Home Warta Katumbiri Disdik Jabar Nandeskeun Sakola Dipahing Nahan Ijazah
Katumbiri

Disdik Jabar Nandeskeun Sakola Dipahing Nahan Ijazah

Share
Plh Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Dr. Deden Saepul Hidayat, M.Pd.
Share

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat ngadesek ka sakabéh sakola swasta jeung negeri satata SMA, SMK, SLB pikeun sagancangna ngabagikeun ijazah nu masih katahan di sakola séwang-séwang. Instruksi éta kaunggel dina Surat Edaran Dinas Pendidikan (Disdik) Provinsi Jawa Barat (Jabar) Nomor 3697/PK.03.04.04/SEKRE, tanggal 23 Januari 2025. Dipasrahkeun ijazah ka siswa nu tas lulus téh paling elat tanggal 3 Februari 2025.

Éta kawijakan dipairan ku rupaning kamandang. Aya nu ngabagéakeun, teu saeutik ogé nu asa ngabeungbeuratan. Da sakola téh masih miharep siswa nu tas lulus bisa mérésan tunggakan saacan nampa ijazah. Nilik kana hal éta, Plh Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Dr. Deden Saepul Hidayat, M.Pd., nandeskeun yén dumasar prinsip mah ijazah dipahing ditahan, luyu jeung Permendikbud Nomor 58 taun 2024.

“Éta téh paréntah Undang Undang nu dibéjérbéaskeun dina Permendikbud. Ngahaturkeun nuhun ka Pa Pj Gubernur (Bey Machmudin) sareng Gubernur Pinilih (Dedi Mulyadi), nu teras ngémbaran ka masarakat wiréhna ijazah teu tiasa ditahan di sakola,” ceuk Deden ka wawakil Forum Wartawan Pendidikan Jabar, di Kantor Disdik Jabar, Jalan dr. Radjiman No 6, Kota Bandung (31/1/2025).

Patali jeung pasualan nu disanghareupan ku sakola swasta, Deden ngémbohan, ijazah téh dijieun borah. Da iuran jadi puseur pangasilan. Upama teu lancar mah aya operasional nu kaganggu.

“Siswa ulah janten korban. Kedah aya komunikasi antawis sakola sareng orangtua siswa. Nanging pasualanana tas aya komitmen, mung sepuhna téh teu acan sanggem mayar. Jalaran kitu sakola nahan ijazah,” ceuk Deden tandes naker.

Patali jeung ditahanna ijazah ku sakola swasta, Disdik Jabar teu bisa nibanan sanksi. Disdik Jabar ngan peupeujeuh. Da Disdik Jabar tas ngayakeun rapat koordinasi jeung Badan Musyawarah Perguruan Swasta (BMPS) sarta Forum Komunikasi Kepala Sekolah Swasta (FKSS) pikeun medar hal éta, kalayan diluluguan ku Sekda Jabar Herman Suryatman.

“Baris aya MoU. Margi Gubernur Pinilih misaur, Pemerintah Jawa Barat téh maliré pisan, mung dina wangun nu kumaha, teu acan mendakan. Tiasa ku cara ngabantos masarakat nu gaduh sametan, nanging luyu sareng waragad nu aya. Éta pituduh ti Pa Sekda,” pokna.

Deden ngémbohan yén pihakna baris ngadata laju diverifikasi ku inspektorat keur diaudit. Satutas audit mucunghul bahan-bahan pedaran, ngabantu masarakat luyu jeung kamampuh fiskal Pemprov Jabar. Pikeun sakola negeri mah upama nahan ijazah lataran pasualan waragad, éta ngarempak palanggeran tur aya konsekuensi. Deden miharep ka hareupna taya deui kasus nahan ijazah, lantaran pangaruhna gedé.

“Nu ngalamar padamelan peryogi ijazah. Kana psikologis gé kirang saé. Saparantos diajar téh nu sanés mah nampi, ieu henteu. Angot sertifikat kompetensi gé ditahan. Iwal ti icalan, wiraswasta, teu janten pasualan,” pokna. Deden ngécéskeun yén Disdik Jabar terus ngadata jumlah ijazah nu masih katahan di sakola. Da kasangtukang ijazah can dicokotna teu ngan pasualan tunggakan. Aya hal-hal séjénna kalayan rupaning alesan.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Plt IKWI Resmi Ditunjuk Dina Perayaan HPN 2025 di Riau

PEKANBARU:  Ikatan Keluarga Wartawan Indonésia (IKWI) ngalaksanakeun silaturahmi nasional jeung konsolidasi nu...

Katumbiri

Puncak Dipiélingna HPN 2025 di Riau Menkomdigi: Waktuna Mentés Kawani, Integritas, jeung Sumanget Juang

Pekanbaru, 9 Fébruari 2025 – Puncak Dipiélingna Hari Pers Nasional (HPN) 2025...

Katumbiri

Ngararapih Réklame di Kota Bandung Butuh Perda Anyar

Kota Bandung – Ketua Pansus 3 DPRD Kota Bandung, Dr. Ir. H....

Katumbiri

Dibekelan Sertifikat BNSP Lulusan SMKN 5 Bandung Babari Digawé

Kota Bandung – Siswa tingkat ahir di sakabéh jurusan nu aya di...