Home Warta Tamu Euis Siti Aisyah: Ngasaan Kulinér Luar Negeri
Tamu

Euis Siti Aisyah: Ngasaan Kulinér Luar Negeri

Share
Drummer Voice of Bacéprot Euis Siti Aisyah. (Foto: instagram @sittivob)
Share

Voice of Bacéprot remen manggung ka luar negeri. Lian ti pangalaman midang di nagara deungeun, pikeun Euis Siti Aisyah mah aya luang keur ngasaan rupa-rupa kulinér.

“Ngawitan mah asa anéh kana létah téh. Mung saatos diraosan deui mah nya janten raos,” ceuk éta drumer VoB dina katerangan via WhatsApp ka Manglé (23/11/2024).

Siti kungsi mikalandep chicken salad. Ka mamana menu éta nu dipesen. Dina ngala pangalaman kulinér gé, Siti kungsi nyeri beuteung nepi ka 5 kali bolak-balik jamban. Lantaran nuang nasi kandar di Malaysia. Can biasa ku bungbuna.

“Bingah tiasa tour luar negeri. Tiasa ngaraosan katuanganana. Mugia baé ka payunna mah langkung remen, aamiin,” pokna.

Resep ngasaan kuliner luar negeri, Siti teu poho kana kadaharan tradisional. Nu dipikaresepna jajanan pasar saperti klepon, lemper, nagasari, lapis jsb. Ngan jajanan éta mah tara dibabawa tour da inggis haseum. Nu biasa dibekel téh emih, kiripik, jeung sambel bungkus.***

Mangle No. 3005

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Tamu

Prof. H. Deni Miharja; Nyurahan Sunda-Islami dina Kakiwarian

Islam téh ajaran nu  universal, rembes nyerep meuntasan wates-wates sélér, ras jeung budaya....

Tamu

Acuviarta Kartabi: Mekarkeun Ékonomi Larapna Kudu Walatra

Kaayaan alam di ieu bangsa kaasup di tatar Sunda, lain ukur padumukan,...

Tamu

Kang Gun: Mawa Seni Malar Boga Pangaji

Lamun keyeng tangtu pareng. Tah, kekecapan karuhun nu kawas kitu téh, ku...

Tamu

KH. Asep Mustofa Kamal; Mekarkeun Pasantrén Nataharkeun Generasi Qur’ani Unggulan

Hadirna pasantrén-pasantrén  tahfidz hususna di Tatar Sunda Jawa Barat, henteu leupas tina...