés medalna karya,” ceuk Dian ka mangledigital.id di lokasi acara (23/4/2025).
Dian ngémbohan yén jejer nu diapungkeun dina Expo P5 téh neueul kana kamandirian sarta kawirausahaan dumasar kaarifan lokal. Pintonan longsér nu digelar ku sakolana tas ngawadahan sakabéhna. Dian nandeskeun yén dumasar panitén pengawas, acara pintonan longsér téh luyu jeung program Kementrian Pendidikan Dasar dan Menengah, nu neueulkeun kana ngokolakeun poténsi jeung préstasi siswa.

Wawakil Komite Sakola, Elpiyani Osmartita, ngarasa bungah tur reueus ku pintonan siswa. Tandaning aya rasa duduluran nu kuat. Pihak komite, ceuk Elpiyani, ngarojong pisan, utamana ngadorong kamotékaran siswa tina ngaropéa barang-barang urut jadi properti nu nyeni.
“Nyakséni pintonan siswa mah sim kuring yakin garaduh poténsi. Waktosna bébér layar. Midang teu ulah mung kajurung ku tugas sakola, tapi dina panggung nu saenyana,” pokna.
Ketua Pelaksana, Intan Nuraeni, nétélakeun yén acara téh kaasup Ujian Kinerja, nu meunteun opat mata pelajaran nyaéta Basa Sunda, Basa Indonésia, Seni Budaya, jeung Pendidikan Pancasila. Nilik kana pagelaran longsér sataun saacanna, loba pihak nu ngaapresiasi. Teu matak hémeng upama dina pagelaran longsér taun ayeuna dihadiran ku wawakil ti BKKBN.
“Ngawangun kulawarga téh tiasa nyadap tina lakon longsér. P5 nyurup sareng Bangga Kencana. SMPN 53 Bandung téh juara 2 sa-Jawa Barat dina Apresiasi Sekolah Siaga Kependudukan BKKBN,” ceuk éta Guru Pendidikan Pancasila.

Nurutkeun Wakasek Kurikulum, Heni Ratna Juwita, ngawangun kamandirian téh dimimitian ku méré lolongkrang nu lega ka para siswa sangkan milih bagian tina acara nu luyu jeung kahayangna. Tas kitu mah diaping nepi ka timu jeung bakatna. Laju diseukeutan sangkan prosés diajarna ngarojong kana kasuksésan acara.
“Siswa tiasa milih antawis widang musik, téater, atanapi tari. Janten mintonna téh sareng kabingahna, henteu asa dipaksa. Mung dina musik mah teu tiasa didadak. Angot waditra mah aksésna kawatesanana. Degung kedah aya rasaan,” ceuk éta Guru Seni Budaya.

Raykha Irwanda Pratiwi nu jadi tokoh Nyi Opét, tokoh utama dina pintonan longsér Kelas 9 D nu dijudulan Randa Beunghar, nétélakeun yén mimiti mah ngarasa héngkér dina basa. Inyana nu teureuh Minang kudu latihan dialog maké basa Sunda. “Remen latihan mah alhamdulillah tiasa. Ku ngiringan ieu acara téh sim kuring ngaraos aya bakat dina seni téater. Ka payunna mah hoyong diajar langkung teleb deui,” pokna.
Demi pikeun Fahri Zakir Ramadiansyah, nayaga longsér Randa Beunghar, ngarasa resep kana éta kasenian téh ti kelas 7. Atuh sumanget ilubiung dina Expo P5. Da aya duriat dina babarengan nyieun karya, nambahan pangaweruh, rasa percaya diri, leuwih micinta kana budaya. “Hoyong lebet ka sanggar. Supados tiasa mekarkeun bakat tina musik, téater, sareng tari,” ceuk Fahri bangun miharep.***
Leave a comment