

Tina lobana carita ngeunaan Waduk Jatigedé, réa anu pikabungaheun. Salahsahijina Kampung Buricak Burinong. Tempat wisata nu lain waé matak reueus keur warga Sumedang, tapi ogé masarakat Jawa Barat. Siga kumaha? ***
Sumedang terus bebenah, utamana dina nyiapkeun tempat pariwisatana. Komo di wewengkon Waduk Jatigedé nu ngabawah ka sababaraha kacamatan mah jlug jleg pisan. Dina waduk kadua panglegana sa-Indonésia téh kiwari aya Wisata Tanjung Duriat, Tegal Jarong, Puncak Damar, Panénjoan, Pasir Cinta jeung nu lianna.
Minangka nu panganyarna nyaéta Kampung Wisata Buricak Burinong anu perenahna di Dusun Cisema, Désa Pakualam, Kacamatan Darmaraja Kabupatén Sumedang. Diresmikeun ku Gubernur Jawa Barat Mochamad Ridwan Kamil jeung Bupati Sumedang Dony Ahmad Munir, Salasa (26/4/2022).
Buricak Burinong nu baheula mah ampir kabéh wangunanana dipulas ku warna nu rupa-rupa, kiwari mah warna warna nu moronyoy jadi ciri has Buricak Burinong téh geus teu kaciri. Sabab cétna geus béak ku hujan jeung panas.
Saperti umumna tempat wisata di sabudeur Jatigedé tangtu ngajagokeun wisata cai, Buricak Burinong gé kitu. Wisatawan biasana hayang santéy, murak bebekelan bari nyawang kaéndahan waduk .
“Mun teu kitu, jelas pastina gé bari popotoan,” ceuk salah saurang nu ngajaga di basisir Jatigedé.
Lamun hayang jajan di Buricak Burinong mah teu hésé. Warung warung ngajajar bari hahargaanana gé henteu mahal.
Komo kiwari mah sanggeus diresmikeun Arpil 2022 ku Gubernur Jawa Barat jeung Bupati Sumedang, di Buricak Burinong dilengkepan ogé ku séntra kulinér, forest walk jeung aréna kreative UMKM.
Nurutkeun Téh Oyok, nu boga Warung Liwet Téh Oyok, asup ka Buricak Burinong mah henteu mayar. Nu kudu mayar téh ka Forest Walk nyaéta 5 rébu. Bari éta téh geus sapakét jeung ka Pasir Cinta tempat ‘take off’ olahraga paralayang.

“Mayar parkir gé henteu dipatok,” ceuk Téh Oyok.
Nu jadi pangjugjugan utama wisatawan di Buricak Burinong nyaéta jambatan nu titincakanna kai sarta di tungtungna aya tempat leuwih lega siga taman. Keur kaamanan dipasang pager beusi pikeun ngawatesanan sangkan wisatawan ulah paur tigejebur ka waduk.
“Di dinya biasana nu sarumping téh ngumpulna. Seseringna mah nya popotoan, margi dianggapna tempat nu paling éndah” ceuk Téh Oyok deui.
Ngan keur ngajugjugna, mun cai waduk keur gedé mah jalan titincakeun teu kaciri. Batan paur, wisatawan leuwih hadé nyéwa parahu. Atawa leumpang ka sisina anu lamun geus hujan mah leueur pisan.
Ngaronjatkeun Ékonomi
Hanjakal, kiwari amparan kai jambatan téh geus loba anu ruksak. Nu geus bobo téa malah aya nu geus bolong pisan. Untungna aya Forest Walk, nyaéta jambatan nu tungtungna nepi ka Pasir Cinta tempat ‘take off’ olahraga paralayang.
Nurutkeun Téh Oyok, saprak ayana séntra kulinér, usahana teu dileuleungit aya kamajuan. Nu dijagokeunana nyaéta sangu liwet. Harga sapakét sangu liwet keur genep jalma téh nu jeung beuleum lauk, jéngkol, tahu lengkep jeung lalabna ukur Rp. 130.000.
“Upami pakétna nu sareng beuleum hayam mah Rp. 160.000,” Téh Oyok sumanget.
Hahargaan kadaharan di séntra kulinér Buricak Burinong kawilang murah. Sarua kitu téh jeung warung-warung sangu nu ngajajar deuekut tempat ‘landing’ olahraga paralayang tempat Téh Oyok muka warung munggaran.
Jadi tempat kulinér téh aya dua. Nu deukeut tempat ‘landing’ paralayang sarta séntra kulinér nu deukeut tempat parkir kandaraan.
Bupati Sumedang H. Dony Ahmad Munir nganuhunkeun kana perhatian nu luar biasa ti pamaréntah Provinsi Jawa Barat dina ngawujudkeun harepan Kabupatén Sumedang pikeun ngabogaan déstinasi wisata nu représéntatif di Jatigedé.

“Jatigedétiasa janten déstinasi wisata nu bakal ngagerakkeun ékonomi sareng nyiptakeun lapangan kerja. Ku ayana Waduk Jatigedé, masarakat bakal langkung raharja,” ceuk H. Doni.
Kitu deui ceuk Gubernur Kang Emil harita, dimekarkeunana kawasan wisata, nandakeun yén Jatigedé ka hareupna bakal jadi tempat wisata bertarap internasional.
“Nu paling istiméwa, ti Buricak Burinong katawis Masjid Al-Kamil nu parantos réngsé diwangun sarta Menara Kujang Sapasang nu ahir taun bakal réngsé,” ceuk Kang Emil.
Keur ngahontal Buricak Burinong jadi tempat wisata nu leuwih maju lain hal mustahil. Komo deui hal kitu téh geus karojong ku jalan Tol Cisumdawu nu bisa ngajugjug tempat wisata leuwih gancang ti luar Sumedang.
Kang Emil amanat sangkan pangusaha di kawasan pariwisata kudu ngutamakeun warga lokal. Nu ka hareupna perékonomian Sumedang bakal ngaronjat dina itungan taun. “Pemprov bakal teras ngaojong, demi karaharjaam masarakat Sumedang ngalangkungan kolaborasi sapertos kieu. Mudah-mudahan janten kareueus sadayana,” ceuk Kang Emil harita. ***
Mangle 2891
Leave a comment