Moal matak karoroncodan ulin di tempat Wisata Batu Kuda mah, sabab harga karcis asupna gé henteu mahal. Teu matak héran upama tempat wisata nu perenahna di suku Gunung Manglayang téh pada ngadeugdeug. Siga kumaha? ***

Pikeun anu lain warga Kota Bandung atawa Kabupatén Bandung, mungkin masih asing jeung anu disebut Batu Kuda. Nyaéta tempat wisata leuweung anu perenahna aya di Kampung Cikonéng, Désa Cibiru Wétan, Kacamatan Cileunyi Kabupatén Bandung.
Mun disorang ti Jalan Raya Cibiru Cileunyi (tugu tapel wates Kota Bandung jeung Kabupatén Bandung) kurang leuwih 6 km. Taya angkutan anu husus ari lain ojég mah. Tapi ku sabab henteu jauh téa, nu ngajugjug ka Batu Kuda lian ti nu maraké mobil jeung motor, didatangan ogé ku nu tarumpak sapédah jeung anu laleumpang.
Aya sababaraha kauntungan ulin ka Batu Kuda mah. Diantarana bisa nyeuseup hawa pagunungan anu seger sarta mun datangna leumpang mah itung-itung olahraga. Komo deui harga karcis asupna kawilang murah nyaeta 10 nepi ka 15 rébu.

Wana Wisata Batu Kuda mangrupa cagar budaya anu teu meunang digunasika. Ceuk dina sajarahna batu ngajegir anu disebut Batu Kuda téh sabenerna siga bangkong ngadepong sagedé mobil treuk. Cenah tutunggangan Prabu Layang Kusuma sareng praméswarina Ratu Layang Sari anu tigebrus teu bisa bagerak deui di éta tempat sarta ngawujud jadi batu.
Anggangna ti gapura tempat parkir kandaraan ka situs Batu Kuda téh 800 méter, ngaliwatan jalan nanjak satapak anu di sisina rajeg tangkal pineus, kopi jeung tutuwuhan lianna. Sabenerna loba batu garedé sabudeur Wana Wisata Batu Kuda téh, tapi taya anu sagedé jeung sarupa jeung wangun kuda saperti anu dicaritakeun di luhur.
Tempat Kémping
Tong ngarepkeun aya karaméan di tempat Wisata Batu Kuda mah. Nu kadéngé paling ukur récétna sora manuk jeung hiliwirna angin anu neumbagan dangdaunan. Tapi ku hal éta malah jadi leuwih narik ati keur anu panasaran mah.


Lian ti bisa dipaké ‘out bound’, ‘hiking’ jeung cocog pikeun wisata kulawarga, Batu Kuda jadi tempat anu paling dipikaresep ku nu kémping jeung resep kana dunya fotography. Teu anéh mun nyanghareupan poé poé peré, ténda-ténda rapang di Batu Kuda.
Salah sahijina rombongan Kang Asep urang Jalan Manisi Kota Bandung. Geus sababaraha kali cenah Kang Asep kémping di Batu Kuda. Boh jeung balad di lemburna, atawa jeung babaturan sakantorna.
“Henteu bosen. Malihan resep. Sono ku simpéna, ku tirisna,” ceuk Asep anu basa kémping dibaturan ogé ku budakna.
Kadang anu kémping téh sok mekel alat-alat sorangan, atawa nyéwa anu disadiakeun ku nu ngokolakeun. Kaasup suluh pikeun nyieun api ungun, bisa dibeuli kalawan murah di warung-warung anu ngajajar sanggeusna tempat parkir.
Toilet beresih, warung tempat jajaneun ogé réa.
“Nu teu acan aya atanapi moal aya mah wisata air,” ceuk Asep deui.
Tapi ku kitu, moal matak pugag lalampahan. Najan taya tempat wisata air, Wana Wisata Batu Kuda tetep jadi pangjugjugan. Lian ti tempatna teu jauh ti puseur Kota Bandung, tempat asri di suku Gunung Manglayang téh fasilitasna kawilang lengkep. Henteu anéh ti mimiti barudak TK, rumaja jeung kaom Ibu réa anu sukan sukan ka Batu Kuda.

Nu jelas ka Batu Kuda mah kudu mekel baju haneut atawa jékét. Sabab hawana tiis da di pagunungan. Komo keur nu rék kémping mah, bebekelan kudu lengkep. ***
Manglé 2922
Leave a comment