Kabupatén Bandung Barat-Mun keyeng tangtu pareng, mun mayeng baris tinekanan. Kitu nu dilarapkeun di SMAN 2 Lémbang dina ngatik ajén spiritual pikeun sakumna pangeusi lingkungan sakola. Mayeng ngalaksanakeun infak sarébu sapoé ngalantaran éta sakola bisa nyadiaan béasiswa umroh pikeun siswa, jeung GTK (Guru & Tenaga Kependidikan). Saha nu narimana? Nya nu keyeng ngapalkeun Al-Qur’an, kalayan rohmat Alloh kasinugrahan miang ka Tanah Suci.
Taun 2025 nu narima béasiswa umroh téh saurang ti GTK jeung murid tiluan. Pamasrahan béasiswa dilaksanakeun dina acara Munaqosah Tahfidz nu lumangsung di SMAN 2 Lémbang, Jalan Langensari, Lembang, Kabupaten Bandung Barat, Salasa (25/2/2025).
Kepala SMAN 2 Lémbang, Ernawati, M.Pd., nétélakeun yén béasiswa umroh téh ciri mandiri SMAN 2 Lembang. Munggaran dilaksanakeun mangsa Kepala SMAN 2 Lémbang nu munggaran, H. Syamsul Arifin. Taun 2025 téh jirangan nu kadalapan. Teu matak hémeng loba sakola nu diajar SMAN 2 Lémbang patali jeung program gerakan Infak Sarébu Sapoé.
“Munaqosah téh kanggo ngukur ajén sareng kamampuh para siswa dina hafalan Al Qur’an. Mung nu utamina mah ningkatkeun kasadaran para siswa dina ngalarapkeun ajén inajén kaislaman, kalebet miduli kana pasualan sosial,” ceuk Ernawati dina wawancara ka média wawakil Forum Wartawan Pendidikan Jabar.
Ernawati ngénbohan yén ku ayana program béasiswa umroh téh dipiharep satutas lulus di SMAN 2 Lembang, nu jajaka minimal bisa jadi imam di masjid, demi mojangna jadi muslimah nu nebarkeun hikmah pikeun sabudeureunana. Ernawati ngarasa reueus ku antusiasme jeung partisipasi siswa. Ciri yén generasi saterusna aya dina panangtayungan cahya Islam.


Demi nu narima béasiswa umroh téh, ceuk Ernawati, dimimitian ku diajar tahfidz pikeun siswa kelas X, laju diseléksi di kelas XI, nyaéta seléksi administrasi, saterusna ngumpulkeun video para peserta. Hafalan mah gumantung pesertna séwang-séwang. Para peserta diuji langsung ku para juri. Tahap ahir mah dina Munaqosah Tahfidz, kamampuh diuji ku para juri nu disaksikan ku sapangeusi sakola.
“Henteu diudag kedah hafal sabaraha juz. Mangga badé hiji atanapi dua, gumantung seléksi. Seuseueurna mah nu diuji téh juz 30. Sadayana hasil prosés seléksi téh diakumulasi dugi ka final dinten ayeuna, seléksi final mah langsung seueur matéri ujina,” pokna.
Teu ngabibisani siswa di SMAN 2 Lémbang gé aya nu nasrani sarta ngagem kabatinan. Najan kitu, arinyana gé milu ngarojong, da aya aspék universal tina éta program téh. Ernawati ngahaturkeun nuhun ka sugri orangtua siswa jeung siswa SMAN 2 Lémbang nu kukuh pengkuh mupujuhkeun program béasiswa umroh.


Ketua Pelaksana Munaqosah Tahfidz SMAN 2 Lembang 2025, Muhammad Nurman Putra Munggaran, S.Pd., nétélakeun yén girang pangajén seléksi final mah ti pihak luar, nyaéta ti Pasantrén tahfidz Bani Sulaiman Bandung, jeung Pasantrén Baiturahman Cimahi. Sangkan mucunghulkeun juara nu nyumponan katangtuan.
“Pihak sakola mah nyumangetan siswa ti kelas X, nu sateuacanna gé tas diwanohkeun dina agénda MPLS. Nyumangetan kanggo ngapalkeun Al-Qur’an. Kumargi sadayana gé tiasa ngiringan,” pokna.
Norman ngémbohan yén panitia kolaborasi jeung para wali kelas ngamangpaatkeun kartu kontrol hafalan. Dina éta kartu téh kaunggel catetan ti mimiti Surat An-Naba nepi ka Surat An-Nas. Para siswa gé diaping pikeun ningkatkeun kamampuhna.
GTK nu kasinugerahan béasiswa umroh téh Nano Sutisna, S.Sos. Paniatan umroh éta Guru Mata Pelajaran Sosiologi téh bisa laksana. Ti anggalna Nano tas ngararancang, nataharkeun waragad jeung nu lianna.
“Niat tos panceg, prosésna tos dilakonan sapertos nabung. Alhamdulillah dipaparin rejeki ngalangkungan béasiswa umroh, angkat sareng siswa,” ceuk éta Wakil Kepala Sekolah Sarana Prasarana.


Nano ngémbohan yén SMAN 2 Lémbang téh imah nu jadi patempatan inyana jeung tim minijemen dina ngokolakeun sakola. Dina pareng nyanghareupan Ka’bah, Nano ngadunga muga-muga SMAN 2 Lémbang terus nanjung, guru-guruna dipaparin kaséhatan, muridna soléh-soléhah, sakabéhna sukses ka hareupna.
Salah saurang siswa nu dilélér béasiswa umroh, Zahra Nuraini Nurdin, ngedalkeun syukur ka Alloh Swt. Teu kasawang ti anggalna bisa narima rejeki nu kalintang gedéna. Inyana ludeung miluan munaqosah téh lantaran pangrojong kolot, guru, jeung babaturanan.
“Alhamdulillah kénging béasiswa umroh. Rai-rai nu taun payun ngiring seléksi, kedah ditataharkeun ti ayeuna. Manah kedah beresih, niatna saé, neda widi ti sepuh, ngadua ka Alloh Swt,” ceuk éta murid kelas XI Fase F4.
Zahra miluan ekskul Qur’an Club di sakola, sarta aktif di ekskul Irsyad. Di luar sakola, Zahra ngaji di Rumah Quran Lembang. Ku kagiatan éta Zahra hafal juz 30, laju ngeureuyeuh hafalan juz 29.***
Leave a comment