Palakiah

Ciri Sabumi

Dina basa Indung urang Sunda, loba pisan ungkara basa nu ngingetan panyaturna mala daék ‘miara’ jeung ngalap mangpaat tina kabogana.

Share
Mun kayang tangtu pareng
Mun kayang tangtu pareng
Share

Mun butuh supana kudu daék miara catangna! Kitu ceuk kekecapan karuhun Sunda mah. Éta kalimah téh lir nu ngingetan pentingna miara kaboga sorangan malar langgeng ayana, mayeng mangpaatna.

Kecap supa, ceuk Kamus SundaDigi, sarupaning  barang anu kaluar tina tatangkalan (paéh atawa hirup). Ari catang, ceuk éta kamus kénéh, kai nu geus ngagolér lantaran beunang nuar atawa runtuh.

Dina basa Indung urang Sunda, loba pisan ungkara basa nu ngingetan panyaturna mala daék ‘miara’ jeung ngalap mangpaat tina kabogana.

Sabalikna, teu cukup ku nyaho, da kudu katara jeung karasa mangpaatna (ku balaréa). Da, upama ukur nyaho bungkeuleukanana,  teu wanoh kana ajénna atawa teu bisa ngamangpaatkeunana, kasebutna gé kawas monyet ngagugulung kalapa. Atuh, upama ogé nyaho jeung bisa, tapi dirina teu bisa ngamangpaatkeun élmuna, disebutna gé élmu ajug!

Wanoh kana kaboga sorangan téh kacida pentingna, kaasup kana basa Sunda keur urang Sunda mah. Da éta pakakas komuniaksi téh ti antarana geusan nebarkeun pangaweruh demi ngalap mangpaat anu mayeng tur langgeng tina alam jeung lingkunganana.

Mémang aya ogé nu nganggap, basa Sunda mah, teu ‘ilmiah’. Ngan, teuing naon maksud si nu nyarita kitu mah. Da, ceuk Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI), ilmiah berarti bersifat ilmu, secara ilmu pengetahuan, atau memenuhi syarat (kaidah) ilmu pengetahuan. 

Bisa jadi inyana (nu nyebutkeun basa Sunda teu ilmiah) téh kaliru ngalarapkeun ilmiah jeung  istilah ilmiah, nu ceuk KBBI,  istilah ilmiah adalah kata-kata yang memenuhi kaidah ilmu pengetahuan dan digunakan dalam konteks ilmiah atau akademik. 

Ari istilah ilmiah, biasana,  tina basa Latin atau atawa basa asing séjénna. Éta kecap atawa frase  ngabogaan definisi anu husus. Kekecapan nu kawas kitu, ti antarana, dipaké keur nétélakeun  konsép, ide, atau objek sacara spesifik sarta ‘pas’ jeung nu dimaksudna.

Nilik ka dinya mah, panyatur basa naon waé ogé, teu perlu ‘jumawa’! Sabalikna ogé teu kudu ‘lingsem’ makéna. 

Upama umumna basa silih ‘béré’ kekecapan, tandaning umumna basa téh mikabutuh kekecapan tina basa séjén. Meureun kanyataan kitu téh kawas ceuk kekecapan, saluhureun langit aya langit. Atawa, upama maké ungkara basa Haji Hasan Mustopa (HHM) mah, “Sapanjang néangan kalér, kidul deui, kidul deui; sapanjang néangan kidul, kalér deui, kalér deui!

Nu tétéla, unggal sélér bangsa téh ngabogaan ciri has masing-masing, ciri sabumi cara sadésa téa. Kawas basa Sunda, lain ukur alat komunikasi jeung nu saentragan, tapi deui alat rekam pangaweruh manusa, alam, jeung lingkunganana nu bisa jadi pangaweruh keur generasi sapandeurieunana.

Guru Besar Fakultas MIPA Unpad Prof. Dr. Johan Iskandar, M.Sc., ngajelaskeun, alam méré rupa-rupa hal nu diperelukeun ku masarakat Sunda. Mimiti ti  oksigén, bahan pangan, nepi ka kabutuhan sapopoéna. Hal nu saperti kitu téh ngadorong  masarakat Sunda ngabogaan hubungan anu dalit  jeung alam sabudeureunana.

 “Hubungan urang  Sunda jeung  ékosistemna saterusna mah ngawangun informasi ekosistem, pangaweruh lokal, atau kaarifan lokal,” pokna basa jadi panyatur dina Keurseus Budaya Sunda anu digelar ku  Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda (PDPBS) Unpad sacara daring, Rebo (26/7/2023).

Budaya jeung basa lokal, ceuk Prof. Johan, diperelukeun dina miara kaanekaragaman) hayati lokal. Upama hayang miara biodiversitas, kudu ngainisiasi méré panyalindungan budaya jeung basana. Upama basana luntur, budayana kagerus, urang gé bakal kacida susahna mertahankeun lingkungan téa. 

Kaboga nu teu kapiara, antukna mah, musnah. Balukarna, kawas ceuk papatah urang Indian (suku Asli di Amerika Serikat): “Upama tangkal nu ngan hiji-hijina geus dituar; upama lauk nu pamungkas geus diala; upama walungan nu ngan kari éta-étana geus diracun, mangka bakal karasa duit téh teu bisa dituang. (*)

Edisi majalah: 3005

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
ilustrasi kabiasaan
Palakiah

Kabiasaan

Ngaranna gé biasa, teu sing anéh. Apan, nu biasa mah, tara ngondang...

Ilustrasi panyaringan
Palakiah

Panyaringan

Najan teu salilana dipaké, dina sawatara hal mah saringan atawa panyaringan téh...