Home Warta Katumbiri Cagar Budaya di Kota Bandung Baris Jadi Destinasi Pariwisata
Katumbiri

Cagar Budaya di Kota Bandung Baris Jadi Destinasi Pariwisata

Share
Gedong Merdéka, wangunan cagar budaya di Kota Bandung.
Share

DPRD Kota Bandung ngadorong sangkan cagar budaya jadi salah satu déstinasi Pariwisata di Kota Bandung. Aturan ngeunaan hal éta dibahas ku Pansus 4 DPRD Kota Bandung mangrupa Rancangan Peraturan Daerah (Raperda) ngeunaan Pengelolaan Cagar Budaya.

Anggota Pansus 4 DPRD Kota Bandung Susanto Triyogo Adiputro S.ST. M.T., nétélakeun yén nu dipedar téh dua raperda, nyéta Raperda ngeunaan Perubahan Kedua Atas Peraturan Daerah (Perda) Nomer 8 Taun 2016 tentang Pembentukan dan Susunan Perangkat Daerah serta Raperda tentang Pengelolaan Cagar Budaya. Susanto nandeskeun yén dina raraga ngadorong sangkan cagar budaya jadi déstinasi wisata téh kudu dirojong ku infrastruktur. Lian ti éta kudu aya kawijakan sistim ngokolakeun nu ngahiji antara SKPD (Satuan Kerja Perangkat Daerah) jeung stakeholder lianna.

“Ieu téh masih prosés (bahasan Perda). Mugia baé prosés ieu dina raraga majukeun Kota Bandung ku rupaning sajarah, budaya, sareng kasang tukang lianna nu ahéng. Janten titinggal sajarah téh tiasa dipiara tur dipulasara,” ceuk Susanto tandes naker.

Dina gurat badagna mah, émboh Susanto, aya 5 hal nu dibahas dina Perda, nyaéta nu patalina jeung nyalametkeun, ngamankeun, sistim zonasi, miara, jeung mulasara. Lima hal éta raket patalina jeung ngamumulé jeung panyalindungan cagar budaya.

Anggota Pansus 4 DPRD Kota Bandung Susanto Triyogo Adiputro S.ST. M.T.

Nurutkeun  Anggota Pansus 4 DPRD Kota Badung, dina sistim zonasi gé dibagi-bagi, aya nu disebut zonasi inti, zonasi pananggeuy, jeung zonasi mekarkeun.Sistem zonasi ieu, baris jadi dasar masrahkeun inséntif jeung kompensasi keur nu boga cagar budaya. Dina Perda téh baris kaunggel bab husus patali jeung insentif sarta komopensasi.

“Inséntif nu dipasihkeun téh misalna fasilitas pajeg, dikirangan PBB (Pajak Bumi dan Bangunan), pajeg pangasilan. Teras inséntif advokasi, sarta bantosan anu kalebetna non matéri spertos layang pangajén,” pokna. Susanto ngécéskeun yén Pansus 4 gé keur neuleuman unggal bab, pasal per pasal. Sakurang-kurangna aya 170 pasal. Dina danget ayeuna Pansus 4 keur inventarisasi pasualan patali jeung cagar budaya.Dipiharep Perda éta bisa ngawadahan sakabéh stakeholder. Perda éta ngarojong Kota Bandung salaku kota jasa, dagang, jeung wisata.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Plt IKWI Resmi Ditunjuk Dina Perayaan HPN 2025 di Riau

PEKANBARU:  Ikatan Keluarga Wartawan Indonésia (IKWI) ngalaksanakeun silaturahmi nasional jeung konsolidasi nu...

Katumbiri

Puncak Dipiélingna HPN 2025 di Riau Menkomdigi: Waktuna Mentés Kawani, Integritas, jeung Sumanget Juang

Pekanbaru, 9 Fébruari 2025 – Puncak Dipiélingna Hari Pers Nasional (HPN) 2025...

Katumbiri

Ngararapih Réklame di Kota Bandung Butuh Perda Anyar

Kota Bandung – Ketua Pansus 3 DPRD Kota Bandung, Dr. Ir. H....

Katumbiri

Dibekelan Sertifikat BNSP Lulusan SMKN 5 Bandung Babari Digawé

Kota Bandung – Siswa tingkat ahir di sakabéh jurusan nu aya di...