Ditulis ku: Yudi Rahmat Budiman
Atikan jeung pangajaran tangtu dipibutuh ku sakumna mahluk nu kumelip di alam dunya. Tong boroning manusa anu jadi mahluk pangmulyana, cacakan sato ogé sacara naluriah ngatik jeung ngajar rundayanana keur ngambah kahirupan.
Tujuan atikan jeung pangajaran nyaéta keur ngoméan jeung ngaronjatkeun kualitas kahirupan ka hareupna, salian ti méré pangaweruh téknik dasar hirup. Manusa atawa mahluk hirup naon waé wandana, upama geus diatik jeung dibéré pangajaran bakal leuwih alus jeung nyongcolang hirupna ti batan manusa séjén anu dilur-jeunkeun hirupna. Manusa anu teu diatik jeung diajar digolongkeun kana sebutan belegug, bodo, atawa belet.
Sajarah panjang rahayat urang dirarangkénan ku ayana fakta penjajahan. Fakta anu ngabuktikeun rahayat urang “éléh pinter” ku jalma anu ngajajah. Sanajan “cenah” mangsa baheula, karajaan-karajaan di urang nyakrawati ka wilayah-wilayah luar. Contona Karajaan Tarumanagara anu wilayahna nepi ka Campa, Siam, jeung, Malaya ayeuna. Kitu deui Karajaan Sriwijaya, Majapahit, atawa Samudra Pasai. Jaman saterusna dina abad XIV- XX kapinteran bangsa-bangsa Éropah bisal ngalindih kapinteran bangsa urang.
Atikan di urang ti jaman baheula ogé teu kungsi pegat. Padepokan, pasantrén, pacatrikan, jeung paguron élmu jadi bukti yén bangsa urang kacida merelukeun pisan kana pentingna élmu. Rupaning élmu anu disiar ngawengku sakabéh wanda kahirupan. Ti mimiti tatanén, olah nagara, kanuragan,agama, sastra, budaya, jeung téhnologi logam sarta balayar di sagara.
Di jaman penjajahan Walanda, urang anggap minangka panginditan ayana atikan jeung pangajaran sacara modérn. Dunya atikan diayakeun sacara masif jeung rapih. Sanajan loba alesan anu méngkolkeun tujuan sabenerna tina tatanan awal.
Dimimitian ku ayana Ethische Politiek. Digagas ku Pieter Brooshooft, wartawan ti koran de Locomotief. Hiji deui pulitikus Volksraad, Conrad Theodor Van Deventer. Minangka nagih jangjina pidato taunan Ratu Wihelmina tanggal 17 September 1901. Dina pidatona, Kangjeng Ratu Walanda nandeskeun ayana “Panggilan Moral jeung Hutang Budi” Nagara Walanda ka tanah jajahan Hindia Walanda. Saterusna ieu pidato terus-terusan ditabeuh ku tokoh-tokoh politik étis, anu mikahéman ka rahayat bumiputra sanggeus ayana program Tanam Paksa. Tokoh séjénna di antarana Douwess Dekker (pulitikus), jeung Mr. HJ. Abendanon (Mentri Agama, Budaya, Karajinan Walanda). Pamustunganna Kangjeng Ratu mutuskeun sangkan Perdana Mentri Abraham Kuypert ngalaksanakeun pulitik étis, kalawan kasohor disebut Trias Van Deventer.
Trias Van Deventer ngawengku program-program:
- Irigasi.
- Transmigrasi.
- Édukasi.
Tilu program ieu dina prakna mah, geuning loba nu dipéngkolkeun keur kauntungan bangsa penjajah wungkul. Program irigasi gegedéna keur kauntungan para tuan tanah, onderneming, jeung afdeling anu dikawasa ku turunan Éropah jeung élit bangsa. Bangsa pribumi mah ukur kabagéan jadi kuli gawé kasarna wungkul. Program transmigrasi, nyaéta maksudna ngaratakeun sebaran rahayat ngarah walatra dina ngolah tanah. Prakna mah ukur nyieun perkebunan-perkebunan anyar kalawan sistem kuli kontrakna nu ngajiret rahayat sangsara saumur-umur.
Anu kasebutna leuheung téh nyaéta program Édukasi. Sanajan maksud nyamunina mah, ukur hayang ngahasilkeun pagawé nagara sipil anu murah jeung bisa dipaké alat keur manjangan cangkreman Walanda. Balukar pangaweruh anu katarima ku bumiputra, sanajan bari dialas, bisa nyadarkeun méntal rahayat jajahan sangkan ngoméan dirina ka hareup.
Tingkatan sakola Jaman Walanda,
- Pendidikan Dasar
Sakola-sakola maké basa Walanda panganteurna.
– ELS/Europeesch Lagere School
– Schakel School
– TIS Tweede Inlands School
– HIS Holand Inlands School
– HCS Holand Chineesche School
2. Sakola-sakola dasar maké panganteur basa daérah
– Sakola Bumiputera Kelas 2 (Inlands School Tweede Klase)
– Sakola Desa (Volk School)
– Sakola Lanjutan (Vervlog School)
3. Pendidikan Lanjutan
– MULO (Meer Uitgebraid Lager Onderwijs)
– HBS (Hoger Burger School)
– AMS (Algement Middelbare School)
4. Sakola Kajuruan
– Kweek School (Sakola Guru Pribumi)
– Normaal School
5. Pendidikan Luhur
– STOVIA (School Toot Opleding Van Indische Artsen atawa Sakola Dokter Pribumi)
– OSVIA Sakola Pendidikan PNS Pribumi
– Technisch Koninklijk Institute Voor Hoger
– Tehnisch Institute Onderwijs Netrherland Indies
– Recht School/ Sakola Hukum Luhur
Tamaha jadi rahayat nagri jajahan, sanajan dimeunangkeun sakola ogé rasialis jeung diskriminasi tetep ngarandapan. Sakola-sakola anu maké panganteur basa Walanda, ukur bisa diasupan ku golongan-golongan anu geus ditangtukeun. Golongan-golongan téh nyaéta bangsa Walanda atawa Walanda campuran, para ménak, golongan Arab Yaman, jeung Tionghoa. Sedengken golongan cacah kuricakan ngan bisa asup ka sakola anu maké panganteur basa daérah.
Anu matak pisediheun mah dina mangsa tamat sakola. Ngaran sakabéh lulusan diimeutan, upama ngaranna maké ngaran ménak wayahna kudu diganti. Contona ngaran nu maké, Nata, Kusumah, Wira, Dilaga, Ningrat, jeung sajabana. Wayahna kudu diganti ku ngaran sabiasana cacah kuricakan. Harita pun aki ngaranna maké ngaran Nata, ceuk béja bau-bau sinduk mah aya teureuh ménak Sukapura. Kapaksa diganti ku ngaran Abdurojak, paméré Ajéngan. Harita pun aki badé lulus Sakola Désa (Volk School).
Kalangan pribumi ogé lain teu sadar kana hal ieu. Aya sababaraha nu ngadegkeun sakola, di antarana Radén Suwardi Suryaningrat atawa Ki Hajar Dewantara, ngadegkeun Sakola Taman Siswa. Atuh di urang kasohor Ndén Déwi Sartika anu ngadegkeun Sakola Kautamaan Istri. Séler Cina ngadegkeun sakola-sakola Tiong Hoa Hwee Koan. Urang lembur mah leuwih milih atikan dina jalur agama, sanajan aya ogé sabagian leutik anu asup Sakola Désa (Volks School) nepi ka sakola lanjutan (Vervlogs School). Barudak lembur diatik jalur agama ku cara ngaraji tuturutan alif-alifan di tajug-tajug atawa diajarna ku amil. Diteruskeun di pasantrén-pasantrén. Kaparigelan dina urusan tatanén dipiboga sacara otodidak. Kaparigelan béladiri dipiwanoh di paguron jawara lembur.
Kawaspadaan Walanda kana usaha pergerakan kamerdikaan Hindia Walanda dilakonan ku cara-cara kereng. Sanajan aturan sakola diluyukeun jeung kahayangna, bibit-bibit pergerakan ngonéal hudang di antara para lulusan sakola anu maké basa Walanda. Tokoh-tokoh éta di antara, Sukarno (ELS Surabaya jeung THS Bandung), Dr. Cipto Mangun Kusumo (STOVIA Batavia), Mohamad Hatta jeung KH Agus Salim (Recht School Leiden).
Pindah ka jaman penjajahan Jepang, sakabéh sakola atikan dikadalikeun ku Kokumin Gako. Lilana atikan direncanakeun 12 taun, ti mimiti atikan dasar nepi ka paguron luhur. Hanjakalna kabuktian Jepang ukur kawasa tilu satengah taun. Kaburu serah bongkokan ka pasukan Nagara-nagara Sekutu.
Jaman kamerdikaan nepi ka ayeuna, karasa pisan mangpaatna atikan jeung sakola téh. Mentri Pendidikan piligenti diistrénan. Rupa-rupa patéah dipetakeun. Ti mimiti patokan dasar éjahan jeung kurikulum, népi ka teknik diajar disodorkeun. Nu rada nyongcolang basa sasalad Covid 19 mahabu, dina tungtung taun 2020 nepi ka 2022. Kakara pisan tehnik atikan jarak jauh (daring) diterapkeun di sakola-sakola. Alesan utamana nya sangkan Virus Covid 19 teu nerekab, anu ancamanana tarohan nyawa. Teknolohi canggih hapé jeung gadget jadi dadasar pikeun diajar di imah, ku sabab sakola-sakola ditutup saheulaanan. Mugia ku jalan majuna dunya atikan, nagara urang beuki maju jeung nyongcolang. Cag.
Karawang, Tengah Romadhon 1445 H
Edisi majalah 2982
Leave a comment