Home Warta Katumbiri Cyber Security SMKN 2 Bandung Dilélér Pangajén NASA
Katumbiri

Cyber Security SMKN 2 Bandung Dilélér Pangajén NASA

Share
Siswa SMKN 2 Bandung keur prakték ngihkir.
Share

Kota Bandung – SMKN 2 Bandung terus metakeun tarékahna sangkan para siswa motékar di jaman téhnologi digital. Nyadiaan ekstrakurikuler (ekskul) téh upaya pikeun siswa mekarkeun poténsi dirina. Tina 30 ekskul téh, aya Cyber Security. Rohangan lintas jurusan nu ngulik téhnologi informasi. Tas aya sababaraha siswa nu miluan Cyber Security nu narima pangajén, salah sahijina pangajén ti National Aeronautics and Space Administration (NASA).

Staf Wakil Kepala Bidang Kesiswaan SMKN 2 Kota Bandung, Indra Purnamadinata, S.Pd., nétélakeun yén pola atikan siswa téh dikuatan ajén spiritual jeung diasah kaparigelan. Sawatara program dina hal spiritual, ceuk Indra, nyaéta Rajaban, pasantrén kilat di bulan puasa, palaksanaan kurban Idul Adha.

“Perkawis nyeukeutan kompetensi mah diwadahan ku ekskul. Sapertos ekskul Cyber Security.  Aya siswa nu dileler sertifikat ti NASA. Siswa éta tiasa mendakan bug di website NASA,” ceuk Indra di rohangan kesiswaan (15/1/2025).

Indra ngémbohan yén siswa nu aktif di ekskul Cyber Security téh tas némbongkeun préstasi nu nyongcolang. Lian ti nampa pangajén NASA, écés Indra, siswa SMKN 2 Bandung gé narima 11 sertifikat ti 11 instansi di antarana DPR RI, KPK, Oxford University.

Préstasi nu tas kacangking téh, ceuk éta guru olahraga, hasil tina latihan intensif. Latihan lumangsung tilu kali saminggu. Para siswa dibagi kelompok keur ngaroris website nu bocor atawa aya bug. Kamahéran dina ngokolakeun website sangkan teu babari kaseureud hacker.

Demi siswa ti ekskul Cyber Security nu tas narima pangajén téh nyaéta Akbar Muhammad Zaqy (kelas X TJKT 1) jeung Bima (kelas X PPLG 1). Arinyana nampa total 11 sertifikat ti sababaraha instansi, di antarana NASA, Harvard University, Badan Siber Sandi Negara.

Wakil Kepala Sekolah bidang Kesiswaan, Agus Salim, S.Pd., nétélakeun yén tarékah ningkatkeun ajén pendidikan téh jadi prioritas di SMKN 2 Bandung. Dipiharep para siswa bisa nyuprih élmu, étika, moral. Diayakeunana ekskul Cyber Security téh bagian tina tarékah sangkan siswa boga kamampuh dina nyaring informasi hususna ti média sosial, bisa ngarti kana hal nu alus jeung kurang alus.

“Tangtangan di dunya atikan téh mingkin kompleks. Ku kituna wajib pisan motékar,” ceuk Agus tandes naker.

Agus ngémbohan yén ekskul Cyber Security téh cara motékar SMKN 2 Bandung dina mairan tangtangan jaman. Tangtu diayakeun éta ekskul téh butuh sumber daya. Pihak sakola satékah polah ngamaksimalkeun sumber-sumber dana nu aya, kaasup partisipasi ti Komite. Patali jeung sumebarna warta baris diaktifkeun deui SPP, Agus miharep nu medalkeun kaputusan téh masing bisa wijaksana, kumaha babandingan mangsa masih aya SPP jeung ukur cumantél kana BOS.

“SMK mah peryogi waragad nu ageung, utamina tina alat-alat prakték. Upami ayeuna urang nyarioskeun téhnologi digital, sageuy masih nganggo komputer kolot. Pon kitu deui sareng nu sanésna. Dunya industri ngabelesat, demi di sakola nu aya téh pakakas heubeul,” pungkas Agus.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Plt IKWI Resmi Ditunjuk Dina Perayaan HPN 2025 di Riau

PEKANBARU:  Ikatan Keluarga Wartawan Indonésia (IKWI) ngalaksanakeun silaturahmi nasional jeung konsolidasi nu...

Katumbiri

Puncak Dipiélingna HPN 2025 di Riau Menkomdigi: Waktuna Mentés Kawani, Integritas, jeung Sumanget Juang

Pekanbaru, 9 Fébruari 2025 – Puncak Dipiélingna Hari Pers Nasional (HPN) 2025...

Katumbiri

Ngararapih Réklame di Kota Bandung Butuh Perda Anyar

Kota Bandung – Ketua Pansus 3 DPRD Kota Bandung, Dr. Ir. H....

Katumbiri

Dibekelan Sertifikat BNSP Lulusan SMKN 5 Bandung Babari Digawé

Kota Bandung – Siswa tingkat ahir di sakabéh jurusan nu aya di...