Home Warta Tamu Dr. Tantan Hermansah; Milih Pamingpin nu Nyaah ka Daérah
Tamu

Dr. Tantan Hermansah; Milih Pamingpin nu Nyaah ka Daérah

Mekarna pangwangunan mah, bakal pakuat kaitna jeung leadership atawa pamingpin éta wilayah. Lir paribasa ‘lauk buruk ti huluna’, mangka Jabar ka hareup ogé mémang butuh pamingpin nu masagi.

Share
Share

Keur ngungkulan pangwangunan di Jawa Barat sangkan karasana walatra di saban daérah,  dina émprona loba pakuat pakaitna jeung leadership atawa kapamingpinanna. Lantaran kitu, ka hareupna, milih pipamingpineun dina Pilkada ogé, lian ti pribadina boga kultur daérah, ogé nu mampuh dina metakeun pangwangunan nu walatra. Kitu di antara jejer obrolan Manglé jeung Dr. Tantan Hermansah, S.Ag., M.Si., pakar sosiologi padésaan jeung kota wedalan Universitas Indonesia (UI).

***

Mekarna pangwangunan Provinsi Jawa Barat salila ieu, kukumaha ogé teu bisa dileupaskeun tina pangaruh nampeuna éta wilayah ka puseur dayeuh nagara DKI Jakarta. Da buktina, sababaraha wilayah Jawa Barat, saperti Bekasi, Depok, Bogor, Karawang, majuna pangwangunan téh leuwih gancang.

“Geopolitik puseur dayeuh DKI Jakarta, mémang mangaruhan pisan kana kaayaan pangwangunan Jawa Barat nu henteu walatra. Tingal wé, sabagéan kota atanapi kabupatén wilayah Jabar nu nampeu ka Batawi mah gancang pisan majuna. Bentén sareng wilayah sanésna nu tebih ti ibu kota. Ieu rupina nu janten garapan para pamingpin Jabar kapayunna,” ceuk Dr. Tantan Hermansah, M.Si. mimiti muka obrolanana jeung Manglé.

Upama ieu pakar sosiologi désa jeung kota teureuh Garut boga panitén kitu, lantaran kukumaha ogé mekarna pangwangunan mah, bakal pakuat kaitna jeung leadership atawa pamingpin éta wilayah. Lir paribasa ‘lauk buruk ti huluna’, mangka Jabar ka hareup ogé  mémang butuh pamingpin nu masagi, nu baris mampuh ngaronjatkeun harkat darajat rahayatna. Da, di mana-mana ogé pamingpin daérah sok jadi simbol nu ngawakilan pasipatan atawa ketak rahayat nu dipingpinna.

Masih dina paniténna, malah, upama ibu kota geus pindah ka IKN, bakal beuki penting kacida pamingpin Jabar nu bener-bener mampuh metakeun tarékah mandiri, utamana keur pangwangunan nu walatra téa.

“Janten, sesahna pangwangunan Jabar nu walatra, lian ti mémang pangaruh sababaraha wilayah nampeu ka ibukota, ogé pangalaman tumuwuhna para pamingpin Jabar salami ieu, seueurna tina kultur kota, sanés kultur désa atawa palemburan. Margi kitu, wajar pami paningalna ogé seret sareng heureut kana mekarkeun pangwangunan di désa atanapi sababaraha daérah di Jawa Barat. Kitu deui, gaulna éta pamingpin ogé lolobana ka pakotaan, lain loba ka padésaan. Mémang dina raraga nyukcruk élmu pangaweruh di kota mah teu masalah, tapi sanggeus luhung pangaweruh mah, kedahna mah tiasa mangaruhan kana filosofi berkeadilan sacara sosial,” ceuk ieu pangarang buku ‘Pemberdayaan Masyarakat Perspektif Kultural Konsep & Praktik‘ tandes.

Nu dimaksud filosofi adilna sacara sosial, ceuk Dr. Tantan nyaéta éta pamingpin henteu ngabéda-bédakeun wilayah atawa ngawilah-wilah udagan karaharjaan dina kota jeung di désa. Hartosna, éta pamingpin kudu mampuh berkorban keur kapentingan sadayana.

“Margi, pami kawijakan pangwangunan ku cara metakeun hubungan kota jeung désa masih kénéh saperti satelit jeung sentér, kantenan bakal sesah ngahontal pangwangunan nu walatra téa,” pokna deui.

Pentingna maju babarengan, loba mangpaatna. Nurutkeun ieu panitén masalah sosial nu sering diangkir jadi narasumber di média tv nasional, kituna téh keur ngungkulan urbanisasi ti désa ka kota. “Jinekna, sangkan di kota henteu seset, mangka raharjakeun atuh di désa, di daérah atawa di palemburan,” pokna deui témbrés.

Désana Maju, Rayatna Raharja

Galibna rék nyahareupan Pilkada, rayat di palemburan ogé sok milu suka bungah. Lantaran, sok loba harepan-harepan ti éta para calon pamingpin keur mekarkeun pangwangunan di lemburna. Ngan hanjakal, upama ngeunteung ka nu enggeus-enggeus, ceuk ieu alumni S1 Aqidah Filsafat UIN Syarif Hidayatullah, kalan-kalan naon nu jadi harepan téh, ahirna mah sok tara tinekanan. Mémang, di sawaréh daérah sok aya robahan, saperti jlug-jleg pangwangunan, jadi loba tempat paékonomian, datangna invéstor atawa lembur jadi loba villa. Tapi, deui-deui urang lembur mah lolobana ukur bisa nyaksian, da mangpaatna mah teu arapal duka keur saha. “Mémang sacara fisik mah, di lembur ogé beuki katingal majengna, saperti jlug-jlegna villa di saban tempat. Mung hanjakal, langki nu tiasa nyandak mangpaat kanggo karaharjaan rayat sabudeureunana. Tah, rupina palebah dieu ogé, urang désa atanapi pamaréntah daérah, kedah wantun ngiring ngabebenah, nu diantawisna, naon rupi invéstasi atanapi wangunan villa sareng sajabina, ulah ngarempak tata ruang sareng budaya masarakatna éta lembur,” ceuk ieu alumni jurusan Sosiologi Pedesaan S 2 IPB Bogor taun 2000-2003 téh.

Dina nyanghareupan Pilkada, nata kamekaran pangwangunan padésaan gé payus jadi parioritas program para calon pamingpin Jabar jeung pamingpin daérahna. “Hartosna, nataharkeun kompanye Pilgup ogé, tiasa neueulkeun téma désa soko guru pangwangunan. Ku cara kitu, lian ti rayat di desa beuki gedé harepan, ogé keur nguatan jangji éta calon pamingpin sangkan henteu ukur ngabibitaan wungkul,” pokna deuih.

Maheutkeun harepan babarengan antara rayat nu rék milihna jeung calon pamingpinna kaasup nu di kota atawa di padésaan di Jawa Barat, ceuk Dr. Tatan deui, sacara kultur, sabenerna kudu bisa leuwih bisa. Boh urang désa boh urang kota, ku ayana iketan budaya nu sami, éta mangaruhan kana gancangna ngahontal harepan. “Kantun para pamingpinna nu kedah tiasa samapadegan nanjeurkeun aturan-aturan kanggo mekarkeun pangwangunan di padésaan. Ayeuna, ku ayana invéstasi ka lembur, hartosna ékspansi modal geus nerekab ka désa. Margi kitu, urang désa ogé ulah ukur nongton wungkul, komo dugi ka éléh modal éléh pangabisa mah. Sabab, lamun diantep kitu, ahirna bakal keuna ku paribasa jati kasilih ku junti. Ieu ogé hanca garapan para calon pamingpin sangkan dunya invéstasi ka palemburan hususna, ulah dugi ka ngarempak tata ruang sareng budaya masarakatna. Margi di kota pangmajuna sadunya saperti di Dubai ogé, ketat pisan, teu tiasa sagawayah ngadegkeun pausahaan di wilayah nu mémang dilarang ku aturanana,” ceuk ieu pangarang buku ‘Memberdayakan Masyarakat Dengan Mengaplikasikan Pendekatan Transformasi-Komunitas-Institusionalisasi‘, tandes.

Alpukah Resep Maca

Dr. Tantan Hermansah, S.Ag,, M.Si. téh teureuh lembur Cidatar Kacamatan Cisurupan Kabuptén Garut Jawa Barat. Upama ayeuna kakoncara di puseur dayeuh Jakarta jeung jadi dosen di UIN Syarif Hidayatullah sarta panitén sosiologi kota jeung désa tingkat nasional, singhoréng keur leutikna mah teu ngimpi-ngimpi acan. Da, keur leutik mah, dina angen-angen Tantan mah cukup ukur hayang boga pangabisa jeung hayang bisa ngurilingan Indonesia. “Waktos alit ogé, cita-cita téh nu penting hoyong gaduh pangabisa baé. Kétang, hoyong bari dibayar!”, ceuk ieu carogé Reni Nur’aeni pokna téh. Tangtu nu dimaksud dibayar téh, luyu sareng hakna.

Mana, keur ngahontal cita-citana, ti leuleutik ogé Tantan mah béda jeung batur sapantaranana. Upamana waé, lamun indit ka sakola, nyimpang heula atawa ngutamakeun pisan kudu ka perpustakaan, da resep maca buku téa. Tah, alpukah tina resep maca buku, pangaweruh Tantan di sakola, saperti di SDN 2 Cidatar,  M.Ts. Darul Falah Cisero atawa di Madrasah Aliyah Mualimin Persis No. 73 Samarang, préstasi Tantan ogé nyongcolang kacida.

“Dugi kuliah ka S1 Aqidah Filsafat IAIN Syarif Hidayatullah ogé, tetep resep maos buku. Malihan harita mah, kuliah téh bari icalan buku. Hikmahna, tiasa seueur maos, da méméh kaical, sok maos rupa-rupa buku. Buku naon baé diaos, dugi ka masalah nuklir ogé harita tos terang,” ceuk ieu putra H. Ajat Sudrajat (Alm.) sareng Ibu Mimin Mintarsih (Almh.) bari nineung ka mangsa bihari.

Kuliah di Batawi, kawawuh ogé beuki nambahan, kaasup jeung para tokoh nasional, boh tokoh agama boh tokoh nasionalis. Hikmahna deui, Tatan ogé beuki sumanget jeung ludeung nyarita nepikeun bebeneran. Dina widang paélmuan deuih, Tantan ogé kasebutna sok bosenan pami neuleuman hiji widang élmu. Mana, waktu aya kasempetan kuliah S2 di IPB Bogor mah, milih jurusan ogé kana widang séjén, nyaéta sosiologi perdesaan. Saterusna deui, S3 di Universitas Indonesia (UI) kana sosiologi perkotaan.

Tina resep maca, Tantan ogé jadi resep nulis artikel atawa nulis buku. Malah geus mancén dosen di almamater S1 jeung nyangking Doktor mah, ieu pangurus pusat Persis (Persatuan Islam) ogé jadi loba diangkir narasumber di tingkat nasional, boh dina seminar-seminar atawa di televisi nasional.

Kiwari, najan saabreg kasibukanana di puseur dayeuh ibukota nagara, tapi dina lalampahan sapopoéna mah, teu leungiteun akar budayana. Sapertina waé dina sawala-sawala atawa kagiatan naon baé di Jakarta, angger Dr. Tantan nu kiwari nganjrek di Perum Vila Mutiara Bogor Blok B3 nomer 1-2 Mekar Wangi Kacamatan Tanah Sareal Kota Bogor téh,

teu bisa leupas tina kekecapan basa lembur purwadaksina Garut, basa Sunda téa. “Di mana-mana, badé présentasi, wawancara di TV, Radio, atanapi média-média, lisan téh teu tiasa leupas tina basa Sunda. Sanés kaceplosan, tapi da mémang seueur ogé istilah anu teu kawakilan ku basa séjén, mana ah… ku Sunda wé. Teu kénging isin ngucapkeunana!,” ceuk rama Rabindana Khatra Pramudita, M. Kandaga Javid Namaah, M Shen Dhiwa Arkana sareng Va Ais Sha Gizala, nutup obrolanana.***

Manglé édisi 2997

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Tamu

KH. Jeje Zaenudin; Ukhuwah Islamiyah Sarana Katingtriman Bangsa

Ilaharna, dina kaayaan kahirupan nu keur dirungrum ku lobana kahariwang, sok teu...

Tamu

Prof. Cecep Darmawan; Waktuna Jabar Némbongkeun Kakuatan di Tingkat Nasional

Larapna démokrasi saperti Pilkada Jabar 2024 ka tukang-tukang, lain semet milih pamingpin,...

Tamu

Wahyudin Iwang; Loba Invéstor Kotor Alatan Aturan Henteu Peurahan

‘Alam ngajaga urang, urang ngajaga alam’. Ieu kekecapan, negeskeun, yén dina ngurus...

Mo Sidik, Komika nu kasohor. (foto: istimewa)
Tamu

Mo Sidik: Di Tatar Sunda Humor Jadi Budaya

Urang Sunda mah resep heureuy. Tina ngabanyol téh sok tuluy jadi bukur...