Bandung – Pamedalan aplikasi KomDesa (Komunikasi Desa) téh bagian tina paméran inovasi Unisba Expo 2025 (23/1/2025). Éta aplikasi téh dikokolakeun ku Kepala Pusat Pengembangan Teknologi dan Kewilayahan, Dr. Imam Indratno, S.T., M.T., jeung mahasiswa Unisba. KomDésa téh dijieun keur nepungkeun kaahlian nu dipiboga ku Unisba jeung kabutuhan masarakat désa.
Imam Indratno nétélakeun yén KomDésa sarana masarakat désa pikeun nepikeun naon baé nu dipikabutuhna. Ngaliwatan KomDésa, masarakat bisa konsultasi jeung pakar ti Unisba. Aspirasi nu kasakuan téh diropéa jadi program pangabdian ka masarakat (PKM).
“Janten program-program PKM téh dumasar data sareng kabutuhan nyata di masarakat,” ceuk Imam tandes naker.

Iman ngémbohan yén aplikasi KomDesa téh ngawengku 42 komunitas di Walagri jeung 10 désa binaan. Iman miharep KomDesa bisa dilegaan deui kalayan ngajak partisipasi kampus séjén jeung mitra industri. Lantaran éta aplikasi téh ngarojong kamekaran produk lokal saperti gula kawung, kopi, produk pangan lianna, kalayan miroséa aspék gastronomi jeung sertifikasi halal.
“Ditilik tina perspéktif LPPM Unisba, poténsi désa téh ageung pisan. Mung dina ngokolakeunana tinemu sareng pasualan Sumber Daya Manusa. Janten kumana carana ningkatkeun value added SDM. Produk gula kawung, kopi, bungbuahan, ulah mung janten produk dasar. Kedah dikembangkeun tina aspék gastronomi, sértifikasi halal, sareng standarisasi lianna,” ceuk Imam écés naker.
Aplikasi KomDesa bisa ngabaca pasualan masarakat tur dijawab ngaliwatan program PKM. KomDesa mastikeun sakabéh prosés PKM téh kudu dumasar kana kabutuhan masarakat. Imam miharep éta aplikasi téh jadi sarana ngadalitkeun Unisba jeung masarakat. Tri Dharma Perguruan Tinggi nu dilaksanakeun ku Unisba téh méré kontribusi nyata ka masarakat.***
Leave a comment