Kota Bandung – Siswa tingkat ahir di sakabéh jurusan nu aya di SMKN 5 Bandung téh miluan Uji Kompetensi Keahlian (UKK) di bulan Fébruari jeung April 2025. Siswa nu kasebut kompetén téh baris narima sértifikat ti Badan Nasional Sertifikasi Profesi (BNSP). Ku dibekelan sértifikat BNSP mah lulusan SMKN 5 Bandung babari digawé.
Manajer Sertifikasi Lembaga Sertifikasi Profesi (LSP) Fathnisa Ihsannurika Hasnah, S.Si., nétélakeun yén siswa nu UKK di bulan Fébruari 2025 téh nyaéta jurusan Kimia Analis (KA), Produksi Film (Profil), jeung Konstruksi Gedung dan Sanitasi Perawatan (KGSP), Demi nu UKK di bulan April 2025 mah siswa jurusan Teknik Geomatika (Geo), Desain Permodelan Informasi Bangunan (DPIB), jeung Teknik Komputer Jaringan (TKJ).
“TKJ sareng Kimia Analis mah ujianana masih kompeténsi kaahlian. Matéri di kelas 10 dugi ka 12. Nanging aya nu ujianana dumasar jabatan kerja: Geomatika, DPIB, Produksi film, KGSP. Siswa tiasa milih ujian jabatan kerja. Sapertos di Produksi Film, siswa tiasa milih naha ujianana téh di asistén kaméra, asistén editor. Kitu deui di DPIB, tiasa milih juru gambar geduog, juru gambar jalan jambatan,” ceuk Fathnisa basa diwawancara ku média di kampus SMKN 5 Bandung, Jl. Bojong Koneng No.37A, Sukapada, Kec. Cibeunying Kidul, Kota Bandung (11/2/2025).
Fathnisa ngémbohan yén SMKN 5 Bandung téh boga 20 assesor nu sumebar di sakabéh jurusan. Patali jeung LSP P1 aya SMK Jejaring, saperti salah sahiji SMK swasta di Karawang. Asesor SMKN 5 Bandung nguji di éta sakola. Pon kitu deui jeung siswa di luar gé bisa miluan di SMKN 5 Bandung salila jurusanana sarua.

SMKN 5 Bandung narima lisensi ti taun 2022 nu mimitina mah UKK keur K.A jeung TKJ. Nincak taun 2023, kabéh jurusan bisa ngagelar UKK. Ceuk éta asésor kimia analisis téh, saacan aya LSP mah siswa ngalaksanakeun Ujikom di industri tempat PKL. Ngan teu kabéh industri bisa ngalaksanakeun UKK.
“Ujikom téh penting pisan kanggo murangkalih ka payunna supados gampil kénging padamelan. Sateuacan SMKN 5 Bandung nampi lisénsi mah, kedah milari fasilitas LSP. Dina mendakan gé nu diujikeun téh rajeun bénten sareng nu diajarkeun di sakola,” ceuk Fathnisa tandes naker. Siswa nu milu UKK laju disebut kompetén téh narima sértifikat ti BNSP. Ngan teu sakabéh siswa nyangkring prédikat kompetén. Aya nu asupna can kompetén. Ngan teu matak kateug da sarat lulus mah semet ngalaksanakeun UKK leupas tina prédikat kompetén atawa acan. Da nu can kompetén gé narima sértifikat ti LSP nu ngaranna skill passport.***
Leave a comment