Unggal daérah atawa kota sok boga jujuluk. Contona Garut nu sok disebut Kota Inten atawa Tasik nu sok dilandi Kota Resik. Banjarmasin ogé boga landian nyaéta A Thousand River City atawa Kota Sarébu Walungan. Siga kumaha? ***
Sababaraha kali ka Banjarmasin, tetep mun mulang téh mawa panineungan. Padahal dina sakalina indit téh paling lila gé ukur saminggu. Nyaéta dina kagiatan olahraga husus wartawan nu disebut Porwanas.
Ka Banjarmasin panganyarna nyaéta Agustus 2024. Rarasaan mah suasana ampir taya bédana jeung Banjarmasin sababaraha taun kaliwat nu kungsi kaalaman didatangan. Nu jelas mah jalan-jalan beuki leucir da ari gedé mah geus ti dituna. Sabab di Kalimantan mah umumna jalan-jalan téh rarubak.

Saluyu jeung jujulukna anu disebut Banjarmasin A Thoushand Rivers City atawa Kota Sarébu Walungan, mémang di éta kota loba pisan walungan jeung susukan. Malah di kotana pisan pan aya Walungan Barito nu panggedéna di Kalimantan Selatan sarta ngamuara di Laut Jawa.
Kitu deui aya Walungan Martapura minangka walungan pangpanjangna di Kalimantan Selatan nu meulah Kota Banjarmasin jadi dua bagian sarta sohor ka mamana.

Di sisi walungan Martapura éta utamana anu aya di tengah kota, diwangun tempat jalan-jalan, olah raga jeung paragi wisata. Tempatna genaheun pisan. Teu anéh lain ukur sok jadi pangjugjugan anu anyar apal ka éta tempat, tapi pada ngadatangan ogé ku warga kotana kalawan rupa rupa pamaksudan.
Malahan kantor-kantor pamaréntah Kota Banjarmasin gé réa anu diwangun di Jalan Jendral Sudirman sabudeur Walungan Martapura. Kitu deui di jalan éta aya mangrupa tugu Nol KM Banjarmasin sarta wangunan Menara Pandang peuntaseun Jalan Sudirman sisieun pisan Walungan Martapura.
Sapanjang sisi Walungan Martapura anu aya di Jalan Sudirman jeung peuntaseunana, dipager beusi anu lain waé matak aman keur wisatawan, tapi oge nambahan kaéndahan. Malahan aya sababaraha wangunan anu gunana pikeun naék jeung nurunkeun panumpang tina parahu anu ogé ajangkeuneun keur nu rék istirahat.
Ku sabab disebutna ogé Kota Sarébu Walungan, jadi walungan téh pada nganggap penting pisan. Kandaraan cai nu mangrupa parahu kolotok geus teu anéh deui tingsuliwer siga taya reureuhna. Boh anu dipaké ngakut hasil pepelakan saperti sayuran jeung bungbuahan, atawa digunakeun pikeun kaperluan mawa wisatawan ilaharna kandaraan séwaan.

Nu paling narik atina pikeun wisatawan, unggal poé Minggu di Walungan Martapura nu di tengah kota téa, lian ti aya terminal parahu kolotok séwaan, aya ogé pasar terapung anu jadi ciri atawa ‘icon’ Kota Banjarmasin. Di pasar terapung éta rupa-rupa kaolahan saperti deungeun sangu, bungbuahan, sayuran, kulinér ciri Banjarmasin jeung nu lianna dijual dina parahu.
Kumaha ilaharna pasar di darat wé, raména nataku. Nu barangbeuli jeung nu ngajual sarua dina parahu. Nu daragangna gé réa anu ti jauhna. Diantarana ti Martapura anu ngahajakeun jualan lamun ka dinya téh nyorang lalampahan puluhan kilométer.
Sarébu Walungan
Banjarmasin anu jujulukna Kota Sarébu Walungan téh memang ku sabab wilayahna réa kaliliwatan ku walungan gedé, walungan leutik jeung kanal anu jadi bagian penting keur kahirupan warga Banjarmasin pikeun digunakeun keur sababraha aktipitas saperti transportasi, perdagangan jeung wisata.

Lian ti aya Walungan Barito jeung Martapura, aya oge Walungan Kuin nyaeta Walungan nu boga sajarah tempat ngadegna Kasultanan Banjar. Kitu deui aya Walungan Alalak anu sarua boga pasar terapung Lok Baintan.

Lian ti boga jujuluk Kota Sarébu Walungan, taun 2024 Kota Banjarmasin geus ditetepkeun jadi salah sahiji kota panghadéna di dunya. Nyaéta aya di jajaran 593 tina 1000 kota anu aya di dunya dumasar kana Oxford Economics Global Cities nu dirilis ku Oxford Economics sahandapeun Kota Bandung anu aya di peringkat 541. ***
Manglé 3015
Leave a comment