Home Atikan Budaya Badud, Hirup Teu Neut Paeh Teu Hos
Budaya

Badud, Hirup Teu Neut Paeh Teu Hos

Ari magelaranana, seni badud mah cukup dina dadatar saluareun balandongan. Diwatesna cikup ku riungan anu ngalalajoan.

Share
tradisi badud
Tradisi Badud
Share

Ditulis ku: Ummi Annadzriel

Wanoh jeung seni badud téh mareng jeung apal ka wayang golék katut ibing ronggéng. Anu jadi marga lantaran pangna kitu téh kapan lamun aya nu kariaan, pangpangna anu ngariakeun pangantén sunat jeung pangantén gusar hég nanggap wayang golék atawa ibing rongggéng dina tengah-tengah pagelaran téh sok diselapan ku nanggap seni badud. Bari sakapeungna mah sok aya merengilna dina haté téh.

Atuda pan lamun nu kariaan nyelapkeun badud téh, pedaran dalang bakal kaganggu da waktuna kacokot ku pagelaran badud sawaréh.

Seni badud téh nyaéta seni tradisi helaran anu dimumulé ku warga masarakat nu aya di pilemburan pasisian Kabupatén Pangandaran, nyaéta di wewengkon Kacamatan Margacinta Tonggoh anu lemburna  ngawates jeung Kacamatan Cigugur. Jadi anu sok nanggapna ogé masarakat anu kariaan di lelewek dua kacamatan éta.

Ka beulah dieunakeun minangkana badud  sok diabenkeun  dina acara milangkala kabupatén atawa dina acara-acara pentas seni anu diayakeun ku organisasi atawa éven-éven féstival séjénna.  Dina gégkgékanana ieu kasenian téh teu béda jeung kasenian tradisional séjénna. Dina seni badud ogé sarua waé aya anu ngabogaan tugas nabeuh waditra pangiring, aya deuih anu tugasna jadi pamaénna. Waditrana cukup ku sapakét angklung laras saléndro jeung opat dogdog ukuran gedé. Jadi moal kurang ti 20 jalma anu miluanana lamun hayang nyieun rombongan seni badud téh.

Minangka anu ngabédakeunana téh atawa bisa ogé disebut leuwihna tina seni tradisi séjénna, dina lingkung seni badud mah kudu aya kokolot anu bagéan  ngarajah pamaén nyaéta kondisi pamaén tina éling dijieun jadi teu éling alias kasarumahan ku jurig jarian. Atuh engkéna lamun geus tamat magelaran nya si kokolot éta ogé anu bagéan ngahudangkeun deui pamaén sangkan balik deui ka alam sadar alias ngaluarkeun naon anu tadi didatangkeun.

Naon sababna tadi disebut seni badud bari ukur diselapkeun dina sesela pagelaran di nu kariaan, sabab satungtung inget asa tacan aya anu kariaan ngahajakeun nanggap seni badud sapoé jeput. Biasana mun geus  tengah poé pagelaran seni téh sok dieureunkeun ku panitia bari sakalian ngabéjaan yén rék aya acara turun mandi. Nya dina ieu acara turun mandi rombongan seni badud mimiti makalanganana téh.

Turun mandi téh nyaéta acara adat nginditkeun pangantén sunat atawa pangantén gusar ti balandongan ka tampian. Ngahaja sok nyiar tampian nu rada anggang ti balandongan. Sigana mah meureun mun cék basa jaman ayeuna mah kirab pangantén téa.

Pangantén tumpak kuda diaping ku ema paraji anu engkéna téh jadi juru rias, dituturkeun ku abringan  babaturan ulinna. Tah, satukangeun pangantén téh aya deui abringan husus nu mawa tatabeuhan nyaéta angklung jeung dogdog. Nya ieu pisan tatabeuhan anu paké pangiring dina seni badud téh.

Keur mangkat rék turun mandi mah tatabeuhan téh wirahmana ogé nyalsé teu matak éndag kana jajantung nu dipalar sangkan pangantén suka bungah. Béda deui sanggeus usum mulangna. Nakol dogdog patarik-tarik, angklungna ogé dikerepkeun bari diémbohan ku sora nu beluk ongkoh.

Loba budak nu pogog lalajo buru-buru ngajak balik ka kolotna da sieun ku sora tatabeuhan pangiring nu turun mandi. Harianeun lamun geus bréh nempo nu siga sasatoanana, beuki riweuh wé kaayaan téh ku sora budak anu caleurik alatan sieun.

Di tempat turun mandi téh sabot pangantén dimandian laju didangdanan, anggota rombongan seni badud ogé sarua milu darangdan. Anu bagéan nabeuh waditra maraké seragam dipangsi sedengkeun anu bagéan jadi pamaénna mah nyaralin maké papakéan anu nyarupaan sato leuweung.

Mulangna, pangantén geus salin rupa sabada didangdanan ku ema paraji téh dituturkeun ku anu sarua geus meunang dangdan salin rupa. Ngan bédana téh anu nuturkeun pangantén mah jadi pikasieuneun sabab nu dipakéna téh papakéan anu mirupa sato leuweung. Aya nu mirupa monyét, lutung, aya anu mirupa bagong, ajag jeung aya anu mirupa maung. Pon kitu deui topéng anu dipaké nutupan beungeutna ogé pas pisan jeung rurupaan éta sasatoan.

Ari magelaranana, seni badud mah cukup dina dadatar saluareun balandongan. Diwatesna cikup ku riungan anu ngalalajoan. Ti saméméh rombongan pangantén datang téh palebah tempat anu rék dipaké magelaran ku rombongan seni badud mah geus dicirian ku dua nyiru anu eusina téh sanyiru sasajén kayaning rujak kembang eros, kopi hideung, kulub endog, rujak cau emas jeung cau raja katut surutu, ari sanyiru deui mah susuguh mirupa parab sasatoan.

Aya paré sageugeus, aya cau asak saturuy, aya dawegan, aya ogé kalapana. Aya tiwu, jeung daging atah!

Lian ti éta disadiakeun ogé parukuyan anu geus ngelun dieusi areng morongmong anu engkéna bakal dipake nyengeut menyan ku kokolot rombongan téa. Haseup pameuleuman menyan téh minangkana mah pangemat pikeun ngadatangkeun jurig jarian sangkan datang arasup kana awak nu jadi pamaén téa.

Biasana mah lamun di balandongan geus bérés acara nyawér pangantén, breng wé balad badud magelaran. Dogdog jeung angklung wirahmana digancangkeun bari leuwih ditarikkeun. Pamaén anu mirupa sasatoan leuweung téh jongjon ngigelan sora tatabeuhan pating aringguk nyeta-nyeta kalakuan éta sasatoan.

Sanggeus sababaraha jongjongan, kokolot rombongan buru-buru ngadeukeutan parukuyan ngadon nyeungeutkeun menyan. Ti dinya éta parukuyan téh dideukeutkeun ka tilu sasatoan mamalihan anu keur pating aringguk nuturkeun wirahma tatabeuhan. Minangka cara ngarajahna téh nyaéta haseup menyan téh diadekkeun kana palebah irung pamaén séwang-séwangan.

Geus kitu mah mimiti kaciri ku nu lalajo éta nu maraké papakéan sasatoan téh geus maju teu éling. Kaciri ibingna geus  mimiti teu nyorang kana wirahma, pamaén geus saradak-suruduk ka ditu, ka dieu sakahayangna.  Sakapeung siga rék ngarunjang ka budak leutik anu milu lalajo jeung kolotna. Atuh goak budak téh ceurik bari lumpat tibabaranting. Sakapeung culak-cileuk siga aya anu ditéangan laju nyuruduk ngadeukeutan ka palebah juru balandongan. Aya ogé nu nyampeurkeun wadah kadaharan, ungas-ingus siga nu hayang baranghakan.

Biasana lamun geus ngariung waé kana wadah susuguh mah topéngna sok gura-giru diudaran. Nya kitu téa kawantu meureun awakna geus dieusian jurig jarian, dina prakna nyatuan parab téh badis wé kabiasaan éta sato leuweung.

Anu jadi mamaungan ngahénggoy daging atah, anu jadi momonyétan nyisil paré tuluy miteskeun tiwu, dipesék ku huntu. Anu jadi babagongan ngeremus paré tina geugeusanana. Jongjon teu kireum-kireum.

Cacamuilan wé siga ngadahar kadaharan nu geus ilahar didahar sapopoéna.

Sakapeung sok aya anu kabur tina jero pakalangan nepikeun ka kudu dibaloro ku nu lalajo. Lamun geus katéwak buru-buru disampeurkeun ku kokolot rombongan pikeun disadarkeun. Biasana cukup ku disina diuk ajeg, ceulina ditiup, sirahna didungdak-déngdék, panungtungan ti tepak lebah pundukna. Bray wé kaciri ngumpul deui pangacianana. Lamun geus rada lila kakara cengkat babatek laju ménta nginum ka baladna.

Najan ukur cék cénah anu tadina ogé pabéja-béja tatalépa tina catur ti generasi ka generasi, majar seni badud téh geus aya ti abad ka-20 mula. Dimangpaatkeun pikeun kalangenan sabada usum ngahuma. Cénah deui waé, kailhaman ku mahabuna éta sasatoan ngarenjah pepelakan nya ngajanggélék jadi hiji seni tradisi.

Kangaranan seni anu mangrupa babagian tina mekarna kabudayaan tinangtu waé hirup-huripna téh gumantung ka masarakat anu ngamangpaatkeun jeung ngamumuléna. Rék ngaweuhan nepi ka madhap papat kumaha lamun taya anu nanggapna. Rék dipikawanoh ku anak incu kumaha lamun teu dibéré ruang jeung kasempetan pikeun ngalalajoanana.

Seni badud kiwari disebut pareum da sok aya kénéh nu nanggap, disebut hirup tapi da teu nitih sabulan sakali aya ngajak minton atawa magelaran. Semet jadi catetan kungsi aya nu hajat nyunatan atawa ngagusaran turun mandina dijurung ku seni badud.

Kabudayaan mah da dinamis henteu cicing ngabeungbleu dina hiji kaayaan. Seni badud anu tadina sari-sari mistis téh bisa waé robah ku kabinangkitan pamikiran generasi satuluyna. Anu penting galeuh-galeuhna seni tradisi badud teu nepi ka ngahiang kalindih ku pajamanan. Kitu gé lamun masih kénéh aya nu miduli tur aya nu hayang narékahan kumaha carana sangkan ieu seni patitinggal karuhun téh henteu ngan ukur semet jadi catur.

Pasisian Pangandaran, Juli 2024

Edisi majalah: 2992

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Pedaran Budaya-Batik Trusmi
Budaya

Trusmi, Puseur Batik Cirebonan

Ku: Ceuceu Gumilang Sing saha nu kungsi ulin ka wewengkon Cirebon nu...

BMKG
Budaya

BMKG Nalingakeun Galagat Alam

Ku : Edoy Suhendar Lamun karasa aya lini, nu didagoan ku masarakat...

Hidroponik Tatanén Téréh Panén
Budaya

Hidroponik Tatanén Téréh Panén

Ku: Edoy Suhendar Naha enya tatanén hidroponik téréh ka panén? Enya. Sababna,...

Kuliner Basisir Kaler
Budaya

Kuliner Basisir Kalér

Ku: Ceuceu Gumilang Cirebon kaceluk ku ayana makam salah saurang Wali Songo,...