Ku Radian Prasetya
Tabuh dua leuwih seuneu geus ngabebela. Peuting keur meujeuhna jempling. Nu mimiti nangénan Ursad, tukang sayur nu rék balanja ka dayeuh kana sapédah. Hadéna teu kaburu mapay ka pabrik. Ngan imah leutik deukeut pabrik, nu dieusian ku A Hiaw geus béak sapotong basa kanyahoan ku Ursad téh.
Kajadianana di kompleks pabrik konveksi papakéan barudak, bogana Irwan Kartajaya, nu baréto mah Wang Kiat Jie. Kapanggih di imah A Hiaw mayit jalma geus génghék, teu kanyahoan saha-sahana. Ngan bisa dipastikeun, korban nu kahuruan téh lalaki.
Aya sababaraha urang karyawan pabrik nu cicing di kompleks. Di antarana A Hiaw, bubujangan kénéh, anu tilu bulan deui rék kawin ka Linawati, sarua pada pagawé pabrik, ngan matuhna di kota jeung kolotna, Ruhiat alias Lung Kiat, minangka karyawan pangjenengna nu cicing di kompleks. Di imahna aya telepon, Ruhiat ogé sarua bubujangan kénéh. Nu séjénna: satpam jeung jaga malem, pesuruh baé dua jodo.
Dumadakan, basa aya kahuruan téa, jaga malem nu kapapancénan peuting harita, kalah nyalegrék di pos. sanggeus Ursad gogorowokan téh, lila seuneu téh dipareumanana. Atuh kaburu ngabebela mantén.
“Layon geus bisa diidentifikasi?” cék Kaptén Sidik.
“Teu acan, Pa. nanging moal saha deui, tangtos Si A Hiaw,”
“Puguh, tapi kudu pasti,”
“Kantenan,” cék Létnan Sarip, “A Hiaw numutkeun katerangan mah harita henteu kaluar ti imahna. Lalaki resep cicing di imah, tara ngulayaban wengi-wengi sapertos jalma bubujanan sanésna,”
“Geus kapanggih naon nu ngalantarankeun kahuruan?”
“Parantos, Pa. sabangsa bahan kimia anu teu kinten sengetna, numutkeun pamariosan labkrim mah,”
Kaptén Sidik ngahuleng sajongjonan.
“Lain kahuruan atuh. Ngahaja diduruk!”
Kaptén Sidik beuki panasaran, lantaran kajadian kahuruan téh bet leuir pisan kapanggihna. Mun seug Ursad harita henteu balanja ka pasar, boa sakompleks kabéh kahuruan.
Irwan Kartajaya dipénta kateranganana. Mémang diaku ku manéhna pausahaan konveksina rada kendor produksina. Lantaran mimiti aya saingan impor papakéan jadi ti Taiwan. Aya kamungkinan dihuruna imah A Hiaw di kompleks pabrik mangrupa tarékah pikeun meunang duit asuransi.
Jaga malem anu duaan basa ditanya téh, jajawabanana éstu sahinasna. Taya ulat sieun, tapi sabalikna deuih henteu mancangah.
“Sumuhun, rumaos talobéh. Duka kumaha mana tunduh-tunduh teuing!” cék nu saurang.
“Di dinya boga hutang ka A Hiaw?”
“Su… sumuhun,” pokna lalaunan.
“Tacan bisa mayar? Ku A Hiaw ditatagih terus?”
“Leres, tapi urusan hutang mah Pa, moal punah ku ngaduruk imah,” pokna teuneung.
“Na cék saha kitu?” témbal Kaptén Sidik bari némbongkeun wibawana.
“Bapa hayang nanya Ruhiat,” cék Pa Hikmat ka Kaptén Sidik.
“Tiasa,” walon Kaptén Sidik. “Nanging ku abdi parantos ditaros. Taya hal-hal nu istiméwa. Dina urusan pagawéan taya codékana. Manéhna anu nelepon dinas pemadam kebakaran,”
Ruhiat, WNI turuna Cina, cara karéréanana staf di éta pabrik. Umurna ngahaeub ka tilupuluh, tapi tacan kawin. Jangkung leutik, perlénté, papakéanana singsarwa marahal. Aya kesan beberenjen. Buukna galling aya tapak dikreul.
“Tabuh sabaraha kajadianana?” cék Pa Hikmat.
“Yaaah… teu nyaho, nya. Saya keur saré, kadéngé nu rebut-ribut… cocorowokan… kahuruan! Kahuruan! Yaah… kitu lah. Tabuh dua tabuh tilu,”
Rét Pa Hikmat kana tarangna nu buncunur.
“Éta kunaon?”
“Oh, iyah… tidagor, basa rék nelepon… poék sih. Aliran listrik ku satpam diputuskeun, bahaya!”
“Geus kitu kumaha? Terus nelepon?”
“Enya. Ka pemadam kebakaran. Tapi lila teu nyambung-nyambung baé,”
“Listrik pareum nepi ka iraha?”
“Yaaah… teu nyaho, nya. Saya teu merhatikeun, sih. Terus néngok mayit Si A Hiaw di imahna,”
“Basa nelepon, lampu pareum kénéh?”
“Enya,”
Rét Pa Hikmat ka Kaptén Sidik. “Kumaha geus bisa diidentifikasikeun?”
“Teu acan, Pa!”
“Jadi tacan bisa dicindekkeun yén mayit nu aya di imah Si A Hiaw téh manéhna?”
“Ah, saya deui atuh!” Ruhiat némbrong.
“Teu mustahil, aya lalaki nyémah peuting-peuting ka imah Si A Hiaw. Nu boga imah nyelang ka luar heula, nepi ka dihuruna imah, manéhna tacan balik,”
“Dupi korban?”
“Tah éta nu kudu dicindekkeun téh, saha?”
“Si A Hiaw! Saya nyaho…” Ruhiat megat kalimah. Tapi omonganana teu dituluykeun.
“Si A Hiaw! Saya nyaho…” omong Pa Hikmat lalaunan nurutan Ruhiat.
“Janten…” cék Kaptén Sidik, “aya kamungkinan A Hiaw hirup kénéh?”
“Puguh. Inget Idik kana lalakon Balé Sigala-gala nu kungsi didongéngkeun ku Bapa jaman keur SMP baréto?”
“Ké Pa, sakedap… hilap deui abdi mah,”
Ruhiat méléngék, teu ngarti. Naha éta jalma nu dua bet los-los kana lalakon wayang sagala?
“Ih, Idik mah. Éta téa geuning basa Pandawa diperdaya ku Kurawa. Ditundung, tuluy sina meuting di imah nu geus ditaheunan ku sabansaning anu senget, rék dihuru. Hadéna diélingan ku Aris Widura, cenah kudu ngamuhit kana élmu landak,”
“Euh, leres, émut ayeuna mah. Aya nu ngarereb saanak-anak ka Balé Sigala-gala, tempat Pandawa sareng Kunti mareuting. Pandawa lolos ngagunakeun élmu landak. Nu kahuru mah sémah téa. Pandawa katut Kunti salamet,”
“Enya,” témbal Pa Hikmat. “Tah geuning inget,”
Ruhiat beuki teu ngarti.
“Janten,” cék Kaptén Sidik, “Aya kamungkinan A Hiaw salamet?”
“Bener,” témbal Pa Hikmat, “nu matak kudu dipastikeun heula identitasna,”
“Ah, henteu. Saya nyaho sorangan,” cék Ruhiat ngagerenyem.
Najan kitu, ku Pa Hikmat kalimah anu siga pangangguran téh dianggap penting. “Kadé, Dik. Ruhiat ulah dikoncar!”
“Janten?”
“Tuluy interogasi!”
“Maksad Bapa?”
“Kateranganana ngaco. Tarangna buncunur, cenah basa rék nelepon, lantaran listrik pareum.
Nelepon ka dinas pemadam kebakaran, teu nyambung. Cik sok, saha nu bisa nelepon muter-muter dial bari mopoék? Iwal nu lolong, kitu ogé kudu geus asak latihan,”
Kaptén Sidik teu némbalan. Geus apal kana kabiasaan guruna baréto. Sok tuluy nyambung kateranganana, sanggeus ngarandeg, ku nu leuwih penting.
“Manéhna yakin nu génghék téh A Hiaw. Ngahaja ku Bapa ditonjolkeun sempalan Balé Sigala-gala, hayang nyaho réaksina. Identitas mayit nu teu acan pasti, sarta kamungkinan A Hiaw hirup kénéh. Tapi kanyahoan ku Bapa Ruhiat mah bener-bener bisa mastikeun mayit téh Si A Hiaw. Si A Hiaw, saya nyaho, pokna.
Tangtu! Da manéhna nu maéhanana. Tuluy deui kalimah, ah, henteu, saya nyaho sorangan. Beuki ngayakinkeun Bapa, yén manéhna nu boga dosa.
Magar nelepon téh bohong. Da puguh mah ngahéphép sanggeus ngaduruk imah A Hiaw,”
“Nanging naon atuh motifna?”
“Tugas Idik éta mah. Nu matak interogasi nepi ka korédas.
Taksiran Bapa mah, nu jadi alatanana biasa, parebut awéwé! Lain A Hiaw téh geus hahadéan jeung Linawati? Si Ruhiat ogé aya karep. Maksud manéhna lain ngan rék ngahuru Si Hiaw wungkul, tapi sakabéh kompleks.
Engkéna tangtu Irwan Kertajaya nu bakal jadi paneumbleuhan. Kapan cék Idik, usahana keur mundur. Si Ruhiat nyahoeun. Tah kitu!”
Kaptén Sidik ngarénghap bari gogodeg. Ngarasa reueus ka guruna baréto, éta cara mikirna éstu sistimatis jeung pikahartieun.
“Mung panginten, Pa, aya béntenna sareng lalakon Balé Sigala-gala,”
Pa Hikmat teu némbalan.
“Muhun, dina Balé Sigala-gala mah Pandawa téh salamet, dina kasus ieu mah A Hiaw…”
“Bongan henteu boga élmu landak!” Pa Hikmat megat kalimah bari imut.
Edisi majalah: 2987
Leave a comment