Home Warta Tamu Dra. Hj. N. Sri Mulyati CTMR; Metode Mikat Rejeki Marekkeun Haté ka Ilahi
Tamu

Dra. Hj. N. Sri Mulyati CTMR; Metode Mikat Rejeki Marekkeun Haté ka Ilahi

Hirup mah darma wawayangan. Usik malik tos aya anu ngatur! Hartina, sagala rupa nu tumiba ka dirina, éstu kersaning Gusti Nu Mahasuci. Pangna kitu, hirup mah ulah ngangluh keur ripuh, ulah ngaraja keur bagja. Ngan kumaha carana? Dra. Hj. N. Sri Mulyati CTMR, Mubaligoh nu ogé Trainer Magnet Rezeki nepikeun kamandangna ka Manglé.

Share
Dra. Hj. N. Sri Mulyati CTMR, Mubaligoh Teureuh Sunda
Share

Kaum muslimin nu ngagem agama, dina mangsa global ayeuna, sawadina nempatkeun agama ulah dijadikeun bangbaluh. Lantaran, éta papagon bakal ngahampangkeun hirup nu tingtrim jeung betah tumaninah. Hartina deui, sangkan dina kahirupan henteu dikukuntit ku karisi jeung bangbaluh, mangka lampah jeung pola pikir sawadina terus ngait jeung ajaran agamana.

“Dina kaayaan jaman nu teras robih, kantenan kedah kiat mayunanana sareng kedah terang kumaha cara ngungkulanana. Sapertosna waé pami ditilik tina atikan, apan naon diajarkeun sepuh kapungkur ka urang, henteu sadaya tiasa ditépakeun deui ka murangkalih ayeuna. Kapungkur mah waktos di sakola, ka guru ogé asa inggis da bilih lepat nyarios. Kana papatah sepuh ogé, teu weléh nurut sami’na waato’na. Namung ayeuna mah bénten deui. Mangsa parobihan ayeuna mémang aya positifna, ogé aya négatifna.  Tah, palebah nu négatifna, tangtos kedah dipageran ku dasar atikan kulawarga nu weweg, kalebet ku atikan agama. Da, pami ditingal kamekaran atikan ayeuna mah, kantenan langkung saé sareng langkung palinter. Namung kitu, margi lawang atikan lianna nyaéta médsos nu sakitu mahabuna, janten atikan kulawarga sareng sakola téh kedah leres-leres. Kituna téh supados henteu nimbulkeun kontrovérsi, karisi, kamelang sareng bangbaluh kulawarga dina mayunan rupi-rupi pasualan,” ceuk Dra. Hj. N. Sri Mulyati CTMR mimiti muka obrolan waktu tepung bumina di Mekar Jati Kelurahan Pasirbiru, Cibiru, Kota Bandung.

Hontalan pendidikan deuih, di antarana sangkan mulya ahlakna luhur élmuna. Tah, atikan ahlak di kulawarga ogé bakal mangaruhan kana ketahanan kulawarga dina mayunan rupa-rupa kahirupan lianna. Hartina, saur Bunda N. Sri Mulyati, nu méntalna rapuh sareng pola pikirna pasalia sareng papagon agama mah, tangtu bakal mawa bangbaluh. “Anapon nu méntalna kiat sareng pengkuh kana agama mah, dina kaayaan kukumaha ogé, bakal tingtrim lantaran moal salah léngkah lantaran apal kana élmuna,” pokna deui.

Upama ieu Ustadah nu maneuh ceramah di Masjid Raya Al Jabbar boga panitén kitu, lantaran luyu jeung nu sering kabandunganana, ogé tina pangalaman nu dina hiji waktu mah perenah narima ujian mayunan bangbaluh. Hikmahna? Tangtu, ceuk Hj. N. Sri Mulyati ageung kacida. Sapertina waé, waktu mayunan putrana nu ngadak-ngagak gaduh pilihan nu henteu luyu jeung harepan kulawarga, ieu teureuh Kuningan ogé, teu ngabibisasi jadi nimbulkeun bangbaluh pikir. “Namung alhamdulillah, saparantosna seueur neneda ka Gusti sareng ngalarapkeun élmu papagon agama nu di antarana hikmah tina élmu magnét rezeki, angen-angen murangkalih robih, janten luyu sareng harepan kulawarga, ditampi PNS, ogé keyeng ngaréngsékeun S2,” ceuk ieu carogé Prof. Dr. H. Supiana, M.Ag. tandes.

Magnét Rezeki, Pangabutuh Ukhrowi

Magnét Rezeki kiwari geus kasohor, nu diantara keur nguatan élmu katingtriman dina ngungkulan bangbaluh hirup. Kajinekan kitu, luyu ogé jeung pandangan Dra. Hj. N. Sri Mulyati CTMR nu kiwari geus dipercaya jadi Trainer Magnet Rezeki.

“Saparantosna diteuleuman, saleresna élmu magnet rezeki téh langkung kana pangabutuh ukhrowi. Ngawitan neuleuman téh taun 2020 waktos pandemi, luyu sareng keyeng hoyong milari metode élmu nu tiasa ngarangkul kanggo mayunan rupa-rupa pasualan, boh nu patali sareng dunya atikan, boh keur ngungkulan bangbaluh karisi nu umumna sok nimpa di kulawarga. Saatos diamalkeun sareng diraoskeun, alhamdulillah seueur hikmahna. Haté jadi tingtrim, seueur jamaah nu henteu deui kana bangbaluh, harepan janten tiasa katedunan, ogé pasualan atikan janten luyu sareng harepan,” ceuk Pupuhu YPI Nurul Hoesna Cibiru Kota Bandung deui.

Ngalarapkeun papagon agama ogé kudu jeung élmuna. Tah dina élmu magnét rezeki ogé éstuning keur nyurahan haté jeung lampah sangkan dina mayunan bangbaluh ulah pasalia jeung papagon agama. Dina milari rejeki, dina ngungkulan pasualan, dina ngatik murangkalih, nurutkeun ieu Pembina Majlis Ta’lim Al-Ishlah, jinekna, ulah pegat jeung papagon agama.

“Élmu magnet rejeki mah da ukur metode nu dasarna ogé tina Al-Qur’an sareng hadits. Janten bakal sapagodos sareng kayakinan umat Islam nu tukuh kana ajaranana. Sapertosna waé aya 10 jurus nu diamalkeunana. Aya Prisai Rezeki, Law of Projection, Garis Kebenaran, Disiplin Kata, Quranic Vibration, Terumbu Karang, RFF, Paradox of Candy, Spiritual Meter sareng Bahagia Tanpa Syarat. Amalan sadayana teu aya nu leupas tina pangabutuh ukhrowi,” pokna deui.

Masih nurutkeun ieu Ustadah alumni Tarbiyah IAIN SGD Bandung, kahiji nu disebut ‘prisai rezeki’ téh, nyaéta ayana bangbaluh téh lantaran dosa urang. Lantaran kitu, sangkan jauh tina bangbaluh atawa rejekina malar lancar, mangka ulah nyieun dosa. Kadua, ‘Law of Projection’ nyaéta satiap pikiran bakal mangaruhan kahirupanana. Lantaran kitu, pikiran kudu hadé kudu positif sangkan ngabuahkeun nu hadé. Katilu ‘Garis Kebenaran’, nyaéta hirup ulah adigung. Upama mémang salah, jujur salah. Upama batur salah sing daék ngahampura, upama batur bener, kudu ngaku beneranana. Kaopat ‘Disiplin Kata’, nyaéta mampuh ngajaga lisan. Ceuk paribasa, nyaur kudu diukur nyabda kudu diungang. Kalima, ‘Quranic Vibration’. Margi umat Islam pituduhna Al-Qur’an, mangka dina ngungkulan bangbaluh hirup sawadina nyuhunkeun pitulung ka Alloh ngaliwatan Al-Qur’an. Kagenep, ‘Terumbu Karang’, nyaéta miara silaturahmi. Katujuh RFF (Release, Forget, Forgive) nyaéta upama saméméhna aya pangalaman nu matak kuciwa, mangka gancang brah manah leupaskeun masalah, pohokeun jeung hampura. Kadalapan ‘Paradox of Candy’ nyaéta numuwuhkeun kasadaran, yén dina ngahontal harepan bakal ngaliwatan ujian nu henteu dipiharepna. Nurutkeun hadits ogé, ‘Man yuridillahu bihi khoeron tushib minhu’, saha jalma nu miharep kahadéan ti Alloh, bakal narima ujian saméméhna. Kasalapan ‘Spiritual Meter’, jiwa spiritual keur nyurahan kahirupan nu leuwih mulya. Kasapuluh ‘Bahagia Tanpa Syarat’, nyaéta sagala nu tumiba salawasna ngarasa bagja jeung teu weléh sukuran ka Gusti Alloh.

“Ieu metodé, saleresna nu sawadina kedah jadi cepengan satiap muslim, boh dina ihtiarna, boh sukuranana atawa dina tawakkalna. Margi sagala rupa nu tumiba ka dirina, éstu sadayana kersaning Gusti Nu Mahasuci. Mana wedelkeun diri kana pangabutuh ukhrowi,” ceuk ieu Mubaligoh nu sering diangkir ka saban daérah, saperti ka Ciamis, Cirebon, Kuningan jeung sajabana.

Bekel Tawakal

Hj. N. Sri Mulyati téh lahir di Cirebon 20 Méi 1967. Upama ayeuna sering diangkir da’wah jeung trainer élmu Magnet Rezeki, singhoréng keur leutikna mah perenah ngalaman ujian hirup nu henteu luyu jeung harepan saperti kulawarga lianna, utamana saatos pun bapa ditakdirkeun Gusti kedah pipirakan sareng pun biangna. Atuh Sri nu harita gubrag ka alam dunya kakara umur salapan sasih, tos kedah misah jeung biangna (Ibu Siti Umirah). Da, Sri ngiring jeung aya dina asuhan ramana (bapa KH. R. Husna Munaim).

“Pami nyarioskeun mangsa alit mah, saleresna sedih pisan. Teu kituna kumaha, da saurna ti aalit ogé tos misah sareng pun biang. Teras apa nikah ka Ibu Ratu Keraton Cirebon, teras nikah deui ka urang Kuningan. Tah, margi abdi alit kénéh, janten nu émut di Kuningan waé kinten-kinten yuswa tos opat taunan. Pokona ngaraoskeun pisan dina asuhan pun bapa sareng sok dicacandak ameng ku raka Teh Euis nu ogé harita tacan ageung. Da, gaduh putra téh dua, nya duanana ngiring sareng Bapa nu nikah deui ka Ibu Iin Sukrini (ayeuna tos Hajjah) urang Kuningan,” ceuk Bunda Sri Mulyati nu waktu rumaja mah hoyong jadi akuntan atawa pagawé bank, nineung ka mangsa bihari.

Namung kitu, najan misah ti indung, tapi ibu kawalonna nyaaheun pisan. Malah, ramana ngarasa reueus, lantaran Sri dipikanyaah nepi ka bisa lungsur langsar diajarna kalawan pinter dina nyuprih élmuna, boh waktu di SDN Lengkong Kuningan, MTs. Sindangsari Kuningan atawa nepi ka bisa sakola di Madrasah Aliyah Negeri Darussalam Ciamis.

“Alhamdulillah, pun bapa teras nyumangetan, kalebet saatosna raka hiji-hijina (Teh Euis) ngantunkeun waktos rumaja. Utamana ku seueur diajar tawakkal kana takdir, janten ngajurung hoyong daria diajar. Nembé saatosna réngsé MAN Darussalam, teras lebet ditampi di Fakultas Tarbiyah IAIN SGD Bandung (UIN ayeuna mah). Di kampus ogé lungsur langsar, sanaos waktos seméster I taun 1985 tos jatukrami sareng Supiana, nu ayeuna alhamdulillah tos kasinugrahan Professor,” ceuk ieu ibu Lusi Luthfiati Isaosis, Alfan Najah, Ami Nurbaiti, sareng Ilman Najah téh. Gedéna kanyaah jeung kaméhan ti nu janten suamina, dibarung ku doa pangrojong sepuhna, Nok Sri Mulyati ogé ngararasakeun pisan katingtriman hirup, nepi ka ayeuna. “Alhamdulillah, pun lanceuk nu waktos ngawitan kenalan dina kandaraan umum muru ka Ciamis harita, teu nyana badé janten jodoh. Mémang pun lanceuk mah lantip, da widina ogé lian ti sababaraha kali ngayakinkeun ka sepuh, ogé nyuhunkeun widi heula ka ulama mashur pangasuh pasantrén Darussalam Ciamis Kiai Haji Irfan Hielmy. Alhamdulillah dugi ka ayeuna, ngaraoskeun katingtriman,” ceuk ieu Ustadah nu pernah ngawulang di MTs Assawiyah, nutup obrolanana.***(RH)

Mangle edisi 3015

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Tamu

KH. Rahmat Syafe’i; Puasa Miara Ucap jeung Paripolah

Kamulyaan Islam mah, teu weléh katara jeung karasa. Lantaran kitu, dina ngalakonan...

Tamu

Prof. Yeni Huriani; Budaya Rikrik Jalan Basajan Nyorang Kasalametan

Ngahangkeutkeun deui budaya rikrik gemi ti para pamingpin ieu bangsa, tangtu hadé...

Tamu

Yopi Firmansyah: Urut Tukang Ngamén nu Ngadegkeun Pasantrén

Nasib jalma taya nu nyangka. Kungsi jadi tukang dagang asong di tempat...

Tamu

KH. Jeje Zaenudin; Ukhuwah Islamiyah Sarana Katingtriman Bangsa

Ilaharna, dina kaayaan kahirupan nu keur dirungrum ku lobana kahariwang, sok teu...