Home Gaya Hirup Pepetétan Bentang Sulintang Chelsea Malik Alfarano Juara 1 Lomba Foto Bayi
Bentang Sulintang

Chelsea Malik Alfarano Juara 1 Lomba Foto Bayi

Share
Share

Ari geus kuduna mah boga préstasi, henteu kudu ngadagoan gedé heula. Najan umurna masih di handap lima taun gé bisa. Contona Chelsea Malik Alfarano anu dina umur tilu taun geus jeneng Juara 1 Lomba Foto Katagori Bayi basa umurna lima bulan gé acan. Nyaéta dina raraga milangkala Outlet Danis Baby Kid nu diayakeun dina instagram.

Kitu deui kungsi Juara 2 Lomba Foto Bayi & Balita Happy di Mall Asia Plaza Kota Tasikmalaya.

Chelsea Malik Alfarano anu sapopoéna sok ditelah Baby Chelsea téh putra katilu Bapa Marta Rano sareng  Ibu Hesti Ochtaviani. Bumina di Perum Andalusia Blok Granada, Mangkubumi Kota Tasikmalaya.

Chelsea nu lahir di Banjar 28 Séptémber 2021 téh di bumina resep pisan kana nyanyi. Kitu deui boga sifat wanter henteu éraan, aktip sarta sok hayang apal waé kana hal-hal anu anyar.

Cover Mangle Alit 3013

Najan kasebutna mojang cilik pisan, anu jangkungna saméter ogé masih kurang saeutik, tapi Chelsea Malik Alfarano geus boga warna karesepna. Nyaéta warna pink atawa kayas.

Ari cita-cita? Naha badé siga rama anu janten wirausahawan, atanapi siga eyangna nu janten polisi?

Hoyong janten dokter atanapi polisi cenah ceuk ibu ramana mah. Mugia tinekanan. ***

Mangle 3013

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Bentang Sulintang

Deishana Setyaningrum Resep Olahraga nu Hayang Jadi Dokter

Najan kasebutna rada hésé diatur, tapi Deishana Setyaningrum kaasup réa kabisa jeung...

Bentang Sulintang

Lubna Putri Firdaus Hoyong Jadi TNI Angkatan Darat

Saha nu nyangka lamun Lubna Putri Firdaus téh cita-citana hayang jadi tentara....

Bentang Latihsa
Bentang Sulintang

Latisha Nayyara Purnama Hayang Jadi Modél Profésional

Boga modal jangkung 166 cm jeung rupa geulis, Latisha Nayyara Purnama terus...

Bentang Sulintang

Inara Izzatul Karomah Juara Modél nu Hayang Jadi Guru

Najan kakara kelas 2, Inara Izzatul Karomah nu sakolana di SDN 247...