Home Warta Katumbiri Butuh Pelatihan Sangkan Wanoja Nyantika
Katumbiri

Butuh Pelatihan Sangkan Wanoja Nyantika

Share
Ilustrasi. (foto: net)
Share

Kota Bandung-Dina raraga ngipuk rasa percaya diri wanoja di Kota Bandung, Pemerintah Kota (Pemkot) Bandung butuh tarékah ngaliwatan pelatihan-pelatihan nu ningkatkeun kamahéran. Wanoja nu mibanda kamahéran mah leuwih percaya diri dina ngalakonan kahirupan.

Hal éta ditepikeun ku Anggota Panitia Khusus (Pansus) 5 Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Kota Bandung, Rieke Suryaningsih, SH, di Bandung (10/2/2025). Nurutkeun Rieke salah sahiji pelatihan téh nyaéta nu bisa ningkatkeun kamampuh ékonomi kulawarga. Wanoja nu ajeg dina kamandirian ékonomi mah leuwih percaya diri dina némbongkeun kamampuhna.

“Wanoja nu saé dina ékonomina, tangtos langkung percaya diri dina pulitik. Diparengkeun wanoja di Kota Bandung mah pangaweruhna lega tur jero nu tangtos tiasa ngabéla diri. Upami kajantenan KDRT téh ludeung lapor ka aparat,” ceuk Rieke Suryaningsih tandes naker.

Rieke Suryaningsih nandeskeun yén pihakna inisiatif ngeureuyeuh Rancangan Peraturan Daerah (Raperda) ngeunaan Pemberdayaan dan Pelindungan Perempuan, nepi ka Pansus 5 DPRD Kota Bandung téh bisa medar éta Raperda. Rieke nandeskeun yén Raperda éta kudu sagancangna dilarapkeun di Kota Bandung, sangkan satata hak wanoja jeung lalaki di Kota Bandung. upama wanoja boga kamampuh nu sarua atawa leuwih di hiji widang, tas waktuna midang.

Patali jeung wanoja lansia di Kota Bandung, ceuk Rieke, kungsi aya widang di Dinas Pemberdayaan Perempuan, Perlindungan Anak dan Pemberdayaan Masyarakat (DP3APM) Kota Bandung, nu sababaraha taun ka tukang téh dieuweuhkeun. Rieke miharep ka hareupna diayakeun deui éta widang keur ngaraharjakeun para Lansia.

Ceuk éta Wakil Ketua DPRD Kota Bandung téh, Pemkot Bandung tas metakeun tarékahna dina ningkatkeun panyalindungan ka wanoja. Hal éta perlu dirojong ku partisipasi masarakat. Bakal katitén upama aya wanoja nu ngalaman KDRT téh, aya masarakat nu miduli nepi ka wani ngalaporkeun.

“Dipiharep Raperda ieu téh tiasa réngsé. Janten di Kota Bandung mah panyalindungan ka wanoja téh tiasa langkung saé deui. Pon kitu deui lebah satata antawis wanoja sareng pameget, utamina dina widang padamelan,” pokna.

Rieke ngémbohan yén pasualan nu disanghareupan ku wanoja téh can dibérésan sacara optimal. Teu cukup ukur jadi tanggung jawab hiji dinas, tapi integrasi antara dinas-dinas lianna nu kumait. Dipihare pasualan wanoja téh jadi perhatian wali kota jeung bisa koordinasi antara sawatara pihak sangkan wanoja di Kota Bandung téh boga panyalindungan tur aya rohangan keur motékar.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
KatumbiriWarta

Madrasah Qur’an Asyifa Mantuan Warga Sangkan Cinta Al Quran

Tong héran mun ngaliwat ka Komplék Bumi Langgeng Blok 26 No. 13...

Katumbiri

Ajengan ka Sakola, Ajén Kaislaman Nanjeur di SMAN 14 Bandung

Kota Bandung – Romadon téh mangsa neuleuman élmu agama Islam. Di SMAN...

Katumbiri

Ngamulyakeun Romadon di Darul Hikam

Bulan Romadon 1446 H, bulan anu mulya, bulan nu kacida dianti-antina keur...

KatumbiriWarta

Tempat Latihan Pingpong Standar Internasional Di Kabupatén Bogor

Kabupatén Bogor ngabogaan tempat latihan pingpong standar internasional nu ngaranna Donic Table Tennis...