Ku Wahyu Saputra
Dipopohokeun téh geuning kalah beuki némbongan baé. Bubuhan atra kénéh dina ciciptan, kumalayang bari nyanyautan. Kahayang téh nu enggeus mah enggeus. Urang teundeun dina hiji rohangan haté nu suwung, nu can kungsi aya sasaha saméméhna.
Imah-imah jeung Kang Adnan geus aya sapuluh taun. Si cikal geus kelas tilu, Si Bungsu manjing dalapan bulan. Lalakon waktu nu lain sakeudeung. Lalakon kuring jeung Kang Adnan. Tapi, naha atuh lalakon lawas nu ditutup rapet téh ayeuna bet narémbongan deui?
Kituna téh alatan teu dihaja. Basa indung kuring nitah mukaan lomari, néangan samping aisan keur Si Bungsu, jol karampa aya nu ngaganjel lebah tumpukan panghandapna. Moal salah! Tangtuna nu salila ieu ku kuring disumputkeun ti Kang Adnan. Ngahaja neundeunna ogé dina tumpukan samping panghandapna ngarah teu kapaliré. Da ceuk rarasaan, Kang Adnan moal mungkin kokotéktrakan mukaan lomari ka lebah dinya. Kabuktian geuning salila ieu nu disumputkeun téh teu kapanggih. Kapanggihna deui kalah ku kuring sorangan.
Lain rék nyumputkeun rusiah ti Kang Adnan. Ka Kang Adnan mah kuring téh éstu brukbrak, sagala perkara dicaritakeun taya nu kaliwat. Ari nu disumputkeun salila ieu? Lain nanaon, ngan saukur albeum! Minangka potrét lambaran katineung kuring jeung manéhna. Enya, manéhna nu kungsi ngancik dina ati. Manéhna nu ayeuna ngabalukarkeun kuring teu weléh ngundeur panineungan. Enya, manéhna nu ayeuna duka teuing di mana.
Embung-embung ogé ari ku kapanasaran mah éléh. Albeum teu burung dibuka deui. Diilikan bulak-balik, warnana masih kawas nu baheula, warna biru. Ngahaja milih warna biru sabab warna karesep manéhna. Cenah biru téh warna kameumeut, pulas kangen tulis batin. Biru téh rasa kageugeut, sulur getering duriat. Nyaritana ogé sok bari dihariringkeun, da apal filosofis warna biru sotéh dina lagu Nano S. téa. Kuring mah enya-enya wé nurut, nohonan paméntana. Ari palebah cover judulna mah atra pisan éstu tulisan kuring. Ditulisna ogé ngahaja dialus-alus, kawas nu diukir maké aksara sambung semu dikandelan. Handapeunana, aya ngaran kuring kadua manéhna, panganteur, jeung titimangsa dijieunna.
“Memories Ida & Teja. Kantenan ieu potrét téh penting pisan pikeun diabadikeun. Lantaran bakal jadi lambaran katineung saban léngkah urang duaan. Bandung, 11 Maret 2011,” matak géték dibacana. Nyéh waé kuring imut.
Albeum téh tuluy dibukaan, diilikan hiji-hiji. Teu puguh naon nu dirasa, antara ngageuri jeung bungah. Ngageuri alatan paanggang jeung pada-pada teu nyaho laratan. Bungah sabab bisa mitineung deui lalakon ka tukang nu kungsi karandapan jeung manéhna. Éndah, geuning éndah pisan Kang!
Tah dina potrét nu kahiji, ieu mah mangsa mimiti ospék jurusan. Bajuna sarua warna bodas ka handapna hideung, maké sapatu pantofel. Titimangsana ogé ditulis ku kuring. Teu karasa nyéh waé imut meueusan. Muka lambaran kadua, aya potrét kuring jeung Kang Teja basa pengabdian masarakat di Garut. Kabeneran harita téh sadivisi, atuh ka ditu-ka dieu bareng nunutur cara buntut. Ceuk barudak mah dunia téh asa milik berdua cenah. Belenyéh kuring imut deui.
Kana potrét nu katilu, kaopat, jeung saterusna, geuning beuki resep baé mukaan albeum téh. Tah ieu mah potrét basa keur ulin ka Tangkuban Parahu. Inget kénéh nu motrétna ogé si Arman babaturan sakelasna Kang Teja. Lamun nu ieu, basa keur aktif milu organisasi kemahasiwaan di kampus. Tuh, dipotrétna ogé duaan jeung Kang Teja hareupeun fakultas deukeut tangkal pineus nu ngajajar tilu.
Teu karasa albeum téh dipapay, dibukaan hiji-hiji tepi ka potrét pangahirna. Rupa-rupa gaya jeung éksprési matak pikalucueun. Sakapeung mah potrét téh diusapan, dititénan, diinget-inget deui di mana lokasina, keur acara naon, jeung saha baé. Asa wararaas temen Kang! Beuki lila beuki teu sadar. Gambarna beuki burem, beuki teu kaciri. Kahalangan ku nu ngembeng dina kongkolak panon.
“Emh, na di mana ayeuna Akang téh? Saha atuh gegentos kuring dina haté Akang? Tos kagungan putra sabaraha? Istri atanapi pameget Kang? Atanapi Akang mah… Ah kétang taya raratan-raratanana acan!”
Albeum téh dikeukeuweuk bangun jibreg ku nu mapay kana pipi tuluy nyakclakan kana judulna.
Kakara sadar jeung inget téh nya ayeuna. Baheula nalika rék ulin ka Tangkuban Parahu jeung Kang Teja, sapanjang jalan dina motor téh galécok naker. Da kitu ceuk manéhna, leuwih resep ngobrol dina motor ti batan diuk bari cicing ngajejentul mah kawas nu keur disidang waé cenah. Obrolan téh ngalér-ngidul teu puguh galur jeung udaganana. Palebah obrolan kumaha lalakon ka hareupna, karasa rada serieus. Ngan harita mah ku kuring teu pati dipikiran teuing. Pangna kitu sotéh geus ngarasa bakal salilana babarengan jeung Kang Teja. Ceuk pangrasa, kumaha waé pasualanana bakal dilakonan babarengan. Teu mikir panjang yén dina hirup téh réa kajadian-kajadian nu teu sarua jeung kahayang.
“Keur Akang mah Nung, nya mangga waé upami hiji waktos Enung tos teu sabar ngantosan. Teras aya nu ka bumi langkung énggal ti Akang, mangga badé ditampi ogé. Nanging nya kitu, wayahna Enung ulah hayang wawuh deui jeung Akang,” ceuk manéhna rada teu béntés, sorana pahibut jeung gelebugna angin.
“Henteu! Moal sepertos kitu Ida mah Kang. Keresa ngantosan, da Ida mah hoyongna ogé ka Kang Teja,” némbalan téh éstu hampang pisan malah bangun seuri sagala.
“Sukur upami kitu mah. Asa ngemplong,” walonna.
“Tapi naha atuh bet nyarios ulah hayang wawuh deui jeung Kang Teja?”
“Ahh, nya teu kukumaha. Alim wé upami ningal Ida kalah janten milik batur. Teu rido Akang mah, kajeun urang pada-pada teu wawuh. Kawas urang téh can kungsi aya nanaon, atawa euweuh nanaon pisan saméméhna. Rék ngaleungit Akang mah, duka teuing ka mana.”
“Ihh atuh mani sapertos nu teu sayang ka Ida!” némbal téh bari nyiwit kana palebah cangkéngna.
“Bongan Idana ogé nu batur,” nu diciwit ngawalon bari ngingsedkeun awakna.
“Suut ah, Akang mah sok ka mana waé ngimpleng téh. Jauh pisan implenganana dugi ka ujung dunia. Henteu Kang, Ida mah da nu Akang. Ida ogé hoyong sasarengan teras.”
Ngan semet dinya obrolan téh. Kaselang ku luak-léokna jalan jeung gelebugna angin neumbragan hélem.
Kaharti pangna ayeuna kuring teu nyaho manéhna di mana. Kang Teja mah pribadi nu tuhu, naon nu diucapkeun éta nu dipilampah. Cagna kitu téh nya kitu, keukeuh peuteukeuhna taya dua. Sakapeung mah sok mawa karep sorangan. Béda jeung Kang Adnan, sanajan manéhna pulisi ogé Kang Adnan mah jiwa nu sonagar jeung matak pikaconggaheun. Tapi moal disalahkeun, da manusa mah miboga rupa-rupa karakter jeung pasipatan séwang-séwangan.
Sok sanajan Kang Adnan bageur, upama kuring nyaritakeun Kang Teja tara ieuh timburuan, tara maksa kuring kudu gancang mopohokeun, tapi da haté mah cumantél baé ka ditu. Ka nu aya dina albeum biru, nu duka teuing di mana. Upama aya nu nyebutkeun dina haté awéwé mah bisa neundeun dua lalaki téh meureun kawas nu kaalaman ku kuring ayeuna. Tapi lain hartina salingkuh sacara batin, ieu mah judulna ogé nineung lalakon dina albeum biru nu pamustunganana teu saluyu jeung harepan.
Senang téh lahirna, jerona mah sarua kuring ogé nyeri, peurih, boa rajét. Sanajan imah-imah jeung Kang Adnan lahiriahna dicumponan, tapi kuring ogé teu bisa ngabohong ka diri sorangan yén dina batin kuring téh aya nu can anggeus. Harta mah lain ambahan keur ngupahan batin. Kasugemaan batin mah tujulna tina rasa, lain pedah kapaksa atawa dipaksa!
“Deudeuh Kang, pangna kieu sotéh panginten awahing ku raheut pisan nya. Hapunten Ida, Kang! Saha nu terang kajantenanana bakal sepertos kieu. Anu kitu téa mah si Papah jeung si Mamah nu maksa-maksa Ida kudu daék ka Kang Adnan, réréncangan tugas Aa nu mindeng ameng ka bumi. Si Papah jeung si Mamah mah ti kapungkur ogé poékeun pami tos kana dunya. Bubuhan sami kapungkurna pada-pada dijodokeun. Panginten maksadna mah saé, supados Ida hirup senang kawas Si Papah jeung Si Mamah. Tapi da kasenengan Ida mah teu bisa diukur ku harta. Sami Ida ogé peurih Kang!” tungtungna kuring ngagerentes kana albeum nu ti tadi dikeukeuweuk.
Ceuk pangrasa nu tumiba ka diri ayeuna téh lain salah sasaha. Lain salah Kang Teja nu lila meungkeut kuring. Lain salah Kang Adnan nu miheulaan Kang Teja. Jeung lain salah indung-bapa kuring nu ngajodokeun kuring ka Kang Adnan. Lain salah sasaha! Ieu mah geus jadi gurat hirup kuring. Gurat hirup nu kudu ditampa kalawan kasadrahan. Kuring ogé sadar jeung ngarasa, teu bisa dianggap bener upama salilana kudu kieu. Gering batin mangtaun-taun teu bisa tumarima kana kadar. Horéng banget kasiksana ngabohong ka diri sorangan téh. Jeung deui kuring ogé kapan dosa ngabohong terus-terusan ka Kang Adnan.
“Ida ari manéh keur naon? Lila-lila teuing mawa samping téh! Kapanggih henteu sampingna? Ieu budak kaburu ceurik mantén,” kadéngé sora indung ngagentraan di luar kamar.
“Muhun Mah sakedap ieu aya. Katumpuk di handap hilap nyimpen.”
Albeum téh gancang diteundeun deui palebah tumpukan panghandapna. Ceg kana samping, dipaké nyusutan cimata heula. Laju ka luar muru ka nu ngagentraan.
“Budak téh kawasna tunduheun hayang saré. Bawa ka kamar geura susuan sakalian dipépéndé,” ceuk indung nu ti tadi ngasuh incuna.
“Muhun Mah. Yap dieu soléh bageur”.
Budak nu ceurik téh diais. Enya, tayohna mah tunduheun jeung hayang nyusu. Sup deui ka kamar mépéndé. Lieuk deui ka lomari nu ti tadi kuring ngajejentul nginghak hareupeunana.
Duka aya haréwos ti mana, jol aya niat hayang ngaduruk éta albeum. Ngarah ka hareupna kuring teu capé sorangan. Sugan ku diduruk mah, panineungan mangsa ka tukang téh milu béak kaduruk. Kebul haseupna sina mawa sakabéh lalakon kuring jeung manéhna nu mangtaun-taun can anggeus waé.
Hadéna teu lila mépéndé téh. Si Bungsu bangun misurti kana eusi haté indungna. Budak téh diécagkeun dina aisan. Tuluy digolérkeun dina kasur, dikuriling ku guguling jeung bantal. Kuring gancang muru albeum dina lomari. Ceg dibawa ka tukangeun imah, asa kabur kénéh pangacian téh.
Cekés… cekés korék dihurungkeun. Seuneuna mapay ti palebah juru albeum nepi ka satengahna. Judul jeung panganteurna geus béak karérab. Belewer albeum dibalangkeun. Haseupna hideung ngelun ka luhur. Kaselang ku abrulan haseup, palebah piheuleutan samar-samar. Kaciri tangkal hanjuang katebak angin lir ramo-ramo nu gugupay ngajak paturay. Teu dipaliré.
Sup deui ka imah muru Si Bungsu. Rét kana almenak dina luhureun méja, geuning ayeuna téh 11 Maret 2024.
Geger Arum, 28 Séptémber 2024
Edisi majalah 3006
Leave a comment