
Imah nu mimitina tingtrim téh jadi kacirina geueuman saprak dicicingan ku pangeusi anyar. Keur saré gé sok rajeun kahudangkeun. Hawana nerekab. Padahal éta imah téh hareupeun més, jaba kapisahkeun ku jalan.
Leuwih ti sataun kuring nyicingan gedong heubeul nu dieusian ku sakumna karyawan luar kota. Dunungan téh bageur nyadiaan tempat najan mindeng ngaluarkeun duit keur ngoméan itu ieuna. Ma’lum gedong nu dijieun taun 70-an. Mémang di komplék téh gedong-gedong heubeul masih kajaga najan gonta-ganti pangeusina.
Hiji imah hareupeun més can lila ganti pangeusi. Baheulana dieusian ku kulawarga tantara, bapa-bapa nu soméah teu weléh imut unggal pasangrok. Ibu-ibu nu getol miara kekembangan, jeung budak leutik duaan nu rajeun sok ngahajakeun ulin ka més.
Kulawarga éta téh pindah ka Kota Kendari alatan tugas. Digantina ku laki rabi nu kacirina rada judes. Umurna mah disawang leuwih kolot ti kuring. Meureun nu lalaki mah 40 taunan, nu awéwé sigana tilu taun leuwih ngora ti salakina. Duanana gé henteu soméah. Mun dipiheulaan diseurian téh ukur dibales imut nu dipaksakeun. Ngan nu anéhna, éta laki rabi téh teu mawa budak.
Lantaran sikepna nu teu wawanohan, kuring jadi teu pati miroséa. Najan sok ngarasa waé hawana teu genah. Tapi dina hiji peuting mah timbul rasa karunya. Kadéngé sora raribut di jero imah cét bodas. Kuring, Kang Mulya, jeung Kang Soma tuturubun kaluar.
“Nyingkah! Nyingkah siah!” sora awéwé ngajerit.
“Saha sia? Naha ngaganggu waé?” témbal nu lalaki teu éléh tarikna.
“Kang, sieun…”
Untung pagerna teu dikonci. Sup wéh ka buruan. Jantung ngagedur tarik. Sieun nanaon. Ah, aya batur ieuh. Ngabirigid karasa aya hawa tiis nyelecep kana kulit. Gusti, mabek kieu bau bangké.
“Tuluung…” duanana ngagorowok. Plak-plak, sora lumpatna beuki ngadeukeutan.
Reg eureun. Laju mundur lalaunan.
Brak!
Panto dibuka ti jero. Duanana katémbong reuwas sabot pasangrok di luar jeung kuring tiluan. Ngaronghéap sakedapan mah. Laju nyalingker tukangeun awak Kang Soma nu gendut. Nyumput di tukang, panonna mencrong ka hareup. Kuring gé nurutan. Kila-kila bakal aya nu bijil di jero imah nu poék.
Jantung beuki ngagedur. Mencrong ka jero imah. Ngabalegbeg némbongan, ngadeukeutan, beuki témbong wujudna. Gusti! Awéwé beungeutna ruksak baloboran getih. Awakna nu kuru ngalayang ngadeukeutan.
“Nyingkah siah!” Kang Mulya maju dua langkah bari ngebatkeun leungeun katuhuna.
Manéhna nyikikik. Linu kadéngéna gé. Baju bodasna nu ngagapuy henteu napak najan manéhna ngalayang beuki ngaluhuran. Mumbul haseup bodas. Pes ngahiang. Pépérépétan, lampu harurung.
* * *
Peuting munggaran mondok di imah anyar téh kabeneran malem Juma’ah kaliwon. Rina lilir maksud deuk ka jamban. Imahna ublug-ablag, ti kamar ka jamban lumayan anggang. Wanoja pakulitan konéng konéas téh ngarasa keueung. Beuki ngompod sabot ngadéngé aya sora awéwé di jero jamban.
“Saha?” gerentes Rina. Curiga lantaran salakina keur tibra.
Nalika Rina deuk napelkeun ceulina kana panto jamban, rekét panto muka sorangan. Astagfirullah! Rina reuwas basa ningali dijero jamban aya awéwé buukna panjang ngarumbay nutupan tonggong. Rina sieun nataku basa éta awéwé téh némbongkeun beungeutna nu ruksak. Panonna molotot!
“Kang Fadli… tuluungg…” Rina lumpat ngabingbrit.
Awéwé nu di jamban téh nyikikik
“Kitu tah Kang dongéngna mah,” ceuk Fadli laju nyuruput kopi.
Éta nu kajadian peuting kamari. Antukna mah wanoh jeung tatangga anyar, ngaranna Rinda jeung Fadli. Peuting ayeuna mah kuring Kang Mulya, jeung Kang Soma nganjang ka imah tatangga. Miharep bisa panggih deui jeung si awéwé kajadén. Kawani gedé pisan pédah aya Kang Mulya. Lalaki tengah tuwuh alumni salah sahiji pasantrén sohor di Tasikmalaya. Panggetolna ibadah di antara karyawan. Bisaeun penca, hafal ubar herbal, jeung loba pangalaman di dunya goib.
Wanci ngagayuh ka tengah peuting. Dahareun nu disadiakeun ku tuan rumah téh beuki nyaatan. Kuring tiluan ngoréjat basa angin nu ngadalingding téh karasa béda. Teuteupan Kang Mulya ga rada béda.
“Sigana mah Si Manéhna bakal datang,”
“Abdi gé muriding” Rina ngusap pundukna.
Teu lila kadéngé sora awéwé nyikikik. Laju dituturkeun ku ceurik balilihan. Rina jeung Fadli nyalingker tukangeun Kang Mulya.
“Ulah sieun, pan urang téh keur ngadadoan manéhna datang!” Kang Mulya ngareugreugkeun. Najan tuan rumah beuki ngadégdéh. Tas kitu téh sora kadéngéna beuki harus.
Brak! Pinto muka. Angin ngagelebug nembragan awak. Mucunghul haseup nyarupaan halimun. Melenghir bau bangké. Tina halimun éta, awéwé nu beungeutna ruksak téh mucunghul. Ngalayang ngadeukeutan. Gusti, hayang teuing lumpat sakulampét. Ngan ieu suku téh hésé pisan diojahkeun. Enggeus teu bisa kukumaha. Éta awéwé téh nangtung hareupeun.
Kasaksian Kang Mulya gegerenyeman jeung pepeta. Bangun nu keur dialog jeung éta makhluk. Dialog sakerejep. Awéwé nu beungeutna pikasieuneun téh ngahiang dibarengan ku dalingding angin. Brak! Pinto nutup.
“Jajantung dulugdugdag,” ceuk Kang Soma. Ngalegik citéh na gelas nepi ka saat.
Kuring gé nurutan keur nyinglar kasieun.
“Kumaha, Kang?” tanya Fadli, ngawakilan kapanasaran.
Kang Mulya ngusap beungeut tilu kali, “Saleresna mah Si Manéhna téh tas lami marakayangan di dieu. Ngan kadieunakeun wé némbongan téh.”
“Naha tiasa kitu?”
“Sareng naha ka abdi sareng ka pun bojo?” Fadli nyambung kapanasaran pamajikanana.
“Satutas ngantunkeun téh, aya deui lalakon hirup. Ngan satutasna asup ka alam lain, aya énérgi nu dimangpaatkeun ku jin. Tah éta. Da éta wanoja téh asbab maotna téh disantét. Nyeri haté, ambek, hayang males pati, éta énérgi négatif. Énérgi beuki ngagedéan, pangpangna mah alatan Téh Rina.” Ceuk Kang Mulya. Panonna neuteup seukeut ka Rina nu ngeluk tungkul. Paromanana dilimpudan kasedih.
“Muhun, saleresna mah ngalih ka dieu téh supados pun lanceuk tebih ti Yunita si pelakor. Abdi dudukun, ngadelekaan ka awéwé ateul. Rasakeun wé kitu akibatna ngaganggung rumah tangga abdi!” nyaritana kateug ku rambisak. Ambekanana ngahégak, mencrong ka saakina. “Ngan naha Akang téh hayoh waé ngalongok. Abdi téh timburu, Kang. Tos teu katahan deui, nya atos wé pegatkeun, podaran tah si ublag téh!”
“Astagfirullah…” istigfar kedal sakur nu ngadéngékeun carita.
Téh Rina ceurik balilihan. Ceurik nu méh sarua jeung Si Manéhna. Ceurik nu nurihan haté téh malik jadi seuri nyikikik. Sora seuri Téh Rina, nyikikikna, méh sarua jeung cikikik awéwé nu tadi némbongan, nu beungeutna ruksak.***
Mangle No. 3007
Leave a comment