Home Warta Katumbiri Dina Rapat Gabungan, EIGER Nandeskeun Komitmen Ngariksa Alam
Katumbiri

Dina Rapat Gabungan, EIGER Nandeskeun Komitmen Ngariksa Alam

Share
Share

Kota Bandung – Direktur EIGER Imanuel Wirajaya nyuluran CEO EIGER Ronny Lukito ngaapresiasi Gubernur Jawa Barat Dedi Mulyadi jeung Ketua DPRD Jabar Buky Wibawa Karya Guna nu ngagelar Rapat Gabungan kalayan medar pasualan dina ngokolakeun lingkungan, leuweung, jeung kebon di Jawa Barat. Rapat nu dihadiran ku pupuhu lembaga pamaréntah jeung swasta téh lumangsung di Rohang Rapat Bamus DPRD Jabar, jalan Diponegoro, Kota Bandung, Salasa, (15/4/2025).

Imanuel Wirajaya nétélakeun yén Eiger Adventure Land di Bogor jeung Eiger Camp di Kabupatén Bandung Barat téh tas nyubadanan izin sarta aturan. Nurutkeun Imanuel Wirajaya EIGER mah dina unggal tarékahna aya karep nebar mangpaat pikeun lingkungan jeung masarakat.

“EIGER percanten masarakat sareng pihak-pihak nu gaduh wewenang téh tiasa niténan naon nu saéstuna nuju lumangsung,” pokna.

Direktur EIGER Imanuel Wirajaya

Imanuel Wirajaya ngémbohan yén pihakna ngaregepkeun kana bongbolongan ti Gubernur Jawa Barat, DPRD Jawa Barat, sarta Kementerian. Ianyana jeung pausahaan miluhung hukum sarta mituhu kana instruksi.

“Dipiharep tiasa saénggalna silaturahmi sareng Gubernur Jawa Barat, Pa Dedi Mulyadi. Jalaran EIGER mah ngaapresiasi visi misi Gubernur Jabar patali sareng lingkungan,” cenah.

Imanuel Wirajaya nandeskeun yén EIGER téh mujuhkeun kana ekologi katut etnologi. Hal éta nu jadi titincakan EIGER dina ngariksa alam. Patali jeung tarékah ngabébérés lingkungan di Jawa Barat, inyana miharep sangkan dilarapkeun kalayan walatra.

Wakil Ketua DPRD Jabar Ono Surono nétélakeun yén dina rapat gé medar ngeunaan nyegel jeung ngakat wangunan di Kabupatén Bogor jeung Kabupatén Bandung Barat, DPRD Jabar ngarojong tarékah Gubernur Jawa Barat lebah mémérés wangunan nu kasebut alih fungsi lahan sangkan teh ngaganggu ékosistem.

“Ka payunna mah DPRD sareng Gubernur Jawa Barat gaduh rarancang nu mastikeun hal-hal nu aya patalina sareng tata ruang, kapastian hukum, kapastian usaha. Diinventarisasi wangunan-wangunan di Jawa Barat nu katitén tiasa ngareksak lingkungan, laju diprosés dumasar undang-undang,” ceuk Ono Surono tandes naker.

Ono ngajak partisipasi stakeholder sarta unsur masarakat dina ngararancang program. Utamana évaluasi sakabéh aturan daérah jeung aturan Gubernur patali jeung ngamangpaatkeun lahan.

Ketua Forum Penyelamat Hutan Jawa (FPHJ) Eka Santosa, nétélakeun yén izin EIGER di Bogor jeung Kabupatén Bandung Barat teh tas lengkep tur taya pasualan. Pangwangunan nu digarap ku EIGER téh luyu jeung aturan. Wangunan EIGER di Bogor jeung KBB téh maké konsép Ékowisata, aya hasil kajian pakar hidrologi, pangwangunan teu ngalantarankeun banjir, samalah EIGER melak 102.000 binih tangkal.

Nilik aspék sosial, EIGER nyadiaan lahan pakasaban sakurang-kurangna 300 urang warga sabudeureun. EIGER mantuan ngageulisan masjid, ngababenah 34 imah, ngawangun Taman Kanak-Kanak. EIGER gé mantuan PTPN mérésan pasualan lahan nu dikekewek mafia tanah. Aya 73 héktar lahan nu balik deui ka nagara.*** 

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Ngagelar Resital Nasional Angklung 2025, PPAI Mawa Tradisi Mapakan Jaman

Kota Bandung – Angklung téh kasenian tradisional Jawa Barat nu kasinugerahan Warisan...

Katumbiri

Ngagelar Wisuda Semester Genap 2024/2025, ISBI Bandung Tigin Ngawangun Generasi Motékar Tur Ngabudaya

Kota Bandung – Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung ngagelar prosési Sidang...

Katumbiri

Milangkala ka-28, SMPN 3 Darangdan Ngagelar Cerdas-Cermat Basa Sunda

Purwakarta-Dina raraga nguatan adeg-adeg basa Sunda di lingkungan barudak, SMPN 3 Darangdan...

Katumbiri

Ngadeukeutkeun Aksés Pendidikan ka Masarakat, Endut Miharep Aya SMA Negeri di Désa Mekarwangi

Kabupatén Bandung – Warga Désa Mekarwangi kudu nyorang lalampahan nu jauh sangkan...