Ku Asep Subagja
Nu matak ulah sagala teuing diaplod, boh di media sosial atawa pesan instan. Komo mun ninggang babaturan képona kaleuleuwihan jaba loba kahayang mah. Nu tadina apdét status téh ukur kalangenan, malah jadi kaririweuhan. Cara kuring nu apdét buah leubeut di buruan kantor, éh da krung-kring nu marénta. Teu diwaro hiji gé. Tapi mun nu méntana calon mitoha mah maenya henteu ditedunan.
Ari di kantor téa buah téh geus pada nyirian. Kuring gé kitu, sakur nu kakécéng téh terus dikérésékan. Ngahaja nu rada jauh méh teu kadongkang ku nu naék atawa kahontal ku gantar. Rék diantep heula da kabeneran balik téh saminggu sakali. Dicirian poé Senén, nya lumayan wé nepi ka Jumaah sugan euweuh nu ngiwat.
Ku dikersakeun poé Saptu saacan balik téh sakur buah nu dicirian ku kuring marurag. Asa katulungan jadi teu kudu tataékan. Geuwat wéh diasupkeun kana kantong. Teu ditempo eusina da rusuh. Kitu deui basa kuring apél malem Minggu datang ti bada magrib kénéh. Éta kérésék téh dibikeun kitu waé. Keun aya geutahan kénéh mah méh kaciri enya sarua jeung nu diapdét dina SW.
Calon mitoha téh bangun bungah sabot nampa buah ti kuring. Ningali paroman kitu mah kuring reugreug, sugan wé apél malem Minggu ayeuna mah meunang nepi ka jam sabelas, atawa dimeunangkeun mondok. Héhé .
Tapi can ogé sapuluh menit, calon mitoha téh geus ngageroan bébéné. Kuring ningali saliwat mah bangun nu bendu.
“Aya naon, Mah?” ceuk bébéné ka indungna.
“Ieuh tinggal?’
“Ih, bareulah!”
Sidik kadéngé ku kuring. Alah siah boa nu beulah téh buah paméré kuring. Keur boga panyangka kitu téh, bébéné datang mawa kérésék.
“Aa’ hayu ngarujak!” cenah bari némbongkeun buah nu beulah parah nepi ka témbong plokna.
“Mangga,” cekéng téh bari mesem. Éra puguh gé méré barang nu butut. Héhé… apal kitu mah geus wé meuli ti pasar. Kari béjakeun wéh meunang ngala ti tangkal nu aya di buruan kantor. Meunang pan ngabohong keur nyenangkeun haté calon mitoha mah?***
Edisi majalah 3006
Leave a comment