Hukum laut nu jadi bagian tina kagemblengan hukum internasional publik, dina seuhseuhanana mah sacara husus miboga peran séntral enggoning ngatur kagiatan masarakat internasional dina widang kalautan.
Salah sahiji éta peran séntral téh nyaéta ngatur jeung netepkeun hak katut kawajiban nagara pikeun nangtukeun jeung nandeskeun legana wewengkon anu dina gurat badagna diwangun ku tilu zona utama, nyaéta Laut Wewengkon atawa Laut Téritorial (LT), Zona Ekonomi Ekslusif (ZEE), jeung Landas Kontinén (LK).
Dina nangtukeun legana éta wewengkon katut wates-watesna jeung nagara tatangga, sacara umum diatur dina Konvénsi 1982. Anu bieu didadarkeun téh bagian tina kasang tukang disertasi Bebeb Djundjunan, waktu promosi doktor di Fakultas Hukum Unpad, 13 Agustus nu karék kaliwat. Sanggeus diuji dina sidang terbuka, Bebeb lulus kalawan yudisieum sangat memuaskan.
“Alhamdulillah,” pokna, sanggeus aya wawaran kalulusan. “Di antawis réréncangan saentragan anu kuliah di S-3, abdi tiasa lulus bari sanés anu pangpandeurina. Kitu da geuning, kaétang abot ngaréngsékeun kuliah bari mancén tugas mah.”
Mun téa mah Bebeb nyebutkeun kitu, mémang kaharti pisan, apan ayeuna geus aya kana tilu taunna mancén tugas ti nagara, jadi duta besar (dubes) RI di Yunani. Kudu pinter ngabagi waktu antara urusan gawé jeung nyusun disertasi, mangkaning teu bisa saban waktu konsultasi langsung jeung para pembimbing, da mimindengna mah ngaliwatan kagiatan daring atawa on line.

Ku jadi dubesna Bebeb téh pikeun urang Sunda mah bisa dianggap istiméwa. Ari sababna, urang Sunda anu dibéré pancén jadi dubes dina jaman kiwari téh kaitung langka. Lian ti éta, Bebeb mah jadi dubes téh henteu ngaliwatan “kendaraan” pulitik atawa faktor séjén anu ilaharna pejabat “didubeskeun”. Éstu ngarayap ti handap heula, nincak karir dina urusan hubungan luar nagri jeung diplomasi anu aya di lingkungan gawé Kementrian Luar Negeri RI, satutasna lulus jadi sarjana hukum internasional ti Unpad, taun 1988.
Ngaran lengkepna mah Bebeb Abdul Kurnia Nugraha Djundjunan. Ari éta éta kecap “Djundjunan” dina tungtung ngaran nyokot ti aki: Dokter Djundjunan Setiakusumah, anu pikeun umumna urang Sunda mah tangtu moal bireuk deui—ayeuna ogé apan dipaké ngaran jalan di wewengkon Bandung Kalér. Dokter Djundjunan téh salah saurang inohong Sunda dina awal taun 1900-an, dina mangsana masih jadi pamuda, milu mokalan ngadegkeun organisasi Paguyuban Pasundan. Saterusna, dina jaman kamerdékaan ogé anjeunna tandang dina rupa-rupa kagiatan anu patali jeung kapentingan katut hirup-huripna masarakat. Éta pangna Dokter Djundjunan dilélér gelar pahlawan, sarta dianggap tokoh Sunda anu cumarita dina jamanna.
Bebeb téh anak cikal ti opat sadulur—dua lalaki jeung dua awéwé, dilahirkeunana di Bandung, tanggal 23 Juli 1962. Lahir ti pasangan Popong Kurniasih jeung Otje Djundjunan. Tangtu geus moal aya nu bireuk deui ka duanana ogé. Popong Kurniasih, anu saterusna sok disarebut Ceu Popong—tokoh wanita anu meunang sababaraha periodeu jadi anggota DPR-RI. Kumaha tagen jeung teuneungna Ceu Popong, upamana waé ébréh waktu mingpin Sidang Umum DPR, harita pada ngaréntog tepi palu sidangna aya anu nyumputkeun. Ari Otje Abdullah Achmad Djundjunan (ngantunkeun taun 1986), popilérna pisan mah waktu jeneng Walikota Bandung, dina awal taun 1970-an.

Bebeb nyebutkeun, dina posisi jadi anak cikal, tangtuna gé kudu jadi tuturus pikeun adi-adi. “Sajabi ti éta, abdi téh incu cikal lalaki ti pun aki Dokter Djundjunan mah. Janten aya dua prédikat cikal anu disandang ku abdi téh,” pokna saréngséna ujian sidang.
Pamali mun Boboléh
“Abdi hirup di lingkungan kulawarga tentara,” ceuk Bebeb, mulangkeun panineunganana ka jaman keur budak. Enya, apan nu jadi bapa téh soldadu anu mimiti manggul bedil ti jaman Revolusi 1945, mungkaskeunana pangkat kolonél. “Sajabi ti éta, pun ua gé tentara deuih,” pokna deui. Anu dimaksud ua ku Bebeb téh nyaéta Kolonel Sukanda Bratamanggala, tokoh militér anu ludeung ngoréksi Bung Karno duméh dianggap mentingkeun teuing urusan di Jakarta bari mopohokeun ka rahayat anu caricing di daérah, utamana di luar Pulo Jawa—balukarna, Sukanda Bratamanggala lain waé dipocot tina dunya militér, tapi deuih lila nyirekem di panjara.
Kumaha pangaruh dunya militer ka dirina?
“Ageung pisan,” témbal Bebeb. “Anu karaos ku abdi, pangaruh paling ageung ti pun bapa sareng ti pun ua téh nyaéta disiplin, jujur, sareng pantrang nyebut teu bisa—cindekna mah ulah sok boboléh atanapi menyerah. Malih saur pun aki mah kapungkur, upami urang boboléh téh kalebetna ogé pamali. Anu kitu peta mah lain Siliwangi, saurna.”
Ku diposisikeunana Dokter Djundjunan jadi pahlawan téh, ceuk Bebeb, mémang karasa beurat mawana, hususna dina urusan tanggung jawab miara citra. “Aya tanggung jawab moral anu teu kinten ageungna. Tapi di pihak sanés janten pangjurung atana motivasi pikeun teras ngaléngkah.”
Dokter Djundjunan ngantunteun taun 1968. Harita Bebeb karék umur genep taunan. Pon kitu, aya sawatara ungkara kalimah ti akina anu masih kénéh napel tepi ka ayeuna, tur éta ungkara kalimah téh jadi cecekelan kulawarga, nyaéta “euweuh nu disebut pangsiun”. Anu dimaksud pangsiun di dieu téh eureun tina kagiatan anu maslahat pikeun diri sorangan jeung pikeun anu lian. “Saur pun aki, pangsiun mah engké waé mun tos dugi ka wates umur,” omong Bebeb.
Bebeb nyebutkeun yén pangaruh anu datangna ti indung jeung ti bapa téh silih imbangan. “Papih téh sipatna kalem, langka nyarios, sareng upami nerangkeun hiji hal téh umumna cekap ku conto. Misalna waé upami mapatahan ka abdi cekap ku nyebatkeun, kadé ari digawé téh ulah sok satengah-satengah, tapi kudu sing jucung atawa tepi ka anggeus,” pokna.
Ari ti indung, ceuk Bebeb, anu dianggap paling punjul téh sumangetna dina diajar. Salian ti éta, dina urusan kamasarakatan, kumaha kuatna ngawangun jaringan dina kahirupan masarakat. “Pangaruh ti Papih sareng ti Mamih, tangtosna ogé dina diménsi anu bénten, namung duanana ogé positif pisan dina ngawangun kapribadian abdi tug dugi ka kiwari. Upamina waé, naon pangna abdi keyeng ngaréngsékeun kuliah di tingkat doktoral, padahal umur tos teu kalebet deui ngora, éta téh saréatna mah margi ngaraos kasumangetan ku Mamih anu kagiatanana patali sareng urusan akademik méh taya reureuhna. Piraku Mamih sakitu sumangetna, ari abdi bet kalah lénglé. Sajabi ti éta, mageuhan kana amanat Papih deuih yén ari digawé ulah satengah-satengah. Ku lulusna ayeuna ti program doktor, abdi téh ngaraos tos nyumponan amanat Papih sareng Mamih,” omong Bebeb anu ngadahup ka Jualita Natalia Stevanny, sarta kiwari geus boga bati opat.
Kumaha ilaharna tentara, salila mancén tugas ogé Otje Djundjunan remen pipindahan. Sanggeus boga kulawarga, Otje Djundjunan kungsi jadi Dandim di Purwakarta jeung di Subang, terus deuih ngalaman mancén tugas di Tasikmalaya jeung Sukabumi. Mungkaskeunana, sanggeus dikaryakeun jadi Walikota Bandung, Otje Djundjunan jadi Kepala Staf Garnisun Bandung. “Tapina dina jaman sakola, abdi mah teras matuh di Bandung, di kulawargi pun paman. Janten teu ngingiring ka Mamih sareng ka Papih,” omong Bebeb.
Tamat ti SDN Banjarsari, diteruskeun ka SMPN 5, jeung SMA Taruna Bakti. Ti dinya mimiti kuliah di Fakultas Hukum Unpad, tepi ka ngahontal gelar sarjana. Langsung waé digawé di Kemenlu RI. Nya sanggeusna jadi PNS, Bebeb nyokot program magister di University of Kent, Canterbury, Inggris, lulusna taun 1994. Kungsi deuih diajar di Royal Roads University, Victoria BC, Kanada, taun 2002.
Saméméh jadi dubes di Yunani, Bebeb kungsi nyangking Wakil Kepala Perwakilan, Kedubes RI di Bangkok, Thailand, tepi ka taun 2016. Ti dinya nyambung jadi Ketua Tim Teknis Indonesia untuk Perundingan Batas Maritim, jeung Direktur Hukum, Perjanjian dan Kewilayahan Kemenlu RI.
Bebeb nyebutkeun yén hubungan RI-Yunani téh geus nincak 75 taun. Pikeun dirina, ku ditugaskeun di Yunani téh ngalantarankeun leuwih legana pangalaman. “Bangsa Yunani téh apan kawentar mibanda peradaban anu luhung,” pokna. Kiwari, nu jadi harapan hubungan jeung Yunani téh utamana gawé bareng dina widang ékonomi, pariwisata, jung pertahanan.
Dina posisi pajabat pamaréntah, ayeuna Bebeb geus purna tugas, mungkaskeun pangkat golongan IV/e. Tapina ari dina posisi pajabat nagara mah pangsiunna teuing iraha, da taya watesan umur anu formal. Posisina jadi dubes, cindekna mah bakal gumantung kana putusan presidén. “Upami kaanggo, nya bakal teras ditugaskeun. Upami henteu, nya entosan baé,” pokna.
Papadaning kitu, najan geus eureun jadi pajabat nagara ogé lain hartina kudu pangsiun—sakumaha papatah akina baheula. “Satungtung urang masih gaduh umur, bakal seueur nu tiasa dipidamel pikeun kamaslahatan hirup,” omong Bebeb. Pokna ogé: pokona mah kedah siap!
Naha bakal ancrub kana dunya pulitik?
“Insha Alloh,” témbalna. Ayeuna gé, cenah, anu ngalalayahan ngagupayan pikeun ancrub ka partéy mah geus aya. “Tapi ah, éta mah duka iraha derna, apan abdina ogé masih kénéh gaduh tanggung jawab utama janten dubes. Kantos didongéngkeun ka Mamih, kumaha pamendakna mun abdi ngiringan kana dunya pulitik. Ari saurna téh, tong maksakeun. Malih pamendak anjeunna téh, abdi mah cocogna di pamaréntahan, ulah miluan dina pulitik. Ku abdi téh ditaros deui, naon margina abdi kirang cocog mun ancrub dina dunya pulitik? Ari saur Mamih téh: Bebeb mah teu bisa bohong. Hé-héh ….”
(TS)
Edisi majalah No.2992
Leave a comment