Carita Pondok

Balik

Jeujeur gentak ditarik ka tukang. Tungtung jeujeur melendoy, kenurna dipulut lalaunan. Sabot dogong pabetot-betot jeung nu diuseup, teuing kaeunteupan nanahaon, gedebrug! Juragan Sukarta ngarumpuyuk nambru dina korsi paragi nguseup, bari humaregung.

Share
Carpon Satya Nugraha-Balik
Share

Carpon Satya Nugraha

Juragan Sukarta katelah jalma beurat beunghar sa-Babakan Sudamala. Ngan hanjakal kalakuana teu akur jeung batur. Meditna kacida!

Cai talaga tinggurilap, oyag katebak angin. Guluyuur… kecebuk! Sora anu ngadayung, marengan parahu ngalaju muru ka tengah.

“Geus tong maju teuing, Wirya. Cukup di dieu! Susuganan tempatna bangénan,” ceuk Juragan Sukarta bari ngusiwelkeun eupan.

Peleweng useup dialungkeun sataker kebek. Kecemplung! Kukumbul ampul-ampulan ngambang dina cai talaga. Teu kungsi lila kukumbul nu tadina ngambang ampul-ampulan ngadadak ngelelep ka jero cai.

“Nya ceuk aing gé bangénan tempat téh, Wirya!”

Jeujeur gentak ditarik ka tukang. Tungtung jeujeur melendoy, kenurna dipulut lalaunan. Sabot dogong pabetot-betot jeung nu diuseup, teuing kaeunteupan nanahaon, gedebrug! Juragan Sukarta ngarumpuyuk nambru dina korsi paragi nguseup, bari humaregung.

“Haduuh sirah aing kunaon mani nyanyautan kieu, Wirya?” pokna nahan kanyeri.

“Kunaon juragan?” témbal Ki Wirya bari tibuburanjat nyampeurkeun nu keur humaregung.

“Bawa balik kami, Wirya. Teu kuat mani nyanyautan kieu,” pokna deui bari cul wé useup mah teu dipaliré.

Nu dititah gura-giru tuluy gep kana dayung. Kecebuk…kecebuk! Sora parahu didayung moro ka sisi talaga.

“Warni! Dasiiiim! Ieu kami tulungan!” ceuk Ki Wirya bari gogorowokan nyalukan baturna.

“Éta juragan kunaon dipapayang kitu?” ceuk Ki Dasim bari tuluy mantuan.

Juragan Sukarta teu walakaya. Panonna peureum, tapi angger humaregung.

“Kunaon ieu téh Wirya, juragan nepi ka kieu?” ceuk Warni bari tuluy ngusapan tarang Juragana nu cipruk ku késang.

“Kateuing atuh Warni, kami gé teu ngarti.”

“Ayeuna urang kudu kumaha? Palangsiang, Kang,” ceuk Warni.

“Kuring rék ka lembur néang Bah Sani,” pokna bari tuluy ngabecir ka lembur.

Juragan Sukarta cengkat nyekelan beuheung, bari pokna, “Cai, ménta cai. Eungap!”

Tapi teu hiji-hiji acan bujangna nu némbalan. Ras manéhna inget ka talaga tukangeun imah, “Genah lamun bisa ngeueum di talaga jigana.”

Jung baé leumpang najan kokoloyongan ka tukangeun imah. Gejebuuur…! Hawa tiis karasa nyecep nyerep kana pori-pori kulitna. Beuki lila beuki ngelelep ka jero talaga.

“Ngadon naon andika di dinya?”

Teuing ti mana datangna, ujug-ujug aya lauk lélé sagedé panto hareupeun beungeutna.

“Di dinya nu nyarita bieu téh?” ceuk Sukarta.

“Enya kula! Na saha deui?” témbal éta lélé.

“Teu kukumaha, ngan panasaran wé aya lélé bisa ngomong!”

“Pédah wé kula ningali aya jelema teuleum. Rék maehan manéh?”

“Ah, ngahaja wé da asa genah. Di darat mah bet panas kacida, jeung eungap,” témbal Sukarta bari nangtung di dasar talaga. Ku manéhna teu karasa nanaon sanajan di jero cai, tapi éstu sarua kawas kaayaan di darat.

“Bagja temen jigana mun kuring bisa hirup cara lauk,” gerentes Sukarta bari ningali lélé nu berwés sungutna.

“Dasar manusa! Kawas nu heueuh. Sisit teu boga, buntut teu gableg, rék kumaha hirup cara lauk?” ceuk lélé nyindiran.

“Enya ari kituna mah. Tapi kami geus moal betah hirup di darat,” témbal Sukarta.

“Hayang hirup kawas lauk?”

“Puguh wé, pan éta nu cikénéh diomongkeun ku kami.”

“Yu tuturkeun. Urang ngadeuheus ka Gusti Kancrajaya sugan andika kabiruyungan anugrah,” ceuk lélé bari tuluy ngejat, miang rék munjungan. Sukarta nuturkeun.

Teu lila maranéhna nepi ka hiji guha. Tiluar katangén aya lauk sagedé kasur keur ngagéboy-géboykeun buntutna.

“Pangapunten, Nun, abdi Ki Lebaganggong seja ngadeuheus,” ceuk lélé Ki lebaganggong bari cong nyembah.

“Aya naon? Yap ka dieu.”

“Ieu kula mawa manusa. Saurna badé aya peryogi ka salira.”

“Heug, sina ka dieu,” témbal Kancrajaya bari gék na batu lémpar. Teu lila pok deui nanya,

“Beja ti Ki Lebaganggong, andika hayang hirup kawas lauk?”

“Sumuhun, Pangersa.”

“Heug, ku kami diidinan. Tah teureuy ieu mustika,” ceuk Prabu Kancrajaya bari ngalungkeun mustika sagedé siki kedelé.

Sanggeus neureuy mustika, rep Sukarta sila bari peureum. Teu lila, karasaeun aya nu robah palebah sukuna. Barang dirérét sihoréng sukuna geus robah jadi buntut lauk. Pon kitu deui leungeun jeung awakna.

“Tah ayeuna andika geus sabangsa jeung kula. Omat ulah ngalanggar aturan!”

“Diéstokeun pisan, Pangersa,” témbal Sukarta bari cong nyembah.

“Hirup di dieu mah bébas. Bral téang kahakanan ka mana baé. Moal aya nu nyarék. Ngan omat, ulah wani-wani ngahakan cacing anu ngagantung bari aya talian. Sabab jerona aya useupan,” ceuk Kancrajaya, “Jung geura indit, geura nyiar kahakanan.”

Nu dijurung, kebat lumpat nyérépét meulah cai. Sanggeus lila sésérépétan, beuteungna karasa lapar. Tuluy manéhna susur-sasar bari gudal-gadil kana leutak sugan manggih cacing.

“Beu, mani euweuh sahijieun nu bisa dihakan,” gerentesna bari hayoh gudal-gadil kana dasar talaga. Barang rét ka luhur, “Eh, naon éta ukay-ukey semu beureum jiga cacing? Ah enya cacing! Geuning masih dikersakeun bisa barang hakan.”

Lalaunan nyampeurkeun cacing nu ngagantung. Tapi saméméh ngahakan éta cacing, ras Sukarta inget ka wejangan Kancrajaya yén tong sakali-kali ngahakan cacing nu ditalian, sabab jerona aya useupan!

Pikiran Sukarta baluweng.

“Tapi naon hartina useup keur lauk sakarat nu teu manggih hakaneun? Boa ukur ngabobodo!” gerentesna bari ngadeukeutan cacing nu semu beureum pikabitaeun. Ceplok! Cacing téh dicapluk asup kana tikorona. Tapi, heuk! Aya nu nyangked di jero tikorona. “Aduh useup ieu mah moal salah!” gerentesna bari kokojotan ngaleupaskeun useup nu ngait dina tikorona. Beuki lila lain beuki lésot kalah ka beuki unggah ka luhur da useup dibetot ku nu nguseupna.

“Rejeki gedé, Dasim! Tingali kuring meunang lauk emas sakieu gedéna!” ceuk Ki Wirya bari surak! Lauk dihanjatkeun kana parahu, gagarapakan béak polah.

“Leupaskeun kami, Wirya. Na teu apal kami saha?!” ceuk Sukarta bari gagarapakan ka ditu-ka dieu. Nu diajak ngomong boro-boro ngadéngéeun, da katingali ku manéhna mah ukur lauk gagarapakan bari sungutna engap-engapan.

“Pantesna digoréng garing. Nikmat ieu mah!” ceuk Ki Wirya bari imut sorangan.

Lauk sakapeung gagarapakan kénéh sabot digolérkeun na talenan, ngan teu mindeng teuing. Leuleus meureun titadi hayoh teu daék cicing.

“Pulangkeun kami Wirya, eungap! Hayang duit sabaraha? Mun tanah hayang sakumaha? asal balikkeun kami ka talaga!” ceuk sukarta, bari sora jeung tanagana beuki lila beuki suda.

Anu diajak ngomong anteng ngasah péso bari pokna, “Saumur hirup jadi bujang can ngasaan lauk jiga kieu. Tong boro lauk, bet témpé gé geuning mani aripis ngeureutanana, kumed kacida boga dunungan téh!”

Wirya tuluy ngasah péso. Omongan Ki Wirya tadi kadéngéeun écés pisan ku Sukarta.

“Hampura kuring, Wirya! Kuring moal kumed, moal pedit, rék nyaah ka manéh, Wirya. Geura balikkeun kami ka cai,” ceuk Sukarta bari cirambay engap-engapan.

Rengsé ngasah péso Ki Wirya gep kana lauk. Awak lauk téh diusapan bari ngomong,

“Sing rido manéh, lauk, rék jadi eusi peujit kami,” tuluy lauk téh disangigirkeun.

“Ampun Wirya, tong dituluykeun! Hampura kami, Wirya!”

Seuseukeut péso ngagurilap katojo cahya panonpoé anu nyulusup tina jandéla.

“Bismillah…” gerentes Ki Wirya rék meuncit lauk, mersihan jero peujitna.

Teu kungsi lila, ceb! Gérésél! Getih beureum ngabayabah!

“Ampuun kuring ulah dipaéhan!” Juragan Sukarta hudang tina kasurna. Ceurik ngaguk-guk badis bolon. Dasim jeung Warni ngejat ka tukang. Sili pelong bakat reuwaseun ningali Juraganna cengkat bari ngagorowok.

“Alhamdulillah… Juragan tos tiasa gugah deui.” ceuk Warni ngawani-wanikeun manéh.

Nu ditanya lain ngajawab, tapi kalah ka tuluy ceurik bari pokna, “Hampura kuring Dasim, jeung manéh Warni. Rumasa kuring salah, hampura,” ceuk Juragan Sukarta bari nyuuh. ***

Bandung, Nopember 2024

Edisi majalah: 3006

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carpon Saéfudin Firmansyah-WAYAHNA
Carita Pondok

Wayahna

Pamajikanna deuih loba kahayang. Samarukna salaki jadi kepala téh kawas batur. Ieu...

Carpon Lemoel-Taun Anyar Nu Ayeuna
Carita Pondok

Maleman Taun Anyar

Harga diri salaku lalaki ancur, asa hina jeung taya guna. Tapi akal...

Carpon Kiki Oke Yasminiati-Nu Nyampeurkeun di Candi
Carita Pondok

Nu Nyampeurkeun di Candi

Dirina pasrah tumarima kana papastén ti nu Maha Kawasa. Geus kudu kitu...

Carita Pondok

Surat dina Buku Agénda

Méméh asup katingali mahasiswa ngagimbung hareupeun rohangan kuliah. Mahasiswa lalaki sawaréh katingali...