Home Warta Katumbiri Di Kota Bandung Masih Aya nu Nyapirakeun Peran Wanoja
Katumbiri

Di Kota Bandung Masih Aya nu Nyapirakeun Peran Wanoja

Share
foto: ilustrasi (net)
Share

Kota Bandung-Anggota Pansus (Panitia Khusus) 5 DPRD Kota Bandung Indri Rindani nétélakeun yén pihakna inisiatif nyieun Raperda ngeunaan Pemberdayaan dan Pelindungan Perempuan. Nurutkeun Indri éta Raperda téh penting pikeun sagancangna dilarapkeun di Kota Bandung. lantaran di Kota Kembang téh masih aya nu nyapirakeun peran wanoja.

Kanyataan marginal kaom wanoja batan lalaki téh di Kota Bandung téh masih katémbong di lahan pakasaban. Di pausahaan upama masih ngabédakeun gajih antara pagawé wanoja jeung lalaki. Gajih karyawan wanoja mah sahandapeun gajih pagawé lalaki.

“Aya deuih pausahaan nu ngawagel wanoja pikeun midamel sababaraha job desk. Diwatesanan sangkan wanoja téh teu tiasa nyicingan salah sahiji jabatan. Padahal wanoja gé tiasa ngadamelanana,” ceuk Indri.

Indri manghanjakalkeun kaayaan sarupaning kitu masih kajadian di Kota Bandung. Padahal di Malang jeung Surabaya mah wanoja téh tas boga panyalindungan tur dijurung motékar. Angot di Surabaya mah aya satuan tugas khusus nepi ka tingkat RT/RW keur ngurus wanoja.

“Bénten sareng di Kota Bandung. pasualan wanoja téh masih kedah diurus ku sawatara pihak, teu acan janten tanggung jawab sasarengan,” pokna.

Indri ngémbohan yén ngurus wanoja téh teu cukup ku hiji dinas. Kudu integrasi antara dinas-dinas lianna nu papada boga kapentingan. Dipiharep urusan wanoja téh jadi perhatian wali kota jeung bisa koordinasi jeung sawatara pihak dina ngokolakeun upaya nangtayungan tur ngajurung motékar kaom wanoja.

Pikeun kamajuan hiji peradaban jeung hiji wilayah, ceuk Indri, éta gumantung pisan ka kaom wanoja. Ku kituna penting sangkan wanoja téh bisa leuwih motékar. Da wanoja téh guru munggaran pikeun sakabéh manusa.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
KatumbiriWarta

Madrasah Qur’an Asyifa Mantuan Warga Sangkan Cinta Al Quran

Tong héran mun ngaliwat ka Komplék Bumi Langgeng Blok 26 No. 13...

Katumbiri

Ajengan ka Sakola, Ajén Kaislaman Nanjeur di SMAN 14 Bandung

Kota Bandung – Romadon téh mangsa neuleuman élmu agama Islam. Di SMAN...

Katumbiri

Ngamulyakeun Romadon di Darul Hikam

Bulan Romadon 1446 H, bulan anu mulya, bulan nu kacida dianti-antina keur...

KatumbiriWarta

Tempat Latihan Pingpong Standar Internasional Di Kabupatén Bogor

Kabupatén Bogor ngabogaan tempat latihan pingpong standar internasional nu ngaranna Donic Table Tennis...