Home Atikan Budaya BMKG Nalingakeun Galagat Alam
Budaya

BMKG Nalingakeun Galagat Alam

BMKG téh singgetan tina Badan Meteorologi Klimatologi dan Geofisika, salah sahiji lembaga pamaréntah nu miboga otoritas nalingakeun, nganalisis, jeung nepikeun informasi ka masarakat sual kajadian-kajadian alam di Indonésia. BMKG boga tanggung jawab ngahasilkeun informasi musibah alam saperti lini jeung  tsunami. BMKG lain lembaga anu bisa nyinglar musibah, tapi bisa nyieun prédiksi ayana fénoména alam nu bisa ngabalukarkeun musibah alam.

Share
BMKG
BMKG
Share

Ku : Edoy Suhendar

Lamun karasa aya lini, nu didagoan ku masarakat téh informasi ti BMKG. Di mana puseurna, sabaraha kakuatanana, jeung ngabalukarkeun tsunami atawa henteu. Tara maké lila, ukur itungan memenitan,  BMKG nga-‘rilis’ ngeunaan idéntitas lini nu cikénéh ngeundeurkeun bumi, di mana waé di Indonésia. Waktu kajadianana tabuh sabaraha leuwih sabaraha menit sabaraha detik, magnitudona sabaraha, puseur linina di mana, jerona sabaraha kilométer, sarta aya euweuhna poténsi tsunami. Éta salah sahiji tugas BMKG. Tugas jeung fungsi séjénna masih kénéh loba, saperti méré informasi prakiraan cuaca, angin, lambak laut nepi ka musibah alam.

Keur ngukur gedé leutikna lini, BMKG bisa maké Skala Richter, Skala MMI atawa Skala Magnitudo. Skala Richter mangrupa ukuran skala kakuatan lini lokal anu diwanohkeun ku Charles Richter. Skala MMI diciptakeun ku Giuseppe Mercalli, taun 1902. Skala Magnitudo diwanohkeun ku Tom Hanks jeung Hiroo Kanamori keur gaganti Skala Richter.

BMKG téh singgetan tina Badan Meteorologi Klimatologi dan Geofisika, salah sahiji lembaga pamaréntah nu miboga otoritas nalingakeun, nganalisis, jeung nepikeun informasi ka masarakat sual kajadian-kajadian alam di Indonésia. BMKG boga tanggung jawab ngahasilkeun informasi musibah alam saperti lini jeung  tsunami. BMKG lain lembaga anu bisa nyinglar musibah, tapi bisa nyieun prédiksi ayana fénoména alam nu bisa ngabalukarkeun musibah alam.

Prédiksi BMKG teu salawasna akurat, saratus persén bener, pasti bakal kajadian. Fungsi BMKG méré informasi prakiraan atawa ramalan sual alam, supaya masarakat leuwih iatna, leuwih waspada. Contona, BMKG rutin méré informasi ngeunaan luhurna lambak laut di sababaraha tempat, supaya pamayang jeung nakhoda waspada. Kantor BMKG sumebar ampir di sakabéh wilayah Indonésia sarta ngabogaan pakakas canggih nu bisa ngahasilkeun informasi penting sual galagat alam keur sakumna masarakat Indonésia. Prédiksi BMKG sual cuaca di sababaraha kota gedé di Indonésia, disosialisasikeun dina média éléktronik jeung média sosial bogana BMKG.

Sajarah BMKG dimimitian ku kagiatan individual niténan cuaca jeung géofisika nu dipigawé ku Dr. Onnen, kepala rumah sakit di Bogor. Ti taun ka taun, kagiatanana tambah mekar luyu jeung tambah dipikabutuhna hasil panitén cuaca jeung géofisika. Taun 1866 kagiatan niténan individual téh  diresmikeun jadi instansi pamaréntah nu dingaranan Magnetisch en Meteorologisch Observatorium (Observatorium Magnetik dan Meteororologi) nu dipingpin ku Dr. Bergsma. Jaman Jepang, antara taun 1942 – 1945 ngaranna diganti jadi Lembaga Meteorologi Kishoukouzoukusho.

Sanggeus proklamasi kamerdékaan taun 1945, lembaga météorologi téh dibagi dua :

1. Biro Meteorologi, ayana di lingkungan Markas Tertinggi Tentara Keamanan Rakyat, Yogyakarta, husus keur ngaladénan pangabutuh Angkatan Udara.

2. Jawatan Meteorologi dan Geofisika di Jakarta, kaasup bagian ti Kementrian Pekerjaan Umum.

Tanggal 21 Juli 1947, Jawatan Meteorologi dan Geofisika ‘diambil alih’ ku Pamaréntah Walanda. Ngaranna diganti jadi Meteorologisch en Geofische Dienst. Lian ti éta, aya Jawatan Meteorologi dan Geofisika  nu dikokolakeun ku Pamaréntah RI, tempatna di Jl. Gondangdia, Jakarta. Taun 1949 sanggeus Pamaréntah Walanda nyérénkeun kadaulatan nagara ka Pamaréntah RI, Meteorologisch en Geofisiche Dienst dirobah jadi Jawatan Meteorologi dan Geofisika, kaasup struktur Departemen Perhubungan dan Pekerjaan Umum. Kantorna di Jl. Arif Rakhman Hakim No. 3, Jakarta Pusat.

Saterusna, taun 1950 Indonésia resmi jadi anggota World Meteorogical Organization (WMO), organisasi météorologi sadunya. Kepala Jawatan Meteorologi jadi wawakil Indonésia di WMO. Taun 1955, Jawatan Meteorologi dan Geofisika dirobah ngaranna jadi Lembaga Meteorologi dan Geofisika, asupna ka Departemen Perhubungan. Taun 1960 ngaranna dibalikkeun deui jadi Jawatan Meteorologi dan Geofisika, asup Departemen Perhubungan Udara. Tapi, 10 taun ti harita dirobah deui jadi Direktorat Meteorologi dan Geofisika.

Taun 1972, Direktorat Meteorologi dan Geofisika diganti ngaranna jadi  Pusat Meteorologi dan Geofisika, instansi satata ésélon II di Departemen Perhubungan. Taun 1980, statusna dironjatkeun jadi instansi satata ésélon I, ngaranna Badan Meteorologi dan Geofisika, angger dina struktur Departemen Perhubungan. Taun 2002, nurutkeun Keputusan Presiden RI No. 46 jeung 48 taun 2002, struktur organisasina dirobah jadi Lembaga Pemerintah Non Departemen (LPND), ngaranna angger Badan Meteorologi dan Geofisika. Pangpandeurina, Peraturan Presiden No. 61 taun 2008 ngaganti Badan Meteorologi dan Geofisika (BMG) jadi Badan Meteorologi Klimatologi dan Geofisika (BMKG). Statusna angger Lembaga Pemerintah Non Departemen. Tanggal 1 Oktober 2009, Undang-Undang RI No. 31 taun 2009 ngeunaan météorologi, klimatologi jeung géofisika disahkeun ku Présidén RI harita, Bapa Susilo Bambang Yudoyono.

BMKG boga tugas poko ngalaksanakeun tugas pamaréntah dina widang météorologi, klimatologi, kualitas hawa, jeung géofisika luyu jeung eusi undang-undang nu aya, nyaéta :

1. Prédiksi cuaca

Tugas utama BMKG nu geus pada apal masarakat nyaéta prakiraan cuaca. Unggal poé BMKG méré informasi prakiraan cuaca sapoéeun atawa keur sababaraha poé ka hareup.  Malah bisa keur sababaraha jam ka hareup. Informasi nu ditepikeun nurutkeun wilayah, jadi bakal leuwih présisi. Ieu tugas penting pisan keur masarakat nu mindeng ngayakeun aktivitas di luar rohangan. Lian ti éta, BMKG ogé rutin méré informasi cuaca di bandara, cuaca di daérah maritim, poténsi banjir, prakiraan angin, karhutla nepi ka siklon tropis. Ku ngagunakeun téhnologi ‘penginderaan jarak jauh’ maké citra satelit jeung citra radar, informasi-informasina bisa gampang beunang.

2. Détéksi lini

Indonésia kaasup nagara anu aya di antara tilu lémpéng bumi nyaéta Lémpéng Indo-Australia, Lémpéng Eurasia jeung Lémpéng Pasifik nu mindeng bagerak, ngalantarankeun di Indonésia mindeng aya lini. Kabiasaan masarakat nganti-nganti informasi lini ti BMKG aya di mana-mana. Ieu bukti, masarakat hususna korban musibah, butuh informasi sual musibah. Lémpéng-lémpéng bumi sawaktu-waktu  bagerak nu ngalantarankeun lini téktonik.

Salian ti aya di antara lémpéng bumi nu mindeng bagerak, Indonésia dikurilingan ku ‘cincin api’ Pasifik nu ngalantarankeun di Indonésia loba gunung berapi nu masih aktif. Aktivitas gunung berapi aktif ngalantarankeun lini vulkanik. BMKG boga alat keur ngadétéksi lini atawa geter dina beungeut taneuh. Alatna, séismométer, anu bakal nyatet jeung méré informasi titik geter atawa puseur lini nu eukeur kajadian sarta kakuatan magnitudona.

3. Prédiksi tsunami

Salian ti mindeng aya lini lantaran aya di antara tilu lémpéng nu mindeng bagerak jeung dikurilingan ku ‘cincin api’, di Indonésia gé mindeng aya tsunami. Tsunami téh balukar tina lini nu puseurna di laut, urug di handapeun laut. Teu sakabéh basisir/laut di Indonésia boga poténsi tsunami. Sababaraha laut/basisir nu mindeng tsunami di antarana basisir kidul Pulo Jawa, basisir kalér Papua, basisir kalér pulo-pulo di Nusa Tenggara, pulo-pulo di Maluku, basisir kulon Sumatera jeung ampir kabéh basisir di Sulawesi. Ku lantaran kitu, BMKG salawasna méré informasi mun aya lini, naha aya poténsi tsunami atawa euweuh. Informasi nu ditepikeun ku BMKG dipiharep bisa ngaminimalisir korban jiwa jeung ngageuing masarakat.

4. Ngabalitungkeun iklim

Salah sahiji tugas BMKG luyu jeung ngaranna, Badan Meteorologi Klimatologi dan Geofisika, urusan klimatologi, urusan iklim (karahatan?). BMKG boga kawajiban méré informasi sual iklim nu keur lumangsung ka masarakat. Ku ayana informasi ti BMKG, masarakat bisa nyaho iraha mimiti usum hujan, usum halodo jeung usum pancaroba. BMKG ogé bakal méré informasi ngeunaan prakiraan hujan jeung poténsi banjir. Masih sual iklim, BMKG mindeng nyieun analisis iklim saperti dinamika atmosfér jeung indéks cai nu aya di jero taneuh di hiji wewengkon.

5. Ngabalitungkeun hawa

Polusi hawa (udara) beuki dieu beuki ngaronjat, tambah parna, utamana di kota-kota gedé saperti Jakarta, Surabaya, Bandung jsb. Loba faktor nu nangtukeunana, di antarana kurangna tatangkalan jeung lobana haseup knalpot motor jeung mobil. Sanajan di jero rohangan nu maké AC, hawa ti luar rohangan nu kualitasna goréng bakal asup ka jero rohangan. Hawa di jero rohangan jadi polusi. Komo deui upama AC nu dipasang henteu ‘ramah lingkungan’. Bakal aya zat-zat anu miboga racun dikaluarkeun ku AC-na, nu pastina nambah polusi. Jadina hawa henteu ngan ukur miboga oksigén (O2) wungkul tapi aya gas-gas séjén sanajan perséntaseuna saeutik.

Gas atawa zat nu aya dina hawa teu sakabéhna alus keur kaséhatan. Aya hawa nu ‘kadar’-na alus keur kaséhatan aya nu goréng lantaran geus keuna polutan. Ku lantaran kitu, BMKG boga tugas méré informasi ngeunaan ‘kadar’ gas jeung zat nu aya dina hawa jeung cihujan. Informasi ti BMKG bisa nyinglar tina polusi hawa nu bisa ngaruksak lingkungan jeung kaséhatan. Nu sarua pentingna, masarakat milu ngajaga jeung usaha sangkan kualitas hawa hadé salawasna, matak betah matak séhat, henteu polusi.

Edisi majalah: 3003

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Pedaran Budaya-Batik Trusmi
Budaya

Trusmi, Puseur Batik Cirebonan

Ku: Ceuceu Gumilang Sing saha nu kungsi ulin ka wewengkon Cirebon nu...

tradisi badud
Budaya

Badud, Hirup Teu Neut Paeh Teu Hos

Ditulis ku: Ummi Annadzriel Wanoh jeung seni badud téh mareng jeung apal...

Hidroponik Tatanén Téréh Panén
Budaya

Hidroponik Tatanén Téréh Panén

Ku: Edoy Suhendar Naha enya tatanén hidroponik téréh ka panén? Enya. Sababna,...

Kuliner Basisir Kaler
Budaya

Kuliner Basisir Kalér

Ku: Ceuceu Gumilang Cirebon kaceluk ku ayana makam salah saurang Wali Songo,...