Najan kasebutna rada hésé diatur, tapi Deishana Setyaningrum kaasup réa kabisa jeung calakan. Buktina diajar pingpong gé najan can lila geus téréh bisa. Komo kana ngojay mah nepi ka boga sértifikat sagala. Rupa rupa gaya dina ngojay ku Deishana Setyaningrum dikawasa.
Di bumina, Komplék Bumi Langgeng Kacamatan Cileunyi Kabupatén Bandung, ieu putra kadua Bapa Suyono jeung Ibu Deisyani téh sok ditelah Deis atawa Gadis.

Lahir di Bandung, 31 Désémber 2012, Deis kiwari keur namatkeun pelajaranana di SD Negeri Cijati 1 Désa Cileunyi Kulon, Kacamatan Cileunyi Kabupatén Bandung.
Di sakolana Deis kawilang aktip. Malah sababaraha waktu ka tukang nu pancegna ti tanggal 9 nepi ka 12 Désémber 2024, Deis milu dina Jambore Literasi nu diayakeun di Awana Resort Rancabali Kabupatén Bandung.
Karesepna lian ti olahraga jeung ulin nyaéta maca. Teu anéh mun Deis réngkingna tara ka luar ti 10 besar. Sedengkeun ieu mojang cilik nu jangkungna 150 cm téh horéng resep pisan kana warna héjo.

Ari cita cita?
“Hoyong janten dokter,” ceuk Deishana Setyaningrum bari seuri.
Mugia tinekanan, Néng Deis. ***
Manglé 3015
Leave a comment