Kota Bandung-Tina sakitu lobana féstival patali jeung film, tah Festival Film Pendek Islami mah munggaran digelar di Indonésia. Demi nu ngaluluguanana téh Digitech University kalayan rukun gawé Lembaga Amil Zakat (LAZ) Sobat Umat. Digelarna éta féstival téh pikeun nguatan kasadaran kana ajén inajén kaislaman, sarta ngarojong masarakat sangkan ngamangpaatkeun téhnologi digital dina mekarkeun ékonomi kréatif, hususna film.
Festival Film Pendek Islami (FFPI) 2025 dilaksanakeun di Ballroom Grand Asrillia Conventional Hotel, Kota Bandung (26/4/2025). Réktor Digitech University, Dr. Supriyadi S.E., M.Si., nétélakeun yén dina éta kagiatan téh ngaguar kamekaran film dina seminar internasional sarta Festival Film Pendek Islami nu jejerna zakat, infak, sodakoh. Nurutkeun Réktor, dunya film di jaman digitalisasi téh leuwih babari dina nepikeun bongbolongan ka masarakat.
“Kiwari masarakat langkung mikaresep hal-hal nu didugikeun ngalangkungan audiovisual kalebet film pendek. Éta tiasa janten sarana dina nebarkeun kasaéan,” ceuk Réktor dina wawancara ka média di lokasi acara.
Réktor ngémbohan yén seminar internasional nu lumangsung dina éta acara téh bagian tina kurikulum pikeun mahasiswa Digitech University. Mahasiswa bisa ngalap pangajaran di luar kampus.
“Alhamdulillah sumping narasumber ahli IA ti Swinburne University of Technology Australia, sarta ahli Filmmaker katut Cinematographer. Para narasumber ngadugikeun pedaran perkawis kamekaran téhnologi digital AI, naon dampakna kana ékonomi, utamina ékonomi kréatif,” ceuk Réktor tandes naker.

Réktor ngadorong mahasiswa pikeun ludeung mapakan kamajuan téhnologi sangkan bisa macakal ka hareupna. “Sakumaha nu didugikeun ku para narasumber yén lolongkrang dina film téh lega pisan. Sanaos bénten jurusan,” pokna.
Di Digitech University, tandes Réktor, aya jurusan Desain Komunikasi Visual (DKV), nu salah sahiji garapanana neuleuman film.
Pupuhu Panata Calagara FFPI 2025 Surahman Dwi Waluyo nétélakeun yén Festival Film Pendek Islami téh munggaran digelar di Indonesia. Patandang jul jol di kabéh Provinsi, aya 335 film pendek Islami nu tandang dina éta féstival.
“Féstival resmi nu munggaran di Indonésia. Alhamdulilah lumangsung lungsur-langsar, dibagéakeun ku masarakat Indonésia ti Acéh dugi ka wewengkon wétan Indonésia,” pokna.

Surahman ngécéskeun yén tujuan tina féstival film téh pikeun nguatan édukasi jeung literasi ngeunaan kaislaman. Pihakna aya karep FFPI téh bisa noron digelar saban taunna kalayan rupaning jejer.
“Mugia tiasa noron digelar saban taun. FFPI téh kagiatan kolaborasi sareng sababaraha lembaga yayasan sosial, salah sahijina Lembaga Amil Zakat (LAZ) Sobat Umat,” ceuk éta Direktur LAZ Sobat Umat.
Kalayan jejer zakat, infak, sodakoh, Suherman miharep film pendek karya masarakat téh bisa nguatan kasadaran umat Islam sangkan leuwih ngalobakeun amalna. Demi film piunggul nu kapilih dina FFPI 2025 téh judulna ‘Tak Ada Sedekah di Hari Ayah’.
Leave a comment