Home Warta Katumbiri APTISI Jabar Ngajak PTS Daria Ngokolakeun Dana KIP
Katumbiri

APTISI Jabar Ngajak PTS Daria Ngokolakeun Dana KIP

Share
Audeinsi FWP Jabar ka APTISI Jabar
Share

Kota Bandung –Kartu Indonesia Pintar (KIP) téh wangun kanyaah Pamaréntah sangkan masarakat ékonomi alit bisa nuluykeun atikan ka paguron luhur. Dana KIP nu katarima saban seméster ku mahasiswa téh éstu keur nyukupan pangabutuh saluareun biaya kuliah. Ngan rajeun mahasiswa téh narimana henteu weuteuh. Nilik kana hal éta, APTISI (Asosiasi Perguruan Tinggi Swasta Indonesia) Jawa Barat (Jabar) ngawanti-wanti PTS teu nyocéng Dana KIP.

Hal éta ditepikeun ku Ketua APTISI Jabar, Prof. Dr. Ir. H. Eddy Soeryanto Soegoto, M.T., dina audiensi jeung Forum Wartawan Pendidikan (FWP) Jawa Barat. Dana KIP téh salah sahiji nu dipedar lian ti program APTISI Jabar taun 2025. Nurutkeun Prof. Eddy, mimitran jeung média téh penting dina majukeun perguruan tinggi swasta (PTS), kalayan suluk sareundeuk saigel sabobot sapihanéan.

Patali jeung dana KIP, dina éta lawungan, Prof Eddy nandeskeun yén APTISI Jabar ngajak ka sakabéh perguruan tinggi swasta nu ngokolakeun dana KIP kuliah para mahasiswa téh, masing bisa daria luyu jeung aturan. Ulah pirajeunan ngurangan dana KIP Kuliah.

“KIP Kuliah téh program nu mangpaatna karaos pisan ku masarakat nu taraf ékonomi masih alit. Janten muka lolongkrang dina neraskeun atikan atanapi kuliah di paguron luhur,” ceuk Prof. Eddy dina audiensi jeung Forum Wartawan Pendidikan (FWP), di Kantor APTISI Jabar, Jalan Cimincrang, Kota Bandung (5/2/2025).

Ketua APTISI Jabar, Prof. Dr. Ir. H. Eddy Soeryanto Soegoto, M.T. (kénca), Ketua Bidang Pendidikan APTISI Jabar, Prof. Dr. Hj. Umi Narimawati Dra., M.Si.

Ketua Bidang Pendidikan APTISI Jabar, Prof. Dr. Hj. Umi Narimawati Dra., M.Si.,  nétélakeun yén ngokolakeun dana KIP téh kudu daria, nembrag, tur adil. Lantaran dana KIP téh lian ti ngalegaan aksés kuliah keur masarakat leutik, ngaliwata KIP ogé bisa medalkeun generasi unggulan. Tas kabuktian, kalolobaan mahasiswa KIP bisa nyangking préstasi akademik jeung non-akademik.

Nurutkeun Prof. Umi, masarakat bisa nyepeng KIP Kuliah upama bisa nyumponan sarat. Angot inyana téh tas nyepeng KIP mangsa sakola. Ngan teu laluasa milih paguron luhur. Lantaran masing-masing paguron luhur boga cara dina nyair mahasiswa KIP.

“Patali sareng jumlah KIP nu katampi di salah sahiji paguron luhur mah, éta janten wewenangna. Mung kedah nembrag. Janten paguron luhur gé apik pisan dina seléksi mahasiswa KIP,” ceuk Prof. Umi tandes naker.

APTISI Jabar téh pihak nu ilubiung dina ngalaksanakeun program KIP. Tas kacangkem aturan ngeunaan KIP, kaasup hal-hal nu dipahing dipilampah ku paguron luhur salaku nu ngalaksanakeun KIP Kuliah. Lian ti apik dina nyair mahasiswa KIP, Prof Umi gé ngawanti-wanti paguron luhur ulah pirajeunan cocéng dana KIP mahasiswa nu tas kadaftar salaku nu narima KIP. Samalah mah Prof Umi mapandékeun mahasiswa panarima KIP téh lir ibarat raja.

“Mahasiswa KIP mah raja. Kumargi ulah dicocéng artosna sapérak ogé Angot ngahajakeun nyandak (dana KIP) nu mahasiswa mah. Éta téh janten pasualan nu ageung,” pokna.

Nu dimaksud ulah cocéng téh, émboh Prof. Umi, dana KIP Kuliah nu katarima ku mahasiswa téh dipeuncit ku pihak kampus. Sabaraha waé gé nu dipotongna, éta téh tas ngarempak palanggeran. Ku kiruna Prof Umi ngawanti-wanti ka PTS nu ngokolakeun dana KIP Kuliah téh masing nembrag, ngajauhan manipulasi.

“Teu tiasa sagawayah ngurus KIP mah. Upami paguron luhur badé nampi mahasiswa KIP mah kedah seueur sodakoh. Kumargi mahasiswa nu kadaftar KIP mah teu disuhunkeun waragad. Bujeng-bujeng nyandak dugi ka jutaan, nilep lima puluh rébu rupiah gé janten pasualan,” ceuk Prof. Umi écés naker.

Prof Umi miharep paguron luhur swasta di Jabar pikeun capétang komunikasi ka sakumna pihak, hususna jeung APTISI Jabar. Sangkan témbrés kana aturan pikeun ngajauhan poténsi ngarempak dina ngagelar KIP Kuliah. Prof Umi teu ngawatesanan paguron luhur swasta dina narima mahasiswa KIP. Da taya aturan patali jeung kuota panarimaan mahasiswa KIP Kuliah. Ngan dina narima téh masih proporsional, ngukur ka kujur nimbang ka awak, sangkan ngokolakeunana bisa maksimal.

“Badé seueur nampi mahasiswa KIP, mangga éta mah. Mung dina ngokolakeunana ulah dugi ka ngarempak palanggeran. Dipahing nyandak dana KIP ti mahasiswa kanggo alesan naon baé,” pokna.

Ilustrasi KIP

Nurutkeun sababaraha sumber, gedéna KIP Kuliah téh ngawengku biaya hirup jeung Uang Kuliah Tunggal (UKT). Keur biaya hirup: Klaster 1, Rp 800.000 per bulan; Klaster 2, Rp 950.000 per bulan; Klaster 3, Rp 1.100.000 per bulan; Klaster 4, Rp 1.250.000 per bulan; jeung Klaster 5, Rp 1.400.000 per bulan.

Demi uang kuliah tunggal mah ngawengku Prodi akreditasi C, maksimal Rp 2,4 juta per semester; Prodi akreditasi B; maksimal Rp 4 juta per semester; jeung Prodi akreditasi A: maksimal Rp 12 juta per semester.

Lian ti medar patali jeung KIP Kuliah, dina éta lawungan gé APTISI Jabar nepikeun isu-isu penting nu jadi perhatian di taun 2025. Sekretaris APTISI Jabar, Dr. Supriyadi, S.E., M.Si., nétélakeun yén aya genep isu penting nu jadi perhatian APTISI,  wincikanana: 1.Ngawatesanan PMB (Penerimaan Mahasiswa Baru) pikeun PTN (Perguruan Tinggi Negeri); 2. PTN mah alusna fokus kana program S2 sarta S3, tatahar asup ka world class university; 3. Nambahan tunjangan keur dosen PTS; 4. Ningkatkeun kualitas SDM (Sumber Daya Manusa) Dosen PTS; 5. Ulah aya pajeg patali jeung pendidikan; pamungkas; 6. Pasualan Akreditasi.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
KatumbiriWarta

BRI Masrahkeun Pakét Lebaran Pikeun PWI Jawa Barat

BANDUNG – BRI Regional Office Bandung ngaliwatan program “BRI Peduli-Berbagi Bahagia Bersama...

Katumbiri

Lawungan jeung Média, ISBI Bandung Medar Rarancang: Dies Natalis ka-57, Ngukuhkeun Dua Guru Besar Anyar, Tatahar UTBK-SNBT 2025

Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung baris ngagelar runtuyan kagiatan di bulan...

Katumbiri

Kiper Persib Manten Muka Soccer Academi

Kiper Persib Bandung musim 2010 – 2011, Markus Haris Maulana, ngalegaan ambahan...

KatumbiriWarta

Aswan Asep Wawan, SE. Kudu Babarengan Sangkan Cibiru Jadi Leuwih ‘Mantap’

Jumaah, 21 Maret 2025, lumangsung acara Résés anggota DPRD Kota Bandung, Aswan...