Home Atikan Budaya Atikan Karakter Sunda di Paguyuban Pasundan
Budaya

Atikan Karakter Sunda di Paguyuban Pasundan

Share
Share

Ku Prof. Dr. Dadang Mulyana, M.Si*)

Sacara umum atikan téh upaya nu sistimatis dina raraga ngembangkeun poténsi subyék didik sangkan mibanda sistim mikir, sistim nilai, sistim moral, jeung sistim kayakinan nu bisa diwariskeun ka masarakat. Warisan tadi dipiharep bisa jadi cukang pikeun niléy kahirupan nu luyu jeung kahirupan kiwari katut kahirupan nu baris datang. Upama nyoko kana UU Sistem Pendidikan Nasional, yén atikan téh alat pikeun ngembangkeun jeung ngabentuk watak katut peradaban bangsa nu mibanda martabat dina raraga nyerdaskeun kahirupan bangsa, sangkan bisa ngembangkeun poténsi subyék didik jadi manusa nu iman kalawan taqwa ka Nu Mahakawasa, mibanda ahlak mulya, séhat kréatif, mandiri, jeung jadi warga nagara nu démokratis sarta tanggung jawab.

Upama ngatik ngadidik ngan ukur pikeun ngajadikeun manusa pinter atawa cerdas, tujuan éta dianggap gampil jeung geus jadi anggapan umum dina dunya atikan.Tapi umpama ngatik ngadidik ditempo dina sisi pikeun ngajadikeun manusa nu bener katut hadé tur bijaksana, tujuan atikan tadi jadi masalah, tujuanna teu gampang. Dina kaitan ieu ngatik ngadidik manusa pikeun jadi manusa bener jeung hadé katut bijaksana lain ngan ukur pinter jeung cerdas wungkul.

Kaitan jeung hal éta wajar pisan umpama pasualan moral atawa karakter jadi pasualan nu penting jeung fundamental dina dunya atikan kiwari. Kiwari karakter hirup nu méngpar geus jadi panyakit akut panyakit kronis dina kahirupan manusa. Geus loba fakta atawa kanyataan nu katempo natrat pisan kaitannana jeung hal-hal negatif nu dilakukeun ku bangsa urang, nu remen disebut dékadensi moral téa. Tumali jeung hal éta katémbong pisan pentingna atikan karakter pikeun warga bangsa jadi perhatian urang saréréa.

Tangtuna waé atikan karakter nu dilaksanakeun di sakola, sangkan hasil nu dipiharep tinekanan, sakabéh komponén nu kalibet kudu aktif, kaasup komponén atikan éta sorangan, nu nyatana eusi kurikulum, prosés ngatik ngadidik, paniténan kualitas hubungan ngokolakeun mata pelajaran, ngokolakeun sakolana, palaksanaan kualitas kagiatan ko kurikuler, pemberdayaan sarana prasarana katut waragad katut étos gawé sakabéh warga sakola.

Dekade ayeuna geus lumangsung naon nu disebut ja,am kagumulungan/globalisasi. Isu-isu globalisasi dunya tumuwuh ngabelesat naker. Isu-isu ngagumulungna dunya teu datang ujug-ujug. Hal ieu teu leupas alatan ningkatna persaingan ékonomi jeung pulitik global, nalika sababaraha kepentingan silih saingan katut ngadu kakuatan pikeun menang kauntungan. Kaitan jeung hal éta, ulah héran umpama kolompok-kolompok nu mibanda kapentingan ngembangkeun globalisasi, sabab hal éta bisa ningkatkeun kauntungan pikeun maranéhna.

Dina ngembangkeun isu-isu nu marengan globalisasi geus bisa dipastikeun sababaraha aspék kahirupan di nagara-nagara nu keuna ku dampak globalisasi ngalaman dampak global. Katémbongna dampak globalisasi téh diteunggeulkeun kana kasaragaman norma, niléy, étika katut éstétikana.

Ku ayana kasaragaman atawa kasaruaan ajén tadi dipaharep bisa ngawujudkeun kana saruana ajén katut norma-norma hirup di jero tatanan nu sarua. Sabab alatan disaruakeun ajén inajén jeung norma-norma kahirupan éta, bisa ngabalukarkeun sasaruaan dina ajén pulitik. Niléy ékonomi katut niléy sosial budaya séjénna. Teu tinggaleun dina kasaruaan ajén inajén tadi tangtuna gé bakal leuwih gampil pikeun kelompok-kelompok nu mibanda agénda  jeung kapentingan ékonomi, pulitik pikeun ngawasa hirup jeung kahirupan kelompok-kelompok séjénna.

Jaman kagumulungan atawa jaman globalisasi téh fénomena nu keur lumangsung dina jaman peradaban manusa kiwari jeung terus lumangsung katut tangtuna mangaruhan prosés kahirupan manusa. Salah sahiji nu ngajadikeun alat utama nu ngadorong lajuna globalisasi nyaéta faktor kamajuan téhnologi utaman bidang téhnologi informasi katut komunikasi nu beuki ngabelesatna. Prosés globalisasi ngabalukarkeun mangaruhan kabéh widang kahirupan manusa di alam ieu.

Globalisasi eukeur jeung engeus nyieun sabaraha rupa tangtangan katut masalah anyar nu kudu dijawab dina upaya ngamanpaatkeun globalisasi éta. Pikeun kapentingan kahirupan nagara-nagara berkembang siga nagara urang, globalisasi teu kabéh mawa hal nu positif, utamana pikeun kalangsungan ajén inajén budaya, hususna budaya lokal. Di jaman kiwari, budaya nagara-nagara maju bisa ngagésérkeun atawa ngarobah budaya-budaya katut ajén-inajén kahirupan daérah di alam ieu, kaasup kampung-kampung nu aya di nagara urang. Nempo sinyalemen nu aya, nu nyatana ayana globalisasi. Paguyban Pasundan téh hiji organisasi étno modern geus taki-taki pikeun nyanghareupan hal éta.

Atikan di Paguyuban Pasundan geus tibeh ditu kénéh diarahkeun kana atikan karakter nu landasan na budaya lokal/Sunda. Atikan karakter nu didadasar ku budaya Sunda nu geus lumangsung di Paguyuban Pasundan mibanda tujuan pikeun ngabentuk manusa-manusa atawa peserta didik nu mibanda kapribadianan.

Unggul nu salawasna ngajalankeun tétékon budaya Sunda sarta mampuh jadi agén parobahan di masarakat. Atikan nu dilaksanakeun di kulawadet Paguyuban Pasundan didadasaran tina filosofis jeung kaarifan lokal masarakat Sunda nyaéta Tri Djati Diri Paguyuban Pasundan. Jati diri éta ngawengku antarana: Pengkuh Agamana, Nyantri, Silih Asih, Jembar Budayana, Nyunda, Silih Asuh, Luhung Élmuna, Nyakola, Silih Asah. Tri Tangtu ieu dijadikeun tétékon di sajeroning ngaléngkah di dunya atikan Paguyuban Pasundan nu mangrupakeun landasan dina ngawangun karakter manusa Sunda paripurna..Dina kaitan jeung hal éta, atikan karakter nu didadasaran ku budaya Sunda ngahijikeun niléy-niléy tadi kana sagala wujud atikan, boh dina atikan formal, non formal, kitu ogé atikan informal.

Atikan nu dilaksanakeun di Paguyuban Pasundan teu ngan ukur kana kapinteran intelektual wungkul tapi ogé pikeun nguatkeun kapinteran sosial, émosional katut kapinteran spiritual. Niléy-niléy budaya nu diwariskeun ngaliwatan atikan dipiharep mampuh ngawujudkeun generasi nu mibanda sikep santun, handap asor dépé-dépé, pajoang, kalawan wani tapi ngahargaan harmoni nu aya di kahirupan masarakat.

Atikan karakter nu dilaksanakeun di Paguyuban Pasundan teu tinggaleun ngajarkeun seni tradisi katut basa Sunda nu mangrupa bagian integral tina idéntitas budaya Sunda. Hal éta dilaksanakeun ngaliwatan latihan seni musik tradisional, kaulinan-kaulinan rahayat katut basa Sunda. Ieu alpukah dilaksanakeun sangkan subyék didik ngarti, paham, katut ngahargaan budayana sorangan.

Di sagédéngeun hal éta lain ngan ukur ngawangun rasa reueus kana budaya sorangan tapi ogé bisa nguatkeun iketan sosial katut ngahirupkeun ajén-inajén. Sisi séjén dina atikan karakter di Paguyuban Pasundan nekenkeun étika dina kahirupan sapopoéna. Umpana waé ngahormat ka jalma nu leuwi kolot, jujur, bageur, bener, pinter, hideung sarta tatakrama séjénna jadi pitunjuk dina ngawangun harmoni kahirupan Paguyuban Pasundan. Étika atikan  tadi lain ngan saukur mangrupa atuaran wungkul, tapi diteueulkeun ngaliwatan katuladanneun jeung pangalaman langsung di jero paguyuban Pasundan.

Dina raraga nguatkeun karakter ieu, Paguyuban Pasundan nyoba ngadorong kolaborasi antara kulawarga, sakola katut masarakat. Hal éta dilaksanakeun wiréhing kulawarga mangrupa lingkungan mimiti jeung  utama dimana niléy-niléy pendidikan diterapkeun. Sakola salaku intitusi  atikan formal  mibanda peran nu teu éléh penting mana kulawarga, jadi tempat pikeun ngajeroan katut meraktekeun niléy-niléy kulawarga ngaliwatan kurikulum nu ngaintegrasikeun jeung budaya Sunda. Komponén masarakat ngaliwatan komonitas saperti Paguyuban Pasundan nyadiakeun ruang pikeun nguatkeun implementasi niléy-niléy dina kahirupan sapopoé.

Dina nyanghareupan tangtangan modernisasi katut globalisasi nu keur lumangsung jeung terus rék lumangsung, ngaliwatan nguatkeun idéntitas budaya ngaliwatan atikan ieu dipiharep ngabantu subyék didik pikeun tetep ngakar kana budaya budaya lokal tapi bari jeung ngojayan kana budaya global nu keur lumangsung. Paling henteu atikan karakter ieu bisa ngabentuk sikep adaptip, kritis katut inovatif, sangkan generasi nu dihasilkeun teu ngan ukur bisa bersaing di tingkatan global tapi ogé bisa ngajaga warisan budaya karuhunna.

Sacara umum atikan karakter nu didadasaran ku budaya Sunda nu ditetepkeun ku Paguyuban Pasundan téh upaya hololistik dina raraga ngawangun manusa nu mibanda karakter, pejuang, petaruang, kuat, berintegritas, sarta bisa méré kontribusi positif dina sajeroning kahirupan masarakat. Ngaliwatan modél ieu nu nyatana ngadumaniskeun niléy-niléy budaya lokal dina kaitan ieu budaya Sunda. Atikan ieu teu ngan saukur ngawariskeun budaya karuhun, tapi ogé nyiptakeun generasi-generasi nu mampuh ngajawab tangtangan jaman tapi teu kaleungitan Jati Diri Sunda. Cag!

*)Ketua Yayasan Pendidikan Dasar Dan Menengah (YPDM) Pasundan.

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Budaya

Pamikiran Pulitik Urang Sunda

Ku Ade Priangani*) Unggal masarakat atawa peradaban pinasti miboga ajén-inajén pulitik, sabab...

Budaya

KAMANDANG SUNDA NGEUNAAN MANAJEMEN

ku Ade Priangani *) Manajemén mangrupa prosés ngararancang atawa ngatur hiji lembaga...

Budaya

NGARAK OGOH-OGOH NGUSIR BUTHA KALA

Ditulis ku: Wijati Rikma Dewi Salian ti Galungan, Kuningan, Saraswati, Pagerwesi, reujeung...

Budaya

Miéling Poé Basa Indung Sadunya, Waktuna Sunda Mageuhan Idéntitasna

Rumah Aspirasi Berdaya kalayan rukun gawé jeung Manglé ngagelar acara ‘Saréséhan Seni...