Home Warta Katumbiri AKSI jeung DPRD Jabar Medar Rarancang Aktivasi SPP
Katumbiri

AKSI jeung DPRD Jabar Medar Rarancang Aktivasi SPP

Share
Komisi V DPRD Jabar.
Share

Kota Bandung – Komisi V DPRD Jawa Barat ngagelar audensi jeung Asosiasi Kepala Sekolah Indonesia (AKSI) keur nadah kamandang dina raraga ningkatkeun ajén pendidikan di Jabar. Ketua Komisi V DPRD Jabar, H. Yomanius Untung, S.Pd., dina éta kasempatan nepikeun wacana aktivasi Sumbangan Pembinaan Pendidikan (SPP) di sakola.

Hadir dina éta kasempetan Ketua Umum DPP AKSI, Ketua AKSI Jabar, MKKS SMA/SMK/SLB sa-Jabar. Nurutkeun Untung pikeun ningkatkeun ajén pendidikan téh butuh waragad. Ngan dana ti pamaréntah ka sakola téh can nyukupan. Untung gé ngadorong sangkan aya panyalindungan ka kepala sakola nu rajeun ditinggar ku oknum aparat penegak hukum (APH), LSM, jeung wartawan.

“Ajén pendidikan kiwari téh nuju kirang saé. Pasualanana téh dina waragad. Éta nu ngirangan ajén pangajaran, GTK, siswa, sareng lulusan. Ku kituna pasualan waragad kedah saénggalna diréngsékeun,” ceuk Untung ka média nu aub dina Forum Wartawan Pendidikan Jabar, di Rohang Rapat Komisi V DPRD Jabar, Jalan Diponegoro No. 27, Kota Bandung (8/1/2025).

Untung ngémbohan yén sakabéh pihak kudu ningkatkeun ajén pendidikan keur nyanghareupan bonus demografi 2045. Untung ngadorong pangurus AKSI sangkan nyieun tim nu boga argumentasi nu proporsional patali jeung aktivasi SPP sarta panyalindungan kepala sakola. Untung miharep kamandang téh dilengkepan ku pangalaman para guru di lapangan. Éta bisa nguatan dadasar diayakeun deui SPP.

“Saleresna mah wacana aktivasi SPP téh pasalia sareng opini pulitis. Nanging kedah ditoél mamaras rasa para politisi nalika kampanye sakola haratis. Yén kampanye éta téh nyapirakeun kahirupan murangkalih ka payunna. Kereteg ieu téh kedah ngawujud ku cara klasifikasi biaya nu teu janten bangbaluh,” pokna.

Komisi V DPRD Jabar jeung AKSI tatahar ngayakeun deui SPP.

Sekjen DPP AKSI, Dr. Toto Suharya, S.Pd., M.Pd, ngabagéakeun wacana aya deui SPP jeung panyalindungan kepala sakola. Lantaran nu kaalaman ku kepala sakola mah kawatesanana anggaran sarta ditindih ku oknum nu nuduh dana BOS diséléwéngkeun.

“Kepala sakola téh diancam. Gampil pisan adu hareupeun sareng aparat margi aya laporan. Padahal teu acan écés bulé hideungna. Janten meredih ka Komisi V pikeun mairan ku kawijakan,” ceuk Toto bangun miharep.

Toto ngécéskeun yén kamotékaran guru téh kasengker ku pasualan fundamental. Remen guru atawa Kepala sakola nu dipariksa APH. Atuh posisina jadi teu merenah da dijungjurigan ku kasieun jeung ancaman.

Patali jeung diayakeun deui SPP sakola, émboh Toto, éta téh cara ningkatkeun ajén. Pihakna remen narima bangbaluh ti Kepala SMP, SMK, SLB, nu muridna saeutik. Dana BOS jeung BOPD teu nyukupan kabutuhan. Jadi SPP bisa ngabantu ngabiayaan sakola.***

    Share
    Written by
    Yadi Karyadipura -

    Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

    Leave a comment

    Tinggalkan Balasan

    Related Articles
    Katumbiri

    Plt IKWI Resmi Ditunjuk Dina Perayaan HPN 2025 di Riau

    PEKANBARU:  Ikatan Keluarga Wartawan Indonésia (IKWI) ngalaksanakeun silaturahmi nasional jeung konsolidasi nu...

    Katumbiri

    Puncak Dipiélingna HPN 2025 di Riau Menkomdigi: Waktuna Mentés Kawani, Integritas, jeung Sumanget Juang

    Pekanbaru, 9 Fébruari 2025 – Puncak Dipiélingna Hari Pers Nasional (HPN) 2025...

    Katumbiri

    Ngararapih Réklame di Kota Bandung Butuh Perda Anyar

    Kota Bandung – Ketua Pansus 3 DPRD Kota Bandung, Dr. Ir. H....

    Katumbiri

    Dibekelan Sertifikat BNSP Lulusan SMKN 5 Bandung Babari Digawé

    Kota Bandung – Siswa tingkat ahir di sakabéh jurusan nu aya di...