Binih Asih Kembang Pati
Carpon Prabu Guruminda
Manèhna anteng nyarita. Sorot panona beureum. Pinuh ku amarah jeung kasedih. Kuring ngan sakur bisa neuteup. Moal waka ngomong, keun sina anggeus heula nyaritana. Basa manèhna mungkas omongan, kuring pok nyarita. Manèhna cicing. Napasna rènghap ranjung badis nu geus lumpat maraton.
“Enggeus ngomongna?”
Jempè. Teu nyarita nanaon manèhna tèh.
“Nuhun Rul. Urang nyaho kumaha kanyeri manéh. Na èmang urang teu ngarasa hal anu sarua kitu? Mun kudu dibèjakeun mah urang gè embung kieu Rul. Nyeri hatè tèh basa ningali kajadian minggu kamari. Tapi si Isah leuwih butuh manèh tibatan urang ayeuna. Urang moal bisa ngahiji jeung manèh. Sanajan enya pada-pada resep tapi pan dilarang ku agama.”
Budal eusi hatè tèh. Teu karasa cipanon ngeclak deui. Manèhna ngadeukeutan, tuluy nangkeup bari ceurik ngagukguk. Kitu ogè kuring. Hiliwir angin peuting ayeuna di Dago jadi saksi cinta kuring jeung manèhna anu teu lila deui bakal pepegatan.
Syahrul ngarana tèh. Babaturan kuring ti leuleutik. Ka manèhna asa geus kawas ka dulur sorangan. Nepi ka ayeuna sok reureujeungan. Bakating ku deukuet jeung silih pikanyaah, antukna kuring jeung manèhna pada-pada boga hatè kadua leutik. Kawas nu burung pan? Kuring lalaki, si itu gè lalaki. Mimiti na mah èmang asa ngarasa ahèng ka diri sorangan naha makè bet bisa bogoh. Tapi lila-lila mah, èta kaahèng tèh leungit, diganti ku rasa deudeuh nu beuki ngaberung. Kitu deui jeung manèhna.
Aturan agama geus teu dipalirè deui. Hirup tèh asa bèbas sanggeus urang duaan mikanyaho yèn boga rasa silih pikanyaah. Ngan èmang geus sakuduna papisah. Saminggu katukang manèhna tunangan jeung adi kuring. Poè isukan bakal jadi poè panungtungan manèhna bubujangan.
Isah tèh adi kuring hiji-hijina. Boga panyakit kangker anu geus teuing kudu kumaha ngubaranana. Kèmotèrapi geus dikeureuyeuh. Tatamba ka ditu-ka dieu geus dilakonan. Ngan keukeuh hèsè cageur. Kuring nyaah ka manèhna. Sagala nu dipikahayang ku Isah bakal dilakonan ku kuring salaku lanceukna. Tug tepi ka bulan kamari, Isah nyarita. Manèhna boggoh ka Syahrul, babaturan kuring, kabogoh kuring. Nyeri hatè tèh basa Isah nyarita. Tapi kuring leuwih nyeri lamun kahayang Isah teu kacumponan.
Tungtungna, ku hatè anu panceg kuring nyarita ka kolot kuring ogè ka kolotna Syahrul. Dua pihak pada-pada bungah da geus wawuh ti baheula. Syahrul dipaksa ku kuring pikeun nyatujuan sagalana. Syahrul nolak. Nepi ka arèk bèbèja yèn manèhna sabenerna bobogohan jeung kuring. Ku kuring dicaram, tuluy wè disedek sangkan nyumponan naon anu jadi kahayang kuring. Antukna mah jadi tunangan.
Tadi sorè, manèhna ngirim pesen dina WA. Hayang papanggih jeung kuring samèmèh isukan manèhna jadi salaki sah keur Isah. Nya ayeuna kuring di dieu. Di Warung Langit daèrah Dago tempat maneuh mun kuring jeung manèhna papanggih.
“Ari Raka masih bogoh teu ka Syahrul ayeuna?” ceuk manèhna bari nyekel leungeun kuring pageuh.
“Raka teu bisa ngajawab. Geus Rul ceuk Raka ogè. Leungitkeun sakabèh rasa Syahrul keur Raka. Isukan Syahrul bakal jadi salaki Isah.”
“Nya enggeus ari kitu mah, Syahrul bisa nyeiun kacindekan yèn Raka èmang geus teu nyaah ka Syahrul,” ceuk manèhna bari miceun beungeut.
Poè isukna, kuring ningali Isah pinuh ku kabagja. Katingali geulis pisan. Dirias makè baju pangantèn anu alus. Sirah gundulna ditutupan ku kurudung nu geus dibeulat-beulit bari makè pernak-pernik. Seuri teu welèh manteng. Mangpuluh kali manèhna ngomong nuhun ka kuring. Salaku lanceukna, kuring bungah ningali Isah.
“Aa hoyong alo sabaraha hiji ti Isah?” ceuk manèhna basa ku kuring ditungtun ka kamarna.
“Sabaraha wè, nu penting mah alo na kasèp jiga aa atawa geulis jiga Isah.”
Manèhna imut, geulis pisan. Basa gèk diuk dina ranjang anu geus dihias ku rupa-rupa kekembangan, Isah nangkeup. Tuluy hing ceurik. Ku kuring diupahan.
“A, nuhun tos jadi lanceuk nu nyaah pisan ka Isah. Hampura lamun salila ieu Isah seueur kalepatan. Katampi pisan kaasih Aa keur Isah. Isah bungah, A, bungah pisan.”
Ditahan-tahan ogè tungtungna mah kuring tèh jadi milu ceurik. Beuki pageuh ditangkeupna. Muga Syahrul bisa jadi salaki nu bageur keur Isah jeung manggih bagja salawasna.
Teu karasa waktu tèh nyèrèlèk. Geus jam dalapan. Acara akad nikah tèh dijadwalkeun jam satengah salapan. Nepi ka ayeuna, masih kènèh can aya bèja rèngrèngan kulawarga Syahrul geus nepi ka mana. Isah geus èlèkèsèkèng teu daèk cicing. Mangpuluh kali manèhna nanya di mana Syahrul. Sajam, dua jam, nepi ka tilu jam nungguan. Isah geus ceurik, indung jeung bapa kuring geus saruana teu genah cicing. Pèk tèh jol aya kirining telepon ka bapa. Basa diangkat, bapa ujug-ujug ngajanteng badis arca. Teu kecèt-kecèt, kawas nu tas nempo jurig. Sanggeus mungkas telepon tuluy bapa ngagabrug Isah. Sakabèh nu aya di dinya pada bingung.
“Syahrul kabur ti imah,” pokna.
Isah ceurik beuki tarik. Kaayaan jadi runyem. Nyel kuring ngarasa ambek ka Syahrul. Manèhna geus jalir jangji ka kuring. Isah pingsan, kaayaan jadi beuki paciweuh.
Saminggu ti harita, Isah nilar dunya. Kaayaanna beuki drop sanggeus kajadian harita. Kuring leungiteun pisan. Cai panon teu welèh ngeclak. Hatè tèh seuseuitan baè. Kajadian harita ngajadikeun kuring jadi cua ka Syahrul. Wawanianan manèhna ngajadikeun kahirupan kulawarga kuring jadi acak-acakan. Geus euweuh rasa cinta keur manèhna. Nu aya kalah ka rasa dengdem jeung amarah.
Poè kadalapan Isah nilar dunya, kuring meunang bèja yèn Syahrul sabenerna teu kabur. Manèhna cicing di imah babaturanana. Atuh hatè tèh beuki nyeuneu ngabebela. Geus gilig arèk manggihan manèhna.
Bada Isya kuring mangkat ka imah anu geus dituduhkeun ku babaturan kuring. Cenah salila ieu Syahrul cicing di dinya. Sapapanjang jalan, leungeun tipepereket. Geus teu kuat hayang neunggeul beungeutna. Pèk tèh enya Syahrul aya di dinya. Basa dipanggihan ku kuring, manèhna keur paduduaan jeung hiji lalaki nu teu dipikawanoh ku kuring. Gareuleuh nempona.
“Raka, aya naon?”
Teu dijawab ku kuring tèh, ieu peureup ujug-ujug neunggeul manèhna. Syahrul reuwaseun. Manèhna dadaligdeugan bari nyekelan pipina tapak kuring nonjok.
“Naha Rul, naha Syahrul bet tèga ngalakukeun ieu ka kuring? Pangpangna ka Isah. Syahrul nyaho, manèhna nahan kanyeri nepi ka ayeuna geus euweuh dikieuna. Kuring nyeri Rul, leuwih nyeri tibatan basa urang pepegatan.”
Cipanon ngalèmbèrèh deui. Sagala èmosi nu ditahan salila ieu keur manèhna bedah kabèh.
“Hampura Ka. Syahrul teu bisa ngahiji jeung jelema anu èmang teu dipikacinta. Rasa deudeuh Syahrul ngan ukur hiji, keur Raka wungkul.”
“Teu, geus euweuh rasa kadeudeuh. Nu aya aing ijid ka manèh,” ceuk kuring bari nyiduhan beungeutna.
Ngarasa teu tarima manèhna nyampeurkeun tuluy nyabok sakuatna. Getih keluar tina juru biwir kuring. Ti dinya, kuring jeung manèhna silih tonjok. Geus teu paduli manèhna rèk ngarasa nyeri atawa henteu. Kuring hayang males kanyeri anu dirasa ku Isah. Nepi ka tungtungna, kuring geus kalimpudan sètan. Teu sadar yèn leungeun geus nyekel pèso lipet. Syahrul cicing basa pèso anu dicekel ku kuring naceb pageuh dina beuteungna. Getih ngucur maseuhan leungeun. Manèhna utah getih, tuluy ngajoprak.
Lalaki anu ti tatadi ningalikeun kuring jeung Syahrul lumpat kaluar. Kuring ngaleupaseun pèso. Reuwas.
“Naha Raka.. naha jadi bet kieu?” ceuk manèhna lalaunan. Tuluy utah getih deui.
Teu lila sabada manèhna ngomong kitu, Syahrul nilar dunya. Kuring andiprek diuk sisi manèhna nu geus euweuh nyawaan, leuleus.
Naon anu geus kalakon teu bisa dirobah deui. Geus kudu kieu jalan caritana. Euweuh kasedih, euweuh kasieun. Kuring wani nyanghareupan sagala rèsiko nu geus dilakkonan.
Hampura Gusti, kuring rumasa can bisa jadi jalma nu sakumaha kuduna. Isah, akang geus ngawales sagala rupana. Ulah melang ulah ringrang, Bageur. Keun sina Aa nu nanggung sagala rupana. Sing bagja, Nung.. sing bagja.
Kota Bandung, 18-24
Edisi majalah: 2999
Leave a comment