Carita Pondok

Angen-Angen Kapiangen

Pikeun anu pinter mah nyieun skripsi téh tara lila. Sok téréh anggeus sabab rajin kana maca. Di jalan muru imah kuring kapikiran ku Érni anu teu nyangka bisa panggih deui.

Share
Share


Carpon Éli Rojali

Asa jiga Érni nu keur nangtung sisi jalan. Emh, asa beuki geulis éta budak.

“Ni?” tanya kuring bari nyampeurkeun.
Bener Érni. Awakna beuki lintuh.
“Ibu, damang?” tanyana masih soméah cara baheula.


“Cageur,” kuring nampanan leungeunna.
Manéhna tas ti ninina.
“Kuliah geus lulus?” tanya kuring anu teu boga deui nomer WA-na basa harita HP dirését.
“Henteu,” Érni godeg laun.


Kungsi panggih panungtung basa manéhna mulang ti kampus dina beus. Sakanyaho kuring, salulusna SMU Érni eureun heula. Manéhna digawé di toko pakéan sangkan boga duit sorangan pikeun béya kuliah. Taun hareupna manéhna kuliah. Kuliahna di PTS anu aya di kabupatén, nyokot Fakultas Keguruan dan Ilmu Pendidikan (FKIP) jurusan Pendidikan Biologi.


“Kuduna mah geus anggeus lin?” tanya kuring.
“Uhun kedahna mah taun kamari,” pokna.
“Jadi naha can lulus?” kuring panasaran.
“Kantun saseméster deui. Mung teu aya biaya,” jawabna.


Kuring kacida kagétna. Saseméster hartina genep bulan, sakeudeung deui. Da enya najan ukur genep bulan ari euweuh duit mah teu jalan.
“Nu lulusna taun ieu gé tos wisuda sababaraha sasih kapengker,” ceuk manéhna.
Karunya teuing. Pinter Érni téh ti keur SD gé, réngking dua waé.


“Réréncangan anu saangkatan lebet kuliah tos lalulus,” ceuk manéhna.


Malah lamun teu eureun heula mah kudu geus lulus taun 2022.


“Bébéja ka pihak kampus kumaha? Kaluar atawa eureun heula?” tanya kuring.


“Nyarios mah lirén heula,” jawabna.


“Enya, mending nyarita kitu. Engké geus boga béya tuluykeun deui, kagok kari genep bulan deui!” ceuk kuring.

Mun karék saseméster mah kaluar gé rada leuheung. Ieu mah kari saseméster deui. Dina seméster 8 keur sisibukna ngurus skripsi.


“Ari umur sabaraha taun?” tanya kuring.
Manéhna teu gancang némbal, semu anu rada éra.


“Dua puluh opat,” jawabna laun.


Geus meujeuhna rumah tangga. Loba anu geus baroga salaki jeung budak dina umur sakitu pikeun awéwé. Dalah lalaki gé loba anu geus mungkas mangsa lalagasan.


“Geus aya calonna?” kuring hayang nyaho.
“Aya,” manéhna unggeuk.
“Mun nikah, ondang ibu nya!” kuring amanah.
“Insya Alloh,” manéhna unggeuk.
“Terus, ari ceuk kolot hidep, kumaha ngeunaan kuliah?” tanya kuring.
“Kapungkur mah ngarojong pisan, mung saatos teu aya kanggo waragad mah janten sawangsulna,” pokna leuleuy.
“Ulah teu dituluykeun! Tuluykeun isukan dimana geus boga duit! Kagok,” kuring meupeujeuhan.
“Uhun, abdi masih sumanget kuliah,” ceuk Érni.
“Teu nanaon geus rumahtangga kuliah mah, loba ieuh. Ibu gé geus boga budak masih kuliah,” ceuk kuring.
“Engké ku salaki sina ngabéyaan kuliah!” ceuk kuring.
“Uhun, kahoyong mah kitu,” ceuk manéhna.


Kuring jeung Érni papisah. Saméméh kuring mulang jeung saacan Érni naék beus silih tukeuran nomer WA. Mun kuring boga duit loba mah hayang milu ngabéyaan manéhna kuliah. Jaba kari genep bulan deui. Téréh lulus. Teu meunang béa siswa kitu? Keur SD teu kungsi meunang bantuan pisan. Keur SD jeung SMP cicing di ninina. Pinter ogé ari euweuh duit mah teu jalan. Aya anu sabalikna, kolotna loba duit tapi ari budakna embungeun kuliah, moal maju. Lebar mun Érni eureun kuliah, geus tujuh sesméster. Duit anu dikaluarkeun geus sabaraha juta, kari ngaréngsékeun skripsi.

Pikeun anu pinter mah nyieun skripsi téh tara lila. Sok téréh anggeus sabab rajin kana maca. Di jalan muru imah kuring kapikiran ku Érni anu teu nyangka bisa panggih deui. Inget ka jaman kuring jadi wali kelasna, Érni hayangeun jadi guru SMU. Guru naon-naonna mah harita manéhna can bisa nyebutkeun. Panyana kuring Érni geus jadi sarjana.


Tepi ka lembur katempo aya tatangga keur sasapu di buruan imahna anu lega.
“Sinarieun teu ku budak anu guwa-gawé?” tanya kuring ka tatangga anu sok dagang di pasar.
“Keur sibuk di kampus cenah mah,” ceuk kuring.
Budak tatangga asa anyar kénéh lulus SD, baruk ayeuna geus jadi mahasiswa. Kolotna kurang panujueun Éris kuliah. Kahayang kolotna mah éta anak bungsuna téh sina dagang waé di pasar mantuan kolotna. Tapi Éris hayangeun kuliah. Teu ukur rajin diajar di jero kampus, manéhna ogé aktif dina rupa-rupa kagiatan di kampusna. Sumanget pisan komo karék jadi mahasiswa.
“Keun atuh, alus, batan ulin teu puguh mah,” ceuk kuring.
“Kahayang kuring mah dagang di pasar. Rék dipangmeulikeun kios,” ceuk Bi Enur.
“Unggal budak bogaeun kahayang,” ceuk kuring.
“Moal jadi nanaon ieuh. Kuliah kalah méakkeun duit loba, bari can tangtu téréh meunang gawé,” ceuk manéhna anu dagang sayur jeung bungbuahan.


Pikeun anu ka sakitu kalina manéhna nyarita kitu. Kawas Érni, Éris kuliah nyokot jurusan anu sarua. Papada kitu, ema jeung bapana tetep ngabéyaan Éris kuliah. Ngan jadi ningnang, kolotna kurang ngarojong kana kahayang anak pikeun tolabul élmu. Ema jeung bapana kitu deui, dulurna anu dua ukur tamatan SD sakolana.


“Tibalik,” gerentes kuring anu masih inget ka Érni.


Kuring remen ngadu’akeun kana angen-angen, sangkan Érni geura ngawangun rumahtangga. Tuluy salakina ngarojong manéhna nganggeuskeun kuliah. Bruh-bréh pangalaman keur manéhna SD. Wantéran, pinteran, jeung nyongcolang dibandingkeun jeung babaturan séjénna. Kuring yakin, budak kawas Érni di ieu nagara jumlahna loba. Nu teu ngalaman kuliah bari palinter yakin loba pisan. Nagara kudu gedé panitén ka barudak anu baroga poténsi tapi kakurangan béya. Maranéhna kudu karuliah, palinter, mangpaat pikeun bangsa jeung nagara. Ari anu arembungeun kuliah sok dipapaksa ku kolotna. Ari budakna anu hayangeun kuliah, tampolana kolotna kurang ngarojong saperti Mang Jaja jeung Bi Enur.


Saking kapiangen waé, kuring ngimpi Érni diwisuda. Manéhna meunang prédikat salaku lulusan kalayan IPK panggedéna. Ngan henteu meunang prédikat lulusan pangorana sabab kapan jelas salulusna SMU kungsi eureun heula jeung ngalaman eureun deui sabab teu boga béya. Kitu deui teu meunang prédikat lulusan pangtéréhna. Manéhna kacida bungaheunana, pasemonna bérag. Teu eureun imut nandakeun kabungah anu pohara. Ema jeung bapana anu ngahadiran éta acara sarua milu bungah. Kagagas ku nempo anakna anu ngan hiji-hijina diwisuda, jadi sarjana. Di tukangeun ngaran Érni aya gelar, S.Pd. Érni Sumiati, Sarjana Pendidikan.
“Muga teu ukur dina impian!” ceuk kuring laun.
Ngimpi téh aya ku matak bungah, rarasaan lila ngimpina.


Dua minggu ti saprak panggih deui Érni, aya WA ti manéhna, ngabéjaan yén manéhna rék neruskeun kuliah. Kuring milu bungah kabina-bina. Manéhna nyaritakeun yén anu ngabéyaan téh calon salakina. Kabogohna rék nungguan heula Érni anggeus kuliah saméméh jatukrami. Ku kuring dido’akeun muga laksana anu ku Erni dicita-citakeun. Enya meureun kabogohna embungeun Érni kuliah dina kaayaan geus rumah tangga. Sahenteuna ari geus rumah tangga mah bakal loba kagiatan, bisi waé kuliahna kaganggu. Tapi naha karék ayeuna kabogohna haat ngabéyaan Érni kuliah? Jadi hayang apal ka kabogohna! Saha, urang mana, naon gawéna, bujang atawa duda? Baé duda, asal ulah salaki batur!***

Mangle edisi 3008

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carpon Saéfudin Firmansyah-WAYAHNA
Carita Pondok

Wayahna

Pamajikanna deuih loba kahayang. Samarukna salaki jadi kepala téh kawas batur. Ieu...

Carpon Lemoel-Taun Anyar Nu Ayeuna
Carita Pondok

Maleman Taun Anyar

Harga diri salaku lalaki ancur, asa hina jeung taya guna. Tapi akal...

Carpon Kiki Oke Yasminiati-Nu Nyampeurkeun di Candi
Carita Pondok

Nu Nyampeurkeun di Candi

Dirina pasrah tumarima kana papastén ti nu Maha Kawasa. Geus kudu kitu...

Carita Pondok

Surat dina Buku Agénda

Méméh asup katingali mahasiswa ngagimbung hareupeun rohangan kuliah. Mahasiswa lalaki sawaréh katingali...