Éndah jeung betahna alam tatar parahyangan Jawa Barat, geus kasohor ka mana-mana. Ngan hanjakal, dina mangsa kiwari mah, geuning sering ngabandungan nu matak ngerik jeung pikahariwangeun. Kituna téh, lantaran loba kaayaan nu geus salin rupa, sapertina waé leuweung jadi burakrakan kari ruruntuk, ditambih budaya paripolah manusa tanggohna lir nu beuki ngurangan.
“Nu hirup di alam kiwari tangtu béda jeung bihari. Da, ayeuna mah demi kapentingan rupa-rupa kahirupan, loba pihak nu talobéh ka lingkungan alam, nu balukarna jadi loba mamala. Sok padahal, alam téh ngajaga urang, hartina urang ogé kedah ngajaga alam. Ugeran budaya paripolah sapertos ieu saleresna nu kedah diteueulkeun téh,” ceuk Dr. Ir. Dicky Muslim, M.Sc. Pakar Teknik Geologi Universitas Padjadjaran, mimiti muka obrolan.
Nebarkeun budaya tanggoh dina miara alam, kaasup dina ngungkulan résiko bencana, masih ceuk Dr. Dicky, éta ogé geus dilarapkeun di nagara-nagara maju, sapertina waé di Jepang. “Di Jepang, najan élmu téhnologi soal kebencanaan leuwih canggih, tapi nebarkeun aspék budaya tanggoh ka rayatna mah, sarua pentingna. Aya aturan budaya paripolah nu wajib dilaksanakeun. Saperti tigin disiplin, nurut, kuru waspada caringcing pageuh kancing téa, jeung ajakan tina sisi budaya lianna,” ceuk ieu Kepala Unit Internasional Fakultas Teknik Geologi Unpad tandes deui.
Upama Dr. Dicky boga kamandang kitu lantaran luyu jeung panalungtikanana waktu ka Jepang anyar-anyar ieu. Jinekna, bulan Désémber 2023, nalungtik ka IRIDeS Tohoku University, Jepang ngeunaan budaya tanggoh urang Jepang dina ngungkulan résiko bencana. “Sapertosna waé, dina ngalarapkeun budaya tanggoh di Jepang, para pemangku kapentingan kebencanaanana atawa nu disebut pentahelix stakeholder, kacida disiplinna nalika datangna bencana (kaayaan darurat), ogé nalika kedah ngawangun deui (build back better recovery). Kitu deui masarakatna, sanaos tiasa disebat masarakat individualis, namung, margi biasa disiplin sareng nurut kana aturan, nya résiko bencana ogé tiasa kaungkulan,” pokna deui.
Upama dina ngungkulan résiko bencana, urang payus ngeunteung ka Jepang, lantaran ceuk ieu pengurus Masyarakat Pengurangan Bencana Indonesia (MPBI) mah, bisa adumanis dina nebarkeun poténsi budaya dina ngungkulana bencana. “Jepang sareng Indonesia, hususna Jawa Barat, apan kahirupanna teu leupas tina paktor budayana. Tah dina miara alam sareng ngungkulan résiko bencana ogé, upama di Jepang henteu méngpar tina budayana, atuh di urang ogé kedah sami, alias leres-leres mungsikeun ajén budayana. Atuh, ahamdulillah sabada nalungtik, aya pupurieunana. Da, dina waktos saterasna mah, pakar ti Jepang ogé peduli pisan kana kaayaan urang, nu dibuktoskeun ngayakeun workshop di Garut,” pokna deui témbrés.
Kumaha carana nebarkeun budaya tanggoh ngungkulan résiko bencana? Masih ceuk ieu Doktor lulusan Osaka City University Jepang, kahiji, dimimitian édukasi di kulawarga. Sepuhna, lian ti nyontoan ka murangkalihna, ogé gaduh data bencana jeung cara ngungkulanana. Kadua, masarakat di lingkungan RT/RW kudu biasa ngabahas lingkungan, miara alam jeung cara ngungkulanana. Bisa di tempat umum atawa di masjid-masjid. Katilu, pamaréntah. Lian ti sosialisasi aturan, ogé nyadiakeun sarana nu dibutuhkeun ku masarakat. “Di Jepang mah, mémang, aturan téh leres-leres peurahan. Atuh, najan puguh naon tugas pamaréntah jeung masarakatna, tapi angger katingal ngahijina téh. Lantaran jinek, tadi téa tujuanana hayang salamet babarengan,” pokna tandes deui.
Kaopat, para pangusaha. Jinek aturanana kapadulian ka lingkungan, bener-bener dilarapkeun. Kalima kampus jeung média, bener-bener babarengan nepikeun élmu jeung kaayaan nu bener. Kituna téh, sangkan teu salah cara, utamana dina ngungkulan résiko bencana.
“Upami ngeunteung ka nagara nu tingkat résikona langkung ageung sapertos di Jepang, Saleresna urang ogé tiasa, margi sami puguh kuat budayana. Paling, ayeuna mah, kantun kawani sareng ngalarapkeunana. Sapertosna waé, kawantun ngalarapkeun budaya aturan nu peurahan, nata ruang budayakeun brukbrak, rayat disiplin miceun runtah, budaya para pangusaha nu peduli jeung nyaahan. Ngalarapkeun budaya paripolah nu saé mémang teu gampil, namung dina miara alam sareng ngungkulan résiko bencana ogé, butuh budaya nu tanggoh. Margi, najan urang gaduh alat-alat canggih kanggo ngungkulan musibah, tapi ari rayatna henteu gaduh budaya tanggoh kana alam lingkungan mah, nya bakal sesah ogé,”
ceuk Dr. Dicky nu perenah mancen Kepala Pusat Penelitian Geologi Lingkungan, Teknik & Bencana Geologi UNPAD 2018-2020 témbrés deui.
Alam Jabar nu katelah subur ma’mur, mémang nyidem ogé poténsi bencana. Malah, ceuk ieu pakar Geologi Unpad, poténsi lini tetap panggedéna, disusul ku longsor jeung caah. “Namung kitu, ari musibah mah, apan aya nu can bisa dikira-kira, aya ogé sabagéan mah écés cukang lantaranana. Saperti keur mahing musibah caah, bisa ditarékahan ti anggalna. Margi kitu, nalika kedah disanggemkeun ka masarakat, saleresna sanés kanggo nyingsieunan, namung supados langkung ati-ati sareng édukasi supados gaduh budaya tanggoh ngungkulan bencana téa,” ceuk ieu panitén nu aktif di Indonesian Association of Geologists (IAGI) Jabar & Banten téh.

Nu ngaranan hirup, sasaha ogé butuh ku tingtrim jeung aman tina lingkungan alam. Ngan nyakitu, dina émprona mah, geuning loba kacida nu nabrak aturan. Mana, ngabandungan kawas kitu, ieu akademisi Unpad ogé, seseringna ngusap dada, lantaran antara aturan jeung larapna mah lolobana sering patojaiyah. Lain waé di para pangusaha, tapi ogé kaasup dina kawijakan pamaréntah nu patojaiyah jeung kawijakan lianna. Sapertina waé dina nata lingkungan wilayah, sawadina bisa ngalarapkeun budaya brukbrak ka publik. Kituna téh, ceuk Dr. Dicky, sangkan henteu ngaganggu kana kaayaan nu matak karuksakan alam.
Neuleuman Élmu, Nguatan Iman
Dicky Muslim téh teureuh Bogor Jawa Barat nu lahir tanggal 15 Désémber 1967. Ngan keur leutik kénéh gé ti Bogor geus pindah ka Cimahi peresihna nganjrek di Jalan Anggrek No 137 Prapatan Cihanjuang, Cimahi. Atuh, galibna keur budak Cep Eki (kitu landian Dr. Dicky keur leutik) biasa gaul ulin jeung batur sapantaranana, saperti langlayangan, sasapédahan, jalan-jalan jeung kaulinan séjénna. Ngan nyakitu, sepuhna Almh. Hj. Ida Badriah – Alm. H. Ali Ratman, tetep teu weléh nalingakeun, pangpangna kana ahlak jeung atikan. Pangna kitu, Cep Eki gé diasuh dilingkungan nu raket jeung agama. Sok komo, Dicky jadi putra cikal tina tujuh sadulur. Hartina, dina ngudag cita-citana, kudu jadi tuturus kulawarga. “Kulawarga mah nomer hiji. Margi kitu, ti aalit gé hoyong pisan janten insinyur, hoyong suksés,” ceuk Dicky nineung ka mangsa leutik.
Biasa diajar disiplin, sakola gé lungsur langsar. Ti mimiti sakola SDN IX Cimahi, SMPN Pasirkaliki Cimahi, nepi ka SMAN 2 Cimahi, préstasina ogé nyongcolang. Atuh lir paribasa, indung tunggul rahayu bapa catang darajat, keur Dicky ogé karasa pisan. “Kapungkur ogé, pun bapa ngatik téh disiplin, sareng tegas pisan. Atuh pun biang ogé teu weléh ngajar ngaji agama mapatahan sangkan jaga hirup bisa jeung huripna, nyatana naon waé diajar, kudu napak kana agama. Margi kitu, sok émut waé kana papatah sepuh. ‘hirup téh pinuh ku perjuangan, ku kituna tong poho kana solat jeung maca Qur’an’,” ceuk ieu rama Fauzan Noviandy Muslim, Ghazi Oktavidi Muslim, sareng Hikari Julio Muslim jinek.



Saréngséna SMA neruskeun kuliah, kalawan lungsur langsar ditarima di Geologi UNPAD. Lantaran préstasi, Dicky ogé beuki loba luang, kaasup meunang béasiswa, saperti ti pausahaan Minyak Mobil Oil. Geus lulus, teu burung deuih geus meunang tawaran jadi asisten lab. Tapi ahirna daftar dosén kalawan lulus nepi ka ayeuna ngabdi di almamaterna.
Dina neuleuman élmu, keur Dicky mah teu aya cukupna. Pangna kitu, sabada waktu neruskeun S2 jeung S3 ka Osaka City University Jepang ogé, tetep ngarasa kurang baé. “Mung kétang, nu penting mah, élmu sakumaha ogé, ahirna mah kedah janten kamaslahatan,” ceuk ieu Doktor nu kiwari nganjrek di Jalan Purba Endah IV No. 27 Sangkuriang Cimahi. Lantaran kitu, nepikeun élmu géologi nu patali jeung informasi bencana, beurat-beurat ogé, ceuk Dicky demi kamaslahatan, kudu dibéjakeun ka masarakat. “Saleresna abot pisan ngadugikeun informasi bencana ka masarakat téh, sok inggis janten nyingsieunan, namung tina pangalaman, informasi bencana téh mémang kedah dijéntrékeun supados sadayana tiasa taki-taki, ngirangan résiko sareng korban anu kinten-kinten tiasa disinglarkeun,” ceuk Dr. Dicky nu ogé sering nepikeun résiko bencana di pasantrénna Al-Kautsar Cipaku Warung Kondang Cianjur. Tékad kitu, lantaran diajar geologi mah, éstuning keur pangriksa diri, utamana dina nguatan iman jeung nurut kana ajaran agama. Hartina, beuki apal kana rupa-rupa alam jeung résikona, éta beuki nuduhkeun bukti kana kaagungan jeung mu’jizat Al-Qur’an.
Edisi majalah: 2970
Leave a comment