Home Atikan Nyusur Galur Agama Urang Sunda Jaman Pajajaran
Nyusur Galur

Agama Urang Sunda Jaman Pajajaran

Dina konsép Sunda buhun, sakumaha anu ditulis dina naskah Amanat Galunggung, hadé amal di dunya téh disebutna tapa. Anu disebut tapa dina konsép Sunda buhun henteu dihartikeun “nahan sarupa atawa rupa-rupa napsu, minangka jalan pikeun ngahontal maksud” (cék katerangan dina Kamus Basa Sunda, anu disusun ku Satjadibrata, 1946).

Share
ilustrasi kehidupan masyarakat sunda pada zaman pajajaran
Share

Aya pertanyaan, naon ari agama urang Sunda baheula? Atawa lamun diheureutan mah, agama dina jaman Pajajaran wé atuh, saméméh agama Islam jadi anutan sabagian gedé urang Sunda, tug ka kiwari.

Pikeun ngajawabna téh, sok dicokot gampangna baé. Agama urang Sunda ti abad ka-16 ka ditu nyaéta Hindu jeung Buda. Cindekna, aya anu ngagem agama Hindu, jeung aya anu ngagem agama Buda.

Tapi, naha éta dua agama téh resmi jadi agama nagara? Ari Prabu Sribaduga atawa ku urang Sunda mah sok disebut Prabu Siliwangi (nyekel pamaréntahan taun 1482-1521), naon agama anu diagemna?

Bisa jadi lamun nyaritakeun agama resmi anu dianut ku nagara mah rada hésé ngajawabna. Anu dimaksud hésé di dieu téh lamun diukurna ku sarana tempat ibadah anu jadi upacara nagara. Dina persépsi urang, anu disebut sarana ibadah tingkat nagara mah tangtuna gé kudu agréng.

Mun urang Jawa baheula ngagem agama Hindu atawa Buda, tur éta téh jadi agama nagara, apan aya titinggalna, nyaéta candi anu alagréng—Borobudur jeung Prambanan, upamana. Kasawangna, dina keur diayakeun upacara kaagamaan téh, raja katut rahayatna tumplek di éta candi. Jigana mun dina jaman ayeuna mah teu jauh ari keur Idul Fitri, apan presidén katut para gegedén lianna téh ngalaksanakeun ibadahna di Masjid Istiqlal. Merenah pisan mun nagara boga sarana ibadah anu agréng.

Ari Prabu Siliwangi, di mana ngalaksanakeun ibadahna mun cunduk poé agung ceuk ajaran agamana? Tepi ka ayeuna, di puseur dayeuh anu baheula disebut Pakuan, tacan kapanggih titinggal anu diduga baheulana jadi tempat ngalaksanakeun upacara agama.

Mémang enya, ari nu disebut candi mah aya, tapi apan lokasina jauh ti Pakuan anu dina mangsa harita jadi puseur nagara Pajajaran. Urang sebut waé candi Batujaya anu ayeuna asup ka wewengkon Kabupatén Karawang. Atawa candi Bojongménjé anu lokasina di Rancaékék, Kabupatén Bandung. Tangtu waé candi anu aya di wewengkon Sunda mah, sacara fisik, jauh tangéh mun dibandingkeun jeung sajumlahing candi anu aya di Jawa. Maksud téh, candi anu aya di Sunda mah teu agréng, jaba kondisina geus butrak-batrék.

Ngahaja anu dipaké ukuran téh jaman Pajajaran, sabab ceuk dina hasil panungtikan sajarah, nya dina jaman Pajajaran nanjungna urang Sunda dina babak ahir saméméh dijajah ku Jawa téh. Jaman Pajajaran anu ceuk sumber sajarah mah jaman dihijikeunana Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh, urang Sunda aya dina posisi boga kadaolatan politik.

Cindekna, Pajajaran téh nagara anu merdéka, teu ngadunungan ka nagara séjén. Sanggeus Pajajaran runtag, taun 1579, kakuatan Sunda direcah jadi karajaan laleutik anu ngadunungan ka Mataram. Nya ti harita urang Sunda mimiti teu boga kadaolatan téh. Atuh saterusna disambung deui ku jaman dijajah Walanda, dipungkas ku pendudukan Jepang.

Balik deui kana sual agama dina jaman Pajajaran, pikeun nyindekkeunana teu cukup mun ukur ngandelkeun dongéng, tapi kudu dumasar kana bukti sajarah. Dina hal ieu, urang kudu ngamutalaah katerangan anu nyampak dina naskah sajarah. Najan dianggap masih minim, tapi urang Sunda boga prasasti titinggal jaman buhun. Lian ti éta, ayawa sawatara naskah deuih, upamana waé Amanat Galunggung, Siksakandang Karesian, jeung Carita Parahiyangan.

Ngeunaan hal ieu, ku suargina Prof. Edi S. Ekadjati geus diungkab dina bukuna, Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran, wedalan Pustaka Jaya, taun 2005. Dina éta buku diébréhkeun ngeunaan agama anu dianut ku urang Sunda baheula.

Mundur jauh ka jaman buhun, kurang leuwih abad kalima, dina jaman Karajaan Tarumanagara, ceuk pamanggih Prof. Edi, agama Hindu téh resmi jadi agama nagara. Para brahmana boga otoritas dina ngalaksanakeun agama, boh di lingkungan karaton boh dina kahirupan balaréa. Hal ieu disabit sabit dina prasasti Tugu, waktu Raja Purnawarman ngahadiahkeun sarébu sapi ka para brahmana.

Aya titinggal patung Déwa Wisnu anu kapanggihna di Cibuaya (Karawang), anu hal éta nuduhkeun yén agama anu jadi anutan Tarumanagara téh Hindu sékteu Wisnu. Aya éta gé anu ngagem agama Buda, tapi jumlahna saeutik. Hal ieu bisa kapanggih dina tilu warta Cina anu ditulis ku Fa-Hsien, pendéta Buda, anu nyimpang ka Tarumanagara, taun 414, sanggeusna mulang ti India. Saméméh ka Tarumanagara, Fa-Hsien nyimpang heula ka Sriwijaya.

Saenyana, ti saméméh jaman Tarumanagara ogé di wewengkon anu ayeuna disebut Tatar Sunda téh geus aya pangeusina, ngan jigana tacan aya sistem pamaréntahan. Dina jaman harita teu ninggalkeun bukti tinulis, anu matak disebutna ogé jaman prasajarah. Titinggal jaman prasajarah anu nyésa téh di antarana tempat pamujaan, upamana waé sakumaha anu nyampak di Gunung Padang, Cianjur.

Cindekna, saméméh asup agama Hindu jeung Buda gé, karuhun urang baheula geus nganut hiji kapercayaan anu ku urang ayeuna sok disebut animismeu jeung dinamiseu. Tempat upacarana disebut situs pamujaan, di antarana anu aya Gunung Padang téa. Najan geus aya agama anyar, éta kapercayaan tetep hirup, malah dina kabuktianana terus awor jeung agama Hindu katut Buda anu jolna India.

Tarumanagara ahirna burak, dina abad katujuh. Minangka gagantina, nya ngadeg Karajaan Galuh anu diadegkeun ku Wretikandayun (puseur dayeuhna di Bojong Galuh, terus dipindahkeun ka Kawali, ayeuna asupna ka Kabupatén Ciamis), jeung Karajaan Sunda anu diadegkeun ku Tarusbawa (puseur dayeuhna di Pakuan, ayeuna asup ka Bogor).

Dina jaman Galuh jeung Sunda, agama anu hirup téh aya tilu, nyaéta Hindu, Buda, jeung kapercayaan titinggal karuhun. Ceuk pamanggih Prof. Edi, wangunan suci candi Cangkuang, batu lingga di kompleks situs Prasasti Batutulis, jeung candi Bojongménjé mangrupa titinggal anu corakna Hindu. Kompléks candi Batujaya jeung patung Buda ti Talaga mangrupa prasarana jeung sarana ibadah anu nganut agama Buda. Ari situs pundén berundak Lebak Cibedug, arca tipeu Polinésia di Gunung Kapur jeung Pulo Panaitan, sarta masarakat Kanékés di Banten Kidul ngébréhkeun média jeung titinggal kapercayaan asli penduduk Tatar Sunda, Kitu deui ajaran agama jeung étika hirup masarakat Sunda anu  anu nyampak dina naskah mangrupa bukti aworna agama jeung kapercayaan jaman baheula.

Aya deuih anu ku urang kudu dicatet ngeunaan kahirupan jeung ageman dina jaman Sunda jeung Galuh, nyaéta (1) ayana kabébasan pikeun saban penduduk dina ngagem agama katut sékteuna dumasar kana kayakinan séwang-séwangan, (2) aya prosés sinkrétismeu dina ajaran agama, nyaéta aworna sawatara paham atawa aliran agama pikeun nyungsi bebeneran, kasaimbangan, katingtriman, jeung sajabana, jeung (3) éta anu dua hal téh lumangsung kalawan répéh-rapih, tanpa ngalantarankeun ayana konflik di masarakat.

Dina agama anu dianut ku urang Sunda jaman harita aya prosés ngaworkeun agama anu jolna ti luar jeung kapercayaan anu geus nyampak. Upamana waé Trimurti atawa tilu déwa dina agama Hindu (Brahma, Wisnu, jeung Siwa) posisina jadi aya di sahandapeun Sang Hiyang Tunggal. Kitu deui éta para déwa téh dicarukkeun jeung para mahluk gaib anu geus hirup dina kapercayaan karuhun urang. Upamana waé jadi aya Pwa Sanghiyang Sri (déwi paré), Pwa Naga Nagini (déwi bumi), jeung Pwa Soma Adi (déwi bulan). Tangtu waé dina agama Hindu anu torojogan ti India mah euweuh éta téh. Diasupkeunana sajumlahing ngaran kana réngréngén déwa saenyana mah nuduhkeun “karancagéan” karuhun urang baheula.

Ana kitu, agama Hindu anu hirup di masarakat Sunda baheula teu sarua jeung Hindu di masarakat Jawa, upamana. Dina naskah Siksakandang Karesian, diébréhkeun kumaha pacarukna ajén-inajén anu sumberna tina agama Hindu, Buda, jeung kapercayaan buhun.

Ku sabab geus dipacrukkeun téa, tangtu waé dina ngalaksanakeun ritual agama ogé boga carana sorangan. Najan ngagem agama Hindu atawa Buda gé, ari dina urusan tempat ibadah anu dimumulé ku urang Sunda mah angger waé kabuyutan, lain candi. Ajén kabuyutan leuwih luhur batan karaton. Buktina waé lamun nagara dijorag musuh, anu kudu enya-enya dipertahankeun téh kabuyutan, lain karaton. Ceuk dina naskah, jalma anu teu bisa mertahankeun kabuyutan tina pangjorag musuh dianggap leuwih hina batan kulit lasun di jarian.

Jigana hal éta di antarana anu jadi marga lantaran di Sunda mah taya candi alagréng. Ari anu disebut kabuyutan, apan kondisi fisikna téh henteu agréng,tur ngahiji jeung alamna.

Kabuyutan téh aya tilu rupa. Kahiji, anu mangrupa lembaga pendidikan jeung tempat neuleuman élmu agama, upamana Kabuyutan Sanghiyang Binayapanti jeung Kabuyutan Gunung Kumbang. Kadua, kabuyutan tempat upacara agama, upamana Kabuyutan Jaya Giri, Sunda Sembawa, Gunung Samaya, jeung Kanékés (ayeuna ku urang sok disebut Baduy). Katilu, anu mangrupa simbul kanagaraan, upamana Kabuyutan Gunung Gedé pikeun Karajaan Sunda, Kabuyutan Galunggung pikeun Karajaan Galuh, Kabuyutan Gunung Pulosari pikeun karajaan bawahan Banten.

Lian ti éta, aya anu disebut Kabuyutan Lemah Déwasasana (tempat pamujaan ka para déwa dumasar konsép agama Hindu), jeung Kabuyutan Lemah Parahiyangan (tempat pamujaan ka para Hiyang, nyaéta anu dianggap Pangéran dina konsép agama Jati Sunda atawa Sunda Wiwitan ).

Kitu anu diébrehkeun dina naskah kuno Sunda. Di lokasi kabuyutan téh aya sarana ibadah. Hal ieu upamana katangén dina upacara agama anu dilaksanakeun ku masarakat Kanékés anu sok ngajarugjug ka Sasana Pusaka Buana jeung Sasaka Domas anu perenahna di jero leuweung larangan, di hulu Walungan Ciujung.

Hasil ngamutalaah sawatara sumber informasi ngeunaan kaagamaan dina jaman Sunda buhun ngébréhkeun yén masarakat di Karajaan Sunda jeung Galuh geus miboga konsép anu patali jeung (1) kapangéranan dumasar kana persépsi anu mandiri, maksudna teu sarua jeung nu nyampak di masarakat séjén, (2) kahirupan di alam séjén (ahérat) sanggeusna maot, jeung (3) cara-cara pikeun ngahontal kasalametan dunya-ahérat ku cara migawé amal katut tapa saluyu jeung kadudukan masing-masing. Ngan waé kumaha ari prak-prakan ibadah atawa muja kakuatan séjén anu leuwih luhur anu mangrupa ritual agama mah teu diterangkeun. Kaweruh ngeunaan hal éta ukur bisa kagambar dina tata cara urang Kanékés kiwari dina ngalaksanakeun ritual agamana.

Karuhun urang baheula geus percaya kana hal-hal gaib anu patali jeung jiwa—yén sanggeusna maot téh, anu disebut jiwa henteu indit jauh, tapi tetep aya sabudeureun pamatuhan asalna, ngan waé sesebutanana geus jadi eroh. Tah, eroh para karuhun téh nyumiratkeun kakuatan gaib anu bisa ngalantarankeun hadé atawa goréng pikeun kahirupan manhusa anu masih kumelendang di alam nyata (dunya). Sangkan kakuatan alam gaib téh mawa kahadéan, jalma anu masih harirup ngayakeun pamujaan ka eroh para karuhunna.

Waktu asup ajaran Hindu jeung Buda, karuhun urang baheula jadi terus wawuh kana konsép alam gaib séjén, nyaéta para déwa. Ari anu disebut déwa, apan asalna lain tina eroh manusa anu geus maot. Déwa anu jumlahna réa téh baroga tugas masing-masing dina ngatur kahirupan manusa. Saban anu ngagem agama Hindu atawa Buda tangtu miharep yén sanggeusna maot téh erohna bisa asup ka sawarga, babarengan jeung para déwa.

Ceuk hasil panalungtikan Prof. Edi, tétéla konsép kapangéranan sakumaha anu nyampak dina agama Hindu jeung Buda téh dianggap teu nyugemakeun pikeun karuhun urang dina jaman Karajaan Sunda jeung Galuh. Utamana mah dina lebah Pangéran anu kudu disembah téh dianggap loba (politeismeu). Meureun matak ngabingungkeun. Éta pangna agama Hindu jeung Buda téh diadaptasikeun kana kapercayaan anu geus nyampak. Anu disembah ku karuhun urang baheula nyaéta Sanghiyang Tunggal anu jumlahna ngan hiji (monoteismeu). Ari para déwa, poisisina ditunda sahandeupan Zat Anu Hiji téa—mun ceuk basa ayeuna mah posisina ukur jadi asistén.

Konsép ngeunaan hiyang dina kapercayaan buhun éta mah murni hasil “karancagéan” karuhun urang baheula. Anu matak, anu disembah ku urang Sunda téh nya Hiyang téa—dipanjangkeun jadi Sanghiyang Tunggal. Aya deui sesebutan séjénna pikeun Hiyang, nyaéta  Batara Séda Niskala (Anu Gaib), Batara Tunggal (Anu Sahiji), Batara Jagad (Anu Ngawasa Alam), Sang Keresa (Anu Kawasa), Anu Ngersakeun (Nu Boga Kahayang), jeung Batara Guru (Anu Sarwa Nyaho).

Prosés aworna unsur ajaran Hindu/Buda jeung kapercayaan buhun téh teu sakaligus. Konsép hiyang dina kahirupan karuhun kakara mimiti aya dina jaman pamaréntahan Sri Jayabhupati, dina awal abad ka-11 anu nyakrawati di Karajaan Sunda. Harita mah anu disebut hiyang téh karék dihartikeun alam gaib, tacan diposisikeun jadi Pangéran. Hiyang atawa Sanghiyang diperenahkeun di lokasi suci kaagamaan (kabuyutan, mandala) anu dingaranan Sanghiyang Tapak. Ku kituna, lokasi hiyang téh masih kénéh aya di dunya. Pikeun ngajaga kaamanan di kabuyutan dipasrahkeun ka para déwa anu matuhna di luar dunya. Jadi anu disebut hiyang téh dina abad ka-11 mah posisina masih di sahandapeun para déwa.

Sakitu abad ti jaman Sri Jayabhupati, lahir pamadegan yén tempat hiyang téh lain di dunya, tapi di parahiyangan, sapamatuhan jeung para déwa. Hal ieu kaunggel dina naskah Séwaka Darma anu titimangsa ditulisna taun 1435.

Parahiyangan téh sarua jeung nirwana atawa sawarga anu wujudna aya sabaraha tingkatan. Tingkat panghandapna dieusian ku para déwa anu jolna tina agama Hindu. Di saluhureunana aya tempat anu dieusian ku para déwa ceuk konsép urang Sunda, nyaéta Sari Déwata jeung Ni Dang Larang Nawati. Naék deui ka nu leuwih luhur, tempatna dieusian ku Pwa Sanghiyang Sri, Pwa Naga Nagini, jeung Pwa Soma Adi. Tah, di tingkat anu pangluhurna mah anu ngeusianana téh ngan hiji, nyaéta Sanghiyang Keresa atawa Sanghiyang Tunggal. Dina naskah Siksakandang Karesian (ditulis taun 1518) ditétélakeun yén déwa téh baktina ka hiyang.

Dina kahirupan urang Sunda buhun aya anu disebut ngahiyang, anu maksudna mah robah wujud jadi gaib terus pindah ka tempat matuhna Hiyang. Dina ngahiyang téh aya dua rupa, nyaéta (1) jiwa manusa leupas tina ragana sakumaha ilaharna anu maot, erohna naék ka kahiyangan, ari raga badagna tetep aya di dunya terus dikubur ku anu masih kénéh harirup, (2) jiwa jeung ragana ngaleungit, jadi gaib, terus nempatan kahiyangan. Ceuk ajaran Sunda buhun, ngahiyang cara anu kadua dianggap leuwih luhur darajatna, tapi langka pisan kajadianana ogé. Dina mitologi urang Sunda, anu ngahiyang cara kadua téh nyaéta Prabu Siliwangi.

Karuhun urang Sunda baheula boga harepan yén dina geus maot téh jiwana bisa nempatan kahiyangan. Pikeun ngahontal ka dinya téh saratna kudu hadé amal, nyaéta ngalaksanakeun patikrama atawa ajaran agama. Sabalikna, mun salila hirup di dunya teu ngamalkeun ajaran agama, dina geus ngahiyang téh jiwana bakal digebruskeun ka naraka Si Tambrah Gomuka jeung naraka Si Mreganwijaya.

Kayakinan kana hal-hal anu bieu didadarkeun téh, ceuk naskah Carita Parahiyangan disebutna agama Jatisunda, anu ceuk urang Kanékés sok disebut Sunda Wiwitan. Boh kecap jati boh kecap wiwitan hartina mah sarua waé, nyaéta awal, asal, atawa asli. Hal ieu bisa dijujut dina kamus basa Sunda anu disusun ku Eringa, taun1984.

Dina konsép Sunda buhun, sakumaha anu ditulis dina naskah Amanat Galunggung, hadé amal di dunya téh disebutna tapa. Anu disebut tapa dina konsép Sunda buhun henteu dihartikeun “nahan sarupa atawa rupa-rupa napsu, minangka jalan pikeun ngahontal maksud” (cék katerangan dina Kamus Basa Sunda, anu disusun ku Satjadibrata, 1946). Geus bisa katebak, jolna ieu harti téh tina terminologi  Hindu. Tapa idéntik jeung ngasingkeun diri di tempat mencil, teu dahar teu nginum, bari kudu tahan nyanghareupan gogoda. Lamun teu tahan, hartina batal tapana. Prak-prakanana mah rupa-rupa; aya anu sila menekung, aya anu nangtung bari ngangkat suku hiji, aya deuih anu haben ider-ideran (disebutna ngidang; cara kidang), jeung sajabana. Kitu deui lebah lilana ogé teu sarua; aya anu cukup ku ukuran poé, minggu, bulan, malah cenah taun.

Tapa anu mangrupa bagian tina ajaran Hindu, malah meureun dianggap sapakét, sanggeus asup ka Sunda mah jadi ngagésér harti jeung maksudna. Hal ieu ébréh dina Amanat Galunggung, naskah Sunda kuno titinggal Rakéyan Darmasiksa (mangku kaprabon taun 1175-1297 Maséhi). Ku urang bisa dititénan cutatanana, kieu:

Carék na patikrama, na urang lanang madwa, iya tuwah iya tapa, iya tuwah na urang, gwaréng twah gwaréng tapa, maja twah maja tapa, rampés twah waya tapa, apana urang ku twah na mana beu(ng)har ku twah na mana waya tapa.

Tarjamahan bébasna: “Dina ajaran patikrama, pikeun urang, boh lalaki boh awéwé, migawé amal téh nya tapa téa. Tah, kitu pagawéan urang mah. Goréng amalna, hartina goréng tapana; meujeuhna amalna, hartina meujeuhna tapana; sampurna amalna, hartina sampurna tapana. Rék saha waé urang, nya ku sabab amal urang bisa beunghar. Nya ku sabab amal deuih, hasilna tapa urang téh.”

Eusi naskah Amanat Galunggung téh nyoko kana padoman hirup anu ditepikeun ku  Darmasiksa ka putra mahkota, Sang Lumahing Taman. Cindekna, mangrupa naséhat, boh anu kudu dipigawé (hal-hal positif), boh anu kudu dipahing (hal-hal négatif). Nya ku sabab anu méré naséhatna téh raja, tangtu waé eusina téh réa anu nyoko kana sual kapamingpinan.

Sual tapa ogé jadi bagian tina amanat Raja Darmasiksa, sakumaha anu bieu dibaca cutatanana. Ditandeskeun yén pikeun kasalametan di dunya jeung di ahérat, manusa kudu ngalakonan tapa. Tapi, tapa cék dina Amanat Galunggung mah maksudna amal; nyaéta digawé dumasar kana status, tugas, jeung profési masing-masing. Lain tapa ngasingkeun diri, ngajauhan raména dunya; sakumaha anu aya dina persépsi urang, anu sumberna tina ajaran Hindu téa.

Tapa cék Sunda, tétéla béda jeung tapa cék dina ajaran Hindu. Tapa dina rumusan ajen-inajén Sunda nyaéta digawé kalawan enya-enya. Cindekna, dina falsafah Sunda mah digawé téh aya dina posisi terhormat pisan; jauh leuwih penting batan menekung mujasmedi, nyingkahan paraméan, bari mutuskeun hubungan jeung dunya luar. Anu dimaksud tapa dina falsafah Sunda mah nyaéta ancrub kana kahirupan nyata, bari singkil pikeun ngalaksanakeun tugas, saluyu jeung kamampuh katut profési masing-masing. Digawé. Digawé. Jeung digawé.

Hasil henteuna tapa anu dipilampah ku urang, éta téh gumantung kana tarékah urang dina nyanghareupan jeung ngaréngsékeun pagawéan. Tapana bakal kasebut alus, lamun tarékah gawéna enya-enya tur suhud. Sabalikna, tapana kasebut gagal, lamun léléda jeung asal-asalan.

Kalawan wijaksana, Darmasiksa nyebutkeun yén dina milampah tapa téh urang ulah dibarengan ku rasa sieun dipoyok jeung dijejeléh batur. Cindekna kudu panceg kana kayakinan sorangan. Kitu deui sarua teu meunangna lamun urang tapa bari miharep meunang pamuji.

Sajeroning digawé bari teu sieun dipoyok batur, éta téh nuduhkeun yén urang aya dina posisi hirup merdéka. Hal ieu ngandung harti yén urang digawé téh kudu kumaha cék kereteg batin sorangan, satungtung pimaslahateun. Kitu deui digawé téh lain karana hayang dipuji, komo bari pupujieun mah.

Tapa anu dianggap sampurna téh nyaéta anu dipigawéna kalawan iklas ku jalma anu tapis, parigel, rajin, tekun, tawekal, sumanget, jeung taliti. Sabalikna, tapa anu dianggap goréng nyaéta anu dipigawéna kalawan kapaksa ku jelema anu ngedul, belegug, ngarasa bener sorangan, loba ngalamun, éraan, babari kasigeung, léléda, teu sumanget, resep gégéléhéan, balangah, teu tartib, pohoan, teu boga kawani, gampang kuciwa, bibisaanan, ngarasa mampuh padahal polona kosong, mindeng ngangluh, resep ngabantah, gedé bohong, kukulutus, bosenan, tara ngéléhan, ambisieus, babari kapangaruhan batur, henteu panceg nyekel amanat, jeung boga aéb.

Sajaba ti tapa anu dihartikeun digawé dina pakumbuhan, saenyana dina kahirulan urang Sunda buhun gé aya anu disebut tapa dina harti mujasmédi. Cindekna, maranéhna anu terus menekung anu diménsina leuwih beurat kana vertikal batan horisontal (mun dina Islam mah meureun anu disebut kaom sufi). Éta téh dipigawéna di kabuyutan atawa mandala.

Anu disebut tapa dina kahirupan urang Sunda téh aya dua rupa, nyaéta tapa di mandala jeung tapa di nagara. Tapa di mandala hartina ngalaksanakeun kagiatan anu patali jeung kaagamaan, upamana waé ngalaksanakeun ritual agama, neuleuman agama, ngadidik calon tokoh agama, jeung ngadungakeun para pamingpin nagara, tempatna di mandala atawa kabuyutan.

Anu milampahna nyaéta pandita, resi (pajabat kaagamaan), wiku (guru agama), jeung pratanda (ahli élmu agama jeung parigama). Sajaba ti éta, aya deuih pihak séjén anu maratuh di lingkungan mandala, nyaéta tétéga (biarawan), ameng (juru ladén biara), wasi (catrik, anu keur dialajar agama), ébon (biarawati), tiagi (juru mujasmédi atawa ahli tapa), jeung walka (ahli tapa anu maké busana tina kulit kai).

Ari tapa di nagara dipigawéna di sakur wewengkon nagara, luareun kabuyutan, nyaeta ngalaksanakeun kagiatan kamasarakatan, upamana anu patali jeung pamaréntahan, sosial, ékonomi, jeung pertahanan atawa kaamanan nagara. Tapa di nagara mah dipigawéna ku sakumna masarakat katut para pamingpin dina rupa-rupa widang.

Mandala atawa kabuyutan téh tempat suci anu miboga aturan husus. Upamana waé para wiku dipahing peupeuncitan, teu meunang ngadahar daging sawatara jenis sasatoan, meunang boga pamajikan tapi cukup hiji waé, jeung teu meunang balantik. Hal ieu masih kapanggih sésa-sésana dina kahirupan urang Kanékés (Baduy) anu matuhna di telu tangtu (kampung tangtu anu tilu, nyaéta Cibéo, Cikertawana, jeung Cikeusik anu sok disebut Baduy Jero).

Dina jaman Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda, sakumaha ceuk hasil panalungtikan Atja jeung Saleh Danasasmita, di urang téh aya sawatara wangunan suci pikeun pamujaan jeung ngalaksanakeun upacara kaagamaan séjénna. Aya nu disebut paheuman (imah sasajén), pabutelan (tempat neundeun barang karamat), pamujaan, lemah maneuh (imah adat), candi, prasada (kuil), lingga linggih (palinggan, tempatna batu lingga), batu gangsa (batu parunggu), lemah biningba (tempat arca), jeung ginawé wongwongan (tempat nyieun patung).

Tina anu bieu dibéréndélkeun, tepi ka ayeuna gé masih kénéh aya sésa-sésana, malah ku sabagian masarakat masih kénéh diparaké, najan fungsina geus rada ngagésér. Kabuyutan Batukarut, di Bandung Kidul, upamana tepi ka ayeuna gé masih kénéh dipaké upacara agama. Ngan ku sabab masarakatna geus ngagem Islam, kagiatan di dinya téh geus dieusian ku unsur anu jolna tina agama Islam. Kitu deui kagiatan di Bumi Alit Situ Léngkong, Panjalu anu fungsina pikeun neundeun barang karamat, ayeuna mah geus diwarnaan ku ajaran Islam.

Dina ajaran Sunda buhun ditétélakeun yén kasalametan manusa di dunya jeung di ahérat téh gumantung kana ngalaksanakeun fungsi (fungsionalisasi) jiwa jeung raga. Kitu hasil mutalaah Prof. Edi S. Ekadjati, dumasar kana sawatara naskah Sunda buhun.

Lamun jiwa jeung raga difungsikeun pikeun kahadéan, pasti hasilna ogé hadé. Sabalikna, mun difungsikeun pikeun kagoréngan, hasilna nya tangtu goréng deui. Anu disebut étika tumerapna ka dua sasaran, nyaéta manusa sacara individual, jeung manusa sacara sosial.

Salian ti nyokot sumber tina agama Hindu jeung Buda, ajaran anu hirup di Sunda jaman buhun téh gegedéna mah nyoko kana tradisi karuhun. Dina naskah Amanat Galunggung disebutna “patikrama”, jeung ari dina naskah Carita Parahiyangan mah disebutna “purbastiti purbajati”. Aya deui istilah talatah sang sadu, saur sang darma pitutur, jeung sabda sang rumuhun anu kaunggel dina naskah Siksakandang Karesian.

Saterusna dina naskah Siksakandang Karesian ditétélakeun yén dina raga manusa téh aya sapuluh bagian awak anu penting (dasa indria) anu bisa mangaruhan kahirupan manusa, nyaéta (1) ceuli, (2) kulit, (3) mata, (4) létah, (5) irung, (6) sungut, (7) leungeun, (8) suku, (9) dubur, (10) rarangan.

Éta nu sapuluh téh bisa digunakeun pikeun kahadéan, bisa deuih pikeun sabalikna. Mun dipaké kana kahadéan bakal ngadatangkeun dasa kreta (10 karaharjaan). Tapi mun dipaké pikeun kagoréngan bakal ngadatangkeun dasa kalesa (10 noda). Pikeun ngagunakeun dasa indria dina jalan bener diatur ku dasa marga (10  jalan).

Dina Siksakandang Karesian ditétélakeun yén masarakat diatur ngaliwatan sistem pangbaktian dina kelompok sosial, disebutna dasa prebakti, nyaéta anak bakti ka bapa, pamajikan bakti ka salaki, hamba (rayat) bakti ka dunungan (raja), murid bakti ka guru, patani bakti ka wado, wado bakti ka mantri, mantri bakti ka nu nangganan, nu nangganan bakti ka mangkubumi, mangkubumi bakti ka raja, raja bakti ka déwa, jeung déwa bakti ka hiyang. Tacan pati kapaluruh, naon ari anu dimaksud wado jeung nu nangganan.

Ajaran Jatisunda nganut paham papasangan dina kahirupan manusa (hadé-goréng, raharja-sangsara), sarta boga pandangan yén anu mangaruhan kahirupan manusa téh aya tilu faktor, nyaéta fisik, sikep, jeung tingkah laku. Ku sabab kitu, pribadi manusa téh gabungan tina hal-hal anu bieu didadarkeun. Nya hal éta deuih nu ngalantarankeun pendidikan masarakat Sunda dina mangsa harita teu dumasar kana individu, tapi kana éta tilu unsur.

Dina hubungan jeung anu lian, dina ngalaksanakeun ajaran agama, jeung dina ngalaksanakeun pancén nagara, urang téh kudu bisa nahan diri, tur bisa narima kritikan ti nu lian. Hal éta diatur dina panca parisuda, anu nétrélakeun yén ayana kritik téh kudu ditarima ku lagawa, tur kudu dipandang naséhat, pituduh, panglelemu, jeung ubar. Geura urang cutat ungkarana:

“Upamana urang kudil, éta kangken cai pamandyan, Upamana urang kurit, kangken datang nu ngaminyakan, upamana urang ponyo, kangken datang nu méré kéjo. Upamana urang hanaang, kangken datang (nu mawa) aroteun. Upamana urang handeudeul, kangken datang (nu mawa) seupaheun.”

Tarjamahanana: Kawas urang keur dekil, kritik téh  lir cai pamandian. Kawas urang keur busik, datang anu ngaminyakan. Kawas urang keur lapar, datang anu mawa sangu. Kawas urang keur halabhab, datang anu mawa cai. Kawas urang keur ngabarungsinang, datang anu mawa seupaheun.

Dina jaman pra Islam, diwewengkon Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda (Pajajaran téa ceuk umum mah), ajaran agama jeung patikrama téh dilaksanakeunana awor dina kahirupan sapopoé. Dina kondisi kawas kitu, anu disebut kagiatan ritual agama téh teu loba. Béda jeung Hindu di Bali, upamana, anu euyeub ku kagiatan ritual agama.

Dina kahirupan urang Sunda baheula, ngolah lahan jeung miara tatanén téh jadi bagian tina kawajiban ngalaksanakeun agama. Hal ieu masih kénéh nyésa dina kahirupan urang Kanékés; yén anu disebut ngahuma téh bagian tina agama. Ana kitu, kagiatan agama dina kahirupan masarakat Sunda buhun mah gegedéna anu sipatna horisontal, lain vertikal ka luhur. Jadi pantes mun urang Sunda baheula teu pati butuheun ku candi, upamana, da anu disebut “ibadah” téh gegedéna mah cukup ku ngalaksanakeun kawajiban sapopoé, istilahna ngertakeun bumi lamba (ngama’murkeun dunya).

Ajaran agama jeung patikrama jadi ukuran atawa kritéria alus-goréngna tékad, ucap, sikep, jeung tingkah laku manusa, sarta nangtukeun kahontalna henteuna  karaharjaan hirup manusa, boh sacara individual boh sacara kelompok, boh di dunya boh di ahérat. Ajaran agama jeung patikrama jadi dadasar jeung ngajiwaan aturan kanagaraan jeung kamasarakatan.

Manusa anu teu tumut kana ajaran agama jeung patikrama, dina geus maotna téh erohna bakal sangsara. Sabalikna ti éta, manusa anu ngalaksanakeun agama jeung patikrama, dina geus maotna téh bakal panggih jeung kasenangan, tur ngahiji di kahiyangan.

Dina naskah Carita Parahiyangan (ditulis dina ahir abad ka-16) disebutkeun nagara aya dina kamunduran jeung kakacowan, nyaéta dina jaman nu jadi rajana Ratu Déwata, Sang Ratu Saksi, Sang Nilakéndra, jeung Nusiya Mulya. Ari sababna mah harita aya serangan musuh, para pamuka agama dikakaya, ngarempak pantrangan ka  wanita larangan, maténi jalma teu tuah teu dosa, ngarampas hak batur, teu bakti ka kolot, rucah, ngutamakeun teuing kaméwahan dunya (pangan, sandang, papan), jeung ngagugulukeun hawa napsu. Nya ti harita pareumna Karajaan Pajajaran téh.

Saterusna mah asup ka jaman Islam. Asupna Islam ka Sunda téh dina suasana harmoni teu nimbulkeun barébédan. Pangna kitu téh di antarana waé lantaran dina ajaran Sunda buhun geus nyampak aturan anu loba sasaruanana jeung anu aya dina ajaran Islam. Urang Sunda kiwari umumna ngagem agama Islam.

Tapi najan geus Islam ogé aya sawatara bagian tina kapercayaan Sunda buhun anu rembes tur masih jadi kabiasaan masarakat. Minangka contona mah,  urang Sunda anu geus Islam, dina mangsa puluhan taun ka tukang mah, salian ti sok solat téh, maranéhna angger waé sok ngukus. Kétang, boa ayeuna gé masih kénéh aya sinkrétismeu dina kahirupan urang Sunda téh. Enya, apan baheula gé, ku karuhun Sunda mah ajaran Hindu téh didalitkeun jeung kapercayaan tuturunan.

Edisi majalah: 2978

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Diorama persiapan pertempuran Bojongkokosan . Sumber: Google Maps, Muhammad Feisal Thamrin Hakim
Nyusur Galur

Ngepung Wakul Oray Matih (Ngancurkeun Pasukan Sekutu dina Perang Révolusi)

TANGGAL 9 Désémber nu bakal datang, panceg 79 taun lumangsungna perang rongkah...

ki bagus rangin
Nyusur Galur

Nyusur Galur: Bagus Rangin

Ditulis ku H. Rahmat Iskandar Kuring kungsi nyatur hareupeun guru sejarah ti...

Raden-Kandoeroean-Padmadinata
Nyusur Galur

Radén Kandoeroean Padmadinata, Penilik Sakola jeung Buku Sunda

Kadjabi ti eta sanadjan gamparan parantos liren tina damel, mowai boeroeng abdi...

pendidikan zaman dahulu
Nyusur Galur

Dunya Atikan Baheula

Ditulis ku: Yudi Rahmat Budiman Atikan jeung pangajaran tangtu dipibutuh ku sakumna...