Kota Bandung – Romadon téh mangsa neuleuman élmu agama Islam. Di SMAN 14 Bandung, pola atikan dilegaan tina program-program nu tas lumangsung, salah sahijina Ajengan ka Sakola. Atuh SmartTren nu jadi ciri mandiri acara Romadon di sakola-sakola di Jabar téh, di SMAN 14 Bandung leuwih teleb lantaran ajengan boga lolongkrang nu leuwih lega.
SmartTren Ramadan 1446 H SMAN 14 Bandung jejerna SPARK: Seeking Peace Through Allah’s Rahmah and Kindness. Kepala SMAN 14 Bandung, Evi Vironita, S.Pd., nétélakeun yén atikan agama téh bagian tina upaya pangwangunan karakter nu tas dilaksanakeun saluareun Romadon. Saperti solat duha jeung tadarus. Demi dilaksanakeun SmartTren téh pikeun nguatan sangkan ajén kaislaman bisa larap saban poé.
“Atikan agama téh kedah aya tapakna, nyaéta ngahirupkeun ajén kaislaman satutas Romadon lekasan. Janten kasaéan nu dipilampah salami Romadon téh kedah teras mayeng dina sasih-sasih nu saterasna,” ceuk Evi dina katerangan ka média di rohangan Kepala SMAN 14 Bandung, Jl. Yudawastu Pramuka IV No.4, Cicadas, Kec. Cibeunying Kidul, Kota Bandung (18/3/2025).
Evi ngémbohan yén aya sababaraha ajengan ti pasantrén nu ngadeudeul kana kagiatan SmartTren di sakolana. Teu saukur ngarojong atikan kaislaman ka siswa, pangwangunan karakter gé larap ka sapengeusi sakola. Cara dina ngalarapkeun kadisiplinan nu nyadap tina pola militer. Evi miharep guru jeung tanaga kependidikan jadi pangaping dina pangwangunan karakter.

“Dina sababaraha kagiatan aya guru nu gaduh tugas husus. Tangtos dibekelan heula. Pon kitu deui sareng kagiatan di sasih Romadon, babagi tugas, supados kagiatan lumangsung lancar,” pokna.
Disiplin nu jadi roh SMAN 14 Bandung téh, ceuk Evi, ngalantarankeun sakolana siap nyanghareupan rupaning dinamika pendidikan. Kaasup kana medalna kawijakan-kawijakan anyar. Siswa tas dibiasakeun asup pukul satengah tujuh isuk-isuk. Siswa gé biasa dibekelan mumuluk ti imahna, sangkan bisa leuwih fokus diajar, kajaga asupan gizi.
“Badé lebet tabuh genep atanapi satengah tujuh gé tas siap para siswa mah. Sakola maliré pisan kana gizi ngalangkungan kabiasaan mekel sarapan. Janten ku ayana MBG (Makan Bergizi Gratis) téh siswa langkung kapaliré deui,” ceuk Evi.


Ketua Panitia Pelaksana SmartTren SMAN 14 Bandung, H. Saefulloh, M.Pd.I., nétélakeun yén palaksanaan SmartTren téh luyu jeung instruksi Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, kalayan diwewegan ku atikan nu jadi ciri mandiri SMAN 14 Bandung. Ajengan nu saacanna mah diangkir pikeun hutbah Juma’ah jeung ngeusi kajian, tah dina SmartTren mah, ajengan medar sababaraha matéri. Boh pedaran nu ditepikeun di masjid, atawa di masing-masing kelas.
“Matéri perkawis kaislaman, sapertos akidah, akhlak, fiqih, tarikh, kalebet neuleuman Al-Qur’an sareng hadits. Para ajengan nu ngawurukna, dibantos ku guru-guru SMAN 14 Bandung,” ceuk Saefulloh tandes naker.

Éta guru PAI téh ngémbohan yén lian ti neuleuman matéri kaislaman, para siswa gé diajar prakték zakat, sarta ngayakeun bakti sosial. Ku pangajaran éta, Saefulloh miharep para siswa bisa ngalarapkeun kasoléhan sosial di lingkunganana séwang-séwangan.
“Tangtos didugikeunana kalayan motékar. Supados para siswa téh teu bosen, kumargi ngawitan dilaksanakeun kaping 7 Maret, teras kaselang ku kagiatan pasantrén online. Aya sawatara siswa nu lebet kana panata calagara, nambihan pangalaman dina ngayakeun kagiatan,” pokna.


Fairuz Khuzaimah, jeung Ananda Dzulkifli Arhan, siswa kelas X nu aub dina panata calagara, ngarasa bungah bisa milu ngarojong lumangsungna kagiatan. Pikeun Fairuz mah kagiatan SPARK téh wangun pasantrén nu pikabungaheun. Angot aya pasanggiri parsel nu nguji kreativitas.
“Saé pisan, seueur élmu, sareng aya pasanggiri parsél. Tangtos aya kesan, matak nineung upami tos bérés téh,” ceuk Fairuz nu jadi panata acara. Bungah jeung resep nu ngancik dina diri para siswa téh dipiharep pisan. da ku karesep téa, para siswa bisa ngahontal tujuan acara, nyaéta ngipuk kahadéan jeung silih pikanyaah dina kahirupan sapopoé.***
Leave a comment