Dina raraga mekarkeun dunya invéstasi di daérah, lian ti kudu tigin kana aturan, ogé kudu mampuh nyaah kana budaya lemah cai jeung jati diri masarakatna. Kituna téh, sangkan asupna invéstasi henteu ngarempak tata ruang, lingkungan alam jeung budaya masarakatna. Kitu di antara ketak jeung lalampahan Drs. Asep Budi Setiawan, M.Si. dina ngajalankeun tugasna minangka Kepala Dinas Penanaman Modal & Pelayanan Terpadu Satu Pintu (DPMPTSP) Kabupatén Kuningan.
Mekarna jaman, teu biasa dihalangan. Pangna kitu, keur ngarojong rupa-rupa pangwangunan, butuh tarékah nu luyu jeung parobahan jaman, nu di antara ngaliwatan dunya invéstasi atawan penanaman modal. Malahan, invéstasi keur ngarojong pangwangunan daérah mah, bakal butuh cara nu leuwih loba. Hartina, lian ti tigin kana aturan atawa régulasi, ogé sawadina dibarung ku kamampuh nebarkeun ajén budaya jeung jati diri masarakatna.
“Régulasi saleresna ngadeudeul pisan tumuwuhna invéstasi, malih mah, janten langkung gampil. Namung kitu, aya sabaraha hal nu kedah diperhatoskeun sareng teu kénging dirempak. Sapertos masalah tata ruang, lingkungan, LP2B atanapi LSD (Lahan Sawah yang Dikecualikan), sareng sajabina. Hartosna, palebah dieu mah, invéstor sareng pamaréntah daérah kedah pisan sapamadegan. Tah, ieu rupina pentingna ngiatan budaya sareng jati diri, supados, para invéstor ogé henteu ngarempak téa. Da geuning, kalah-kalan, pami dina Forum Penataan Ruang Daerah (FPRD) ogé, mun geus aya patula patalina sareng ‘lahan basah/hijau, harga mati, sesah pisan dionggét-onggétna,” ceuk Drs. Asep Budi Setiawan, M.Si., Kepala Dinas Penanaman Modal dan Pelayanan Terpadu Satu Pintu (DPMPTSP) Kabupatén Kuningan tandes.
DPMPTSP téh nyangking dua pancén, nyaéta penanaman modal jeung pelayanan terpadu satu pintu. Ari penanaman modal teu leupas tina tarékah sangkan iklim invéstasi di hiji daérah bisa tumuwuh kalayan subur, séhat, luyu jeung régulasi.
“Pelayanan terpadu satu pintu ogé sanés mung ijin. Di DPMPTSP Kuningan aya nu namina Mal Pelayanan Publik (MPP) Grha Linggarjati. Kitu deui aya lima welas tenant. Rupa-rupa pangbutuh masarakat, aya NIB, KTP, KK, BPJS Kesehatan sareng Ketenagakerjaan, STNK. Malihan unggal dinten Rebo tiasa ngalayanan nu badé ngadamel paspor,” ceuk ieu Kepala Dinas lulusan alumni Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran (Unpad) deui.
Meunang pancén Kepada DPMPTSP Kuningan kitu, atuh dina prakna ogé, teu weléh ngarojong jeung ngingetan para pagawé sangkan soméah, gancang jeung brukbrak. “Nu badé ngadamel Nomor Induk Berusaha (NIB) kanggo usaha ogé tiasa ku nyalira, da henteu matak ribet. Aya website husus, malihan ijin-ijin sanésna tos nganggo aplikasi. Sapertos di DPMPTSP Kuningan tos nerapkeun Online Single Submission (OSS), SiCantik, sareng SIMBG (kanggo Persetujuan Bangunan Gedung, kapungkur mah disebat Ijin Mendirikan Bangunan). Sadaya ijin haratis. Nu terahir dipupus retribusi ku Perda 1/2024 ngeunaan Pajak & Retribusi Daerah nyaéta trayek. Paling nu bayar ayeuna mah mung PBG, éta luyu sareng Peraturan Bupati nu mrosés dua perangkat daérah, nyaéta DPUTR sareng DPMPTSP,” pokna témbrés deui.
Kitu deui keur numuwuhkeun kapercayaan masarakat, dina prosés ijinna deuih gancang kacida. “Malihan pami persaratan lengkep mah, mung peryogi sabaraha menit, moal lami, da nganggo aplikasi téa,” pokna deui.
Mancén tugas keur mekarkeun invéstasi di Kabupatén Kuningan, ceuk ieu Magister lulusan Administrasi Negara (S2) Universitas 17 Agustus Cirebon, mémang teu biasa disaruakeun jeung daérah lianna. Lantaran, henteu kabéh invéstasi cocog di unggal daérah. Sapertina waé di Kuningan, jinek, pami aya nu ngadegkeun hiji usaha (pabrik), kudu nyoko kana ngaraksa jeung ngariksa lingkungan. Kituna téh sangkan, lingkungan sabudeureun tetep bisa kajaga. Jinekna, éta invéstor kudu mampuh ngajénan pasipatan masarakat Sunda Kabupatén Kuningan nu umumna ngutamakeun musawarah, silihélédan, soméah, sopan, peduli lingkungan jeung sajabana.
Nguatan Budaya jeung Jati Diri
Upama aya kekecapan dina paribasa ‘jati kasilih ku junti’, hartina, dina dunya invéstasi keur ngarojong rupa-rupa pangwangunan di daérah ogé, urang lemburna sorangan sawadina ulah katinggaleun, tapi kudu jadi palaku invéstasi. Tah ku cara kitu, sahenteuna bisa keur ngungkulan kahariwang jati kasilih ku junti éta.

Keur ngahontal harepan kitu, atuh keur Drs. Asep Budi Setiawan, M.Si. ogé lain ukur dina lambé wungkul, tapi dibuktikeun dina prakna. Sapertina waé teu weléh ngajak nyaah ka lemah cai dina sababaraha karya tulis, atawa dina sababaraha kagiatan budaya. Dina kagiatan budaya, témbong saperti kamari-kamari ieu, ieu Kepala Dinas DPMPTSP Kab. Kuningan di FH Universitas Kuningan nepikeun pamikiranana tumali jeung jati diri Kuningan ngaliwatan para tokoh jeung sababaraha kajadian. Lian ti ngajak sumanget, ogé nepikeun lalakonna milu ancrub dina nyucrukna. Saperti waktu nulis buku “Apa dan Siapa, Profil 9 Tokoh Kuningan”, nyebarkeun buku “Sejarah Kuningan” amanah Alm. Prof. Dr. H. Edi S. Ekadjati, nalungtik jeung Prof. Dr. Nina Herlina Lubis, M.S., nu ahirna medal buku ‘Kabupaten Kuningan dari Masa ke Masa’, jeung buku buku lianna.
“Kantos ogé taun 2008, kénging tugas ti bupati kedah nyarengan mahasiswa unggulan FIB UI nu nalungtik di Kuningan ngeunaan kaarifan lokal masarakat Kuningan minangka assét nasional. Sapertos goong rénténg, sapton, kaarifan leuit, ikan déwa, cingcowong, batik paseban nu ayeuna tos aya dalapan motif batik kamuning, mitos sumur tujuh, kawin cai, kepercayaan lokal masarakat Cigugur, tradisi ngondang ku udud di Desa Gunungkeling, balong Cibulan, tapé ketan, sareng kaarifaan lokal nu lianna,” ceuk ieu pangarang buku “Catatan Perjalanan Seorang Birokrat” téh.
Upama cara nguatan budaya jeung jati diri masarakat Sunda Kuningan modél kitu, mémang keur Asep deui, éta luyu jeung kereteg haté nu ti baheula mula hirupna geus ngakar dina budaya Sunda. Hartina, lain ukur karana tugas pamaréntah sacara formal wungkul, tapi geus ngahiji jeung jiwana diri kasundaanana. Mana, upama ngadatangan masarakat atawa tepung jeung calon invéstor nu rék muka usaha, sok teu weléh nepikeun ajén inajén budaya Sunda, saperti silih asah silih asih silih asuh, silih ajénan, silih mikahéman jeung sajabana.
“Jinekna, mekarkeun invéstasi ogé ulah hilap kana ajén inajén budayana,” ceuk Asep Budi Setiawan nu ogé perenah jadi juri Pasanggiri Mojang Jajaka Kuningan témbrés deui.
Birokrat nu Resep Nulis
Drs. Asep Budi Setiawan, M.Si.,teureuh Tasikmalaya, lahir ping 13 Méi 1966. Upama ayeuna suksés di pamaréntahan nyangking Kepala Dinas Penanaman Modal & Pelayanan Terpadu Satu Pintu (DPMPTSP) Kabupatén Kuningan, mémang luyu jeung perjoangan diajar ti waktu leutik kénéh. Atuh dibarung ku pangrojong doa sepuhna, préstasi Asep di sakola ogé kaitung nyongcolang. Saperti waktu di SD Negeri Cirapih, SMP Negeri Cibalong, jeung di SMA Negeri 2 Tasikmalaya.
Saperti rumaja harita, keur ngudag cita-citana, Asep ogé beuki gedé beuki lewih sumanget diajarna. Malah, tékadna hayang leuwih suksés di bangku kuliah. Mana, waktu milu daptar kuliah taun 1986 ngaliwatan jalur PMDK ka Jurusan Sastra Daerah, Fakultas Sastra, Universitas Padjadjaran Bandung (S1), nu karasa lungsur langsar baé. Atuh saterusna ogé bisa neruskeun deui ka S2 Magister Administrasi Negara di Universitas 17 Agustus Cirebon.
Réngsé bérés kuliah, saterusna diangkat PNS (1 Maret 1992) di Dinas Pariwisata Daerah Kabupaten Kuningan. Di éta kedinasan, Asep ogé sok milu siaran di RSPD Kuningan, jeung ngalamanan loba sababaraha pancén. Saperti jadi “penjaga gawang” protokol tilu bupati, ngurus masalah Perindustrian, Perdagangan, Koperasi, jeung Pariwisata bagéan Ekonomi Setda. “Harita, kantos uih deui ka Dinas Pariwisata & Kebudayaan, janten Kepala Bidang Pengembangan Ekonomi Pariwisata (PEP), Kepala Bidang Pengembangan Objek Wisata (POW), sareng Sekretaris Dinas Pariwisata & Kebudayaan Kabupaten Kuningan. Nembé ngawitan 15 Agustus 2011 dipercanten janten Kepala Bagian Humas Setda salami tujuh taun,” ceuk ieu carogé Ibu Susilawati téh.
Alpukah tigin jeung disiplin kana pancénna, karirna beuki nérékél. Ti mimiti Januari 2017 ditugaskeun ka Dinas Penanaman Modal & Pelayanan Terpadu Satu Pintu (DPMPTSP), terus jadi Sekretaris Bappeda, jeung mancén Kepala Bagian Prokompim. Tanggal 17 Désémber 2021 jadi menjadi Staf Ahli Bupati Kuningan Bidang Kemasyarakatan & Sumber Daya Manusia (SDM). Dua kali mancén Pelaksana Harian (Plh) Kepala Dinas Sosial. “Alhamdulillah lungsur langsar, dugi ka ngawitan ti 22 Séptémber 2023, dipercanten janten Kepala Dinas Penanaman Modal & Pelayanan Terpadu Satu Pintu (DPMPTSP) Kabupaten Kuningan,” pokna deui.
Jalan hirup jadi birokrat, keur Asep éstuning anugrah ti Gusti Alloh Nu Maha Suci. Da, dina keretegna, mimitina mah teu nyana. Lantaran keur leutik mah ukur hayang wungkul, da ari karesep nulis téa. “Kétang, éta mah rusiah Gusti. Da geuning tina resep nulis ogé tiasa aya jalan,” pokna deui.
Harita, karesepna kana nulis ti kelas tilu SMP kénéh. Biasa sok nyieun “surat-cinta” pesenan balad saangkatanana. Alpukahna ti harita, karesepna terus ngagedur, saperti nulis puisi, artikel/ésai, carita pondok, naskah drama, lirik lagu, jeung mangtaun-taun nulis keur biantara di pamaréntahan. Di antarana tulisanana aya dina basa Sunda atawa dina basa Indonesia, saperti di Buletin Lugu (SMA), Pikiran Rakyat, PR Edisi Ciamis, Suara Karya, Gadis, Manglé, Galura, Kudjang, Koridor, Tangara, Empati, Identitas, Fokus, Lensa, Idea, Radar Cirebon, Pikiran Rakyat Online, jeung média lianna.
Kitu deui, waktu mancén di bagéan Humas ogé, mimiti Séptémber 2011 sok nulis maneuh dina rubrik “Epilog” Majalah Purbawisesa, Bagian Humas Setda. Lian ti kitu, babarengan jeung sobat GSSTF medalkeun antologi puisi “Pesan Ombak Padjadjaran”, Pustaka Sastra, Jakarta, 1993; Antologi Puisi berjudul “Puisi Belum Rampung Kutulis Hari Ini” (2008), Cupumanik, Bandung; jeung Kumpulan Puisi, Cerpen, & Esai (minangka pinilih kadua) nu diterbiten ku Dinas Pariwisata & Kebudayaan Provinsi Jawa Barat gawé bareng Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (2010). Buku lianna, nyusun buku “Profil 9 Tokoh Kuningan” (2012) gawé bareng jeung Drs. H. Sudar Siandes, MM (Dosen Universitas Jayabaya, Jakarta), nulis buku “Inovasi Birokrasi, Biografi Prestasi Bupati Kuningan H. Aang Hamid Suganda, S.Sos” (2013), “Surat untuk Sahabat, Akhirnya Saya Terkunci. It’s Oke Not To Be Oke”, nu nyaritakeun pangalaman korban Covid-19.
Hobi nulis teu pegat. Atuh Asep ogé sok ngotrétkeun catetanana dina Facebook atawa Istagram nu kiwari geus ratusan judul. Malah saterusna mah éta catetan jadi buku nu judulna “Catatan Perjalanan Seorang Birokrat, Setiap Perjalanan Selalu Bermakna”. Kitu deui ka hareupna nyusul buku kadua “Kuliner Beu! Mencari Jejak Rasa”, buku katilu “De Meong: 4M+1B, Merawat Kucing dengan Cinta”, buku kaopat “Bicara Itu Hebat, Serial Public Speaking”, buku kalima “Saya, Syifa, dan Kopi”, jeung buku kagenepna nu judulna “Sajak dan Esai”.
Lian nulis, ieu Kepala DPMPTSP Kabupatén Kuningan ogé sering diangkir jadi narasumber dina sababaraha kagiatan siswa, mahasiswa, organisasi kamasarakatan, instansi pamaréntah di kementerian, jeung lembaga lianna. Dina widang lianna, sababaraha kali jadi juri Pasanggiri Mojang Jajaka Kuningan, pangurus kelompok diskusi Pengajian Malam Kamisan di Masjid Agung Syiarul Islam Kuningan, sarta Pengurus Paguyuban Pangarang Sastra Sunda (PPSS) Jawa Barat.
Najan loba saabreg kasibukan, tapi Asep Budi Setiawan ogé teu weléh nalingakeun lingkungana panganjrekanana. “Malihan, di lingkungan rorompok mah, kantos ogé janten Ketua RT salami opat taun,” ceuk ieu rama Dyah Rara Ayu Pandanwangi jeung Dyane Riri Arita Cindepuspita, nutup obrolanana.***
Edisi Majalah 2996
Leave a comment