Béngkél Patah Tulang Mandé nu ngadeg ti taun 1988 nepi ka kiwari satia nepungan nu ngabutuhkeunana. Siga kumaha ayeuna, sanggeus Haji Hasbi Asidiq, nu mimiti ngadegkeun Mandé pupus diteruskeun ku palaputrana? Manglé ngborol jeung Vatra Komara Firdaus salah saurang nu ngokolakeunana. ***

Kabeneran keur henteu pati ramé basa lolongok ka tempat prakték Béngkél Patah Tulang Mandé di Komplék Cijambé Indah, Jalan Vijaya Kusuma XV RT 07 RW 07 No 36 Pasiréndah Ujungberung, Bandung téh. Da kitu cenah ceuk Vatra Komara Firdaus mah. Nu uubar téh mun keur ngambreg nya ngambreg, mun keur kosong nya kosong.
Nurutkeun Vatra, ti saprak Haji Hasbi Asidiq tilar dunya pertengahan taun 2021, Béngkél Patah Tulang Mandé diteruskeun ku kulawargana. Pangpangna mah nu cikal, Rachma, nu kiwari sarua geus ngantunkeun sarta adi-adina kaasup Vatra jeung dulur-dulurna.
Kabéhanana gé geus loba luangna kawantu jaman Haji Hasbi jumeneng kénéh, kungsi ngaasisténan almarhum. Malah Vatra mah sabenerna sok prakték langsung ngungkulan pasén lamun Haji Hasbi keur aya kaperluan jauh ka luar kota. Sabab Vatra mah geus ngaasisténan nu jadi rama téh ti taun 2002.
Teu héran, métodeu pangobatanana persis jeung anu biasa dilakukeun ku Haji Hasbi almarhum.
“Ngagunakeun panangan langsung, henteu nganggo alat. Ditambihan wé ku minyak Mandé. Aya anu dikompréskeun, aya ogé anu dibalurkeun,” ceuk Vatra anu basa ngobrol téh dibaturan ku ibuna, Hj. Euis Fathonah.
Nu jelas ceuk Vatra, pasén nu rék uubar ka Mandé biasana kudu dironsen heula. Dipastikeun sacara médis lebah mana nu tatuna, ulah ukur dikira-kira. Supaya kaayaanana lian ti dipikanyaho ku pasénna sorangan téh, kanyahoan ogé ku kulawargana jeung ku nu rék ngubaranana.
Malahan sanggeus pasén dianggap cageur gé wajib deui dironsen. Mastikeun lamun tulang nu nyéngsol téh upamana, naha geus bener cicingna atawa acan. Hal éta dilakukeun ti jaman Mandé masih dipingpin ku H. Hasbi ramana Vatra.
Tapi tong héran, nu rék uubar ka pangobatan tradisional saperti Mandé nepi ka kiwari teu bisa ngagunakeun BPJS. Hal éta mungkin bisa jadi masalah keur pasén nu ékonomina paspasan mah. Ngan ari keur Mandéna sorangan mah teu jadi soal, sabab baheula ngadegkeun Mande gé mimitina mah tina kaahlian Haji Hasbi dina urusan silat.

“Upami aya jalmi nu latihan atanapi tanding ngalaman tatu tulangna, sok dilandongan téh ku pun bapa. Dugi ka ahirna tina pabéja-béja, pun bapa sok aya nu ngangkir piwarang ngalandongan. Lami-lami mah nya ngadegkeun wé Béngkél Patah Tulang Mandé. Teu aya BPJS harita mah,” ceuk Vatra ahir Oktober 2024.
Saluyu jeung kamekaran jaman, tangtu kulawarga Haji Hasbi perlu waragad, tanaga, waktu jeung pikiran. Jadi ceuk Vatra, ari tarip mah aya. Tapi keur anu bener-bener henteu boga mah saiklasna mayarna téh.
“Janten kumaha kaayaan ékonomi pasénna. Tapi mun kaleresan aya landong nu kedah dipésér di apoték mah tangtosna kawajiban pasén. Najan aya kalana sering ditalangan heula ku pihak Mandé,” ceuk Hj. Euis.
Jadi Motivasi
Ti saprak dikantunkeun ku H. Hasbi Asidiq, Béngkél Patah Tulang Mandé kungsi dipingpin ku Téh Rachma nu kiwari mah sarua geus ngantunkeun. Saterusna ayeuna mah dikokolakeun ku limaan, Téh Fahma, Vatra, Jujun, Ahmad jeung Fahmi.

Pasén nu uubar ka Mandé biasana nu masalah dina tulang saperti nu kacilakaan jeung sajabana. Atawa sarap kajepit. Pasénna nurutkeun Vatra mah sok loba ti jauhna. Malah aya anu ti luar negri. Sedengkeun keur pasén-pasén nu kudu diopname, di Mandé aya 5 kamar nu disadiakeun.
Kiwari, ku tingpucunghulna pangobatan tradisional ceuk Vatra mah teu jadi soal. Sabab Mandé mah boga métode sorangan boh dina prakprakan praktékna atawa obatna. Malah jadi motivasi keur réngréngan terapis Mandé sangkan ningkatkeun pelayanan leuwih hadé ka pasén. Kitu deui upama aya métode-métode di batur nu dianggap hadé mah taya salahna diturutan.
Nu penting mah ceuk Vatra, pangobatan warisan karuhun téh kudu tetep mangpaat, bisa dipaké tutulung ka nu butuh. Malah ka hareupna mah hayang ngadunya, siga pangobatan tradisional Cina.
“Alhamdulilah ayeuna mah aya perhatian ti pamaréntah. Sok ngontrol ka Mandé, kumaha prak-prakan praktékna sareng naon nu dijantenkeun landongna,” ceuk Vatra deui.

Ceuk Hj. Euis, kiwari Mandé leuwih deukeut jeung tatangga. Sasieureun sabeunyeureun rejekina hayang kasaan ku batur. Utamana dina Jumaah berkah sok milu nyumbang katuangan ka masjid-masjid. Boh nu aya di sabudeur komplékna, atawa anu jauh saperti di Garut.
Bisi aya anu rék uubar perkara tulang ka Mandé, mun ti Jalan AH Nasution Bandung téh kurang leuwih sakilométer. Asupna nyaéta ti gigireun garasi beus Gunung Sembung, di antara Terminal Cicaheum jeung Alun-alun Ujungberung. ***
Manglé 3001
Leave a comment