Salahsahiji tempat wisata alam di Kabupatén Bandung tapi deukeut pisan ka puseur Dayeuh Bandung nyaéta Curug Batu Templék Cisanggarung. Siga kumaha éta patempatan? Manglé ngobrol jeung Téh Ike, salah saurang nu ngokolakeunana.
Henteu pati ramé basa Manglé lolongok ka Curug Batu Templék Cisanggarung, Rebo isuk-isuk 20 Nopémber 2024. Malah bisa disebutkeun tiiseun ku wisatawan. Hal kitu mungkin ku sabab harita lain poé libur.
Padahal basa aturan pamaréntah mimiti kendor jaman Covid-19 mah, Curug Batu Templék Cisanggarung jadi salah sahiji tempat wisata primadona, anu pada ngadatangan lain waé ku masarakat sabudeur éta tempat, tapi ogé ti jauhna.
Rék kitu pantes, sabab asupna ka éta tempat wisata téh ukur Rp. 10.000,-. Waragad parkir wé Rp. 5.000,- Taya nanaon deui nu kudu dibayar. Iwal mun hayang kémping éta mah béda deui. Malah disadiakeun ogé ténda séwaan nu rupa rupa ukuran. Tapi nu jelas Curug Batu Témplék Cisanggarung téh béda ti nu lain.
“Nya sapertos kieu lah. Saur nu sarumping mah batu-batu téh kawas anu ngahaja kénging nyusun dipapantes. Padahal éta téh saleresna balukar tina nambang batu anu éstu murni ngagunakeun alat-alat saayana,” ceuk Téh Ike, nu ngokolakeun éta tempat wisata bareng jeung dulur-dulurna.



Hal kitu denyakeun ku Kang Diki, salaki Téh Ike. Ceuk Diki, ti baheula gé jaman akina masih aya ari ngalaan batu téh henteu ngagunakeun ‘béko’ atawa dinamit. Tapi ngagunakeun alat saperti martil jeung nu lianna.
Kaunggulan lianna hususna keur warga Bandung jeung sabudeureunana, Curug Batu Témplék Cisanggarung anu perenahna di Kampung Cisanggarung, Kacamatan Cimenyan, Kabupatén Bandung téh gampang disorangna.
Moal matak bingung keur anu kakara. Upama ti terminal Cicaheum ngajugjug ka Cibiru, patokanna hareupeun Lembaga Pemasyarakatan Sukamiskin, méngkol ngénca ka Jalan Pasir Impun. Terus waé tuturkeun jalan gedé anu kurang leuwih 4 km Curug Batu Témplék anu persisna handapeun jalan téh bakal kasorang.
Lamun keur usum halodo, cai nu nyurug téh sok saat. Wisatawan bisa hanjat ka dinya popotrétan. Tapi dina usum hujan, caina gedé. Warnana konéng ku sabab cai anu nyurug téh sabagian mawa taneuh atawa leutak ti luhureunana.
“Tapi nuju ageung cai wisatawan seueur nu sumping. Margi tiasa popotrétan caket cai anu nyurug. Malihan sok bari ngagaya dina jambatan,” ceuk Téh Ike bari seuri.
Kudu Dibebenah
Tempatna mémang henteu pati lega. Kitu deui paragi ‘selfie’ gé henteu réa. Tapi keur ukuran tempat wisata anu harga karcisna ngan sakitu mah kacida wanina.
Pikeun anu ka dinya teu mawa bebekelan tong hariwang. Sabab aya sababaraha warung nu nyadiakeun rupa rupa dahareun jeung inumeun. Kaasup warungna Téh Ike anu teu weléh buka najan keur sepi anu daratang.
Lian ti paranti sukan-sukan, Curug Batu Témplék Cisanggarung ogé remen dipaké acara ‘pra wedding’. Kitu deui sok dipaké tempat latihan panjat tebing. Aya ku pihak kapolisian, tentara jeung anu lianna. Nu matak di Curug Batu Témplék Cisanggarung mah aya posna, nyaéta pakumpulan Vertical Resque.


Kitu deui ceuk Kang Diki mah sababaraha waktu ka tukang, Curug Batu Témplék Cisanggarung kungsi dipaké syuting ku jalma sohor. Diantarana Inka Cristie jeung artis lagu-lagu Sunda.
Nurutkeun Téh Ike jeung Kang Diki, nu kiwari sok daratang mah cenah komunitas tukang nyapédah jeung ibu-ibu nu sakalian popotrétan téh bari botram.
“Éta mah sok aya waé. Utamina dina dinten-dinten libur,” ceuk Téh Ike deui.
Sedengkeun ceuk Ibu Ade, salah saurang wisatawan nu kaparengan bisa diajak ngopbrol ku Manglé, dirina ngaku ngarasa sugema bisa ulin deui ka dinya. Tapi cenah ti basa baréto datang jeung kiwari téh, fasilitas di Curug Batu Témplék Cisanggarung can pati réa bédana.
“Rupina mah upami dibebenah deui sapertos upamina ditambihan tempat-tempat selfie kakiwarian, wisatawan tangtos bakal seueur nu sumping,” ceuk Bu Ade.
Hal kitu dienyakeun ku Téh Ike jeung Kang Diki. Tangtu cenah ka hareup mah bakal dibebenah deui. Da ari ayeuna ku beuki réana tempat wisata mah, henteu matak jadi masalah sarta teu sieun kasaingan.
“Margi sadayana gé aya kaunggulan sareng kahéngkéranana. Nu jelas Curug Batu Témplék Cisanggarung bénten ti nu sanes,” ceuk Téh Ike jeung Kang Diki nandeskeun.
Edisi majalah: 3006
Leave a comment