Home Warta Tamu Ade Herdiyat; Kiprah Urang Sunda di Tanah Réncong
Tamu

Ade Herdiyat; Kiprah Urang Sunda di Tanah Réncong

Urang Sunda nu dumuk di wilayah Aceh atawa nu katelah Tanah Réncong, henteu leungiteun kanyaahna kana budaya lemburna. Malah ngaliwatan beungkeutan Paguyuban Masyarakat Pasundan (Parasunda), larapna padika hirup Sunda saperti silihasah silihasih silihasuh ogé, henteu ukur dina lalambé, tapi dilarapkeun dina kahirupan sapopoé dina rupa-rupa pakasabanana.

Share
Ade Herdiyat, Pupuhu Parasunda Aceh
Share

Tatali batin Sunda jeung Aceh mah dalit kacida! Kituna téh, luyu jeung iketan sajarah dua daérah. Sapertina wé, di tatar Sunda aya Makam Pahlawan Nasional Cut Nyak Dien di Sumedang. Kitu deui di Aceh aya H. Hasan Mustapa teureuh Sunda nu jadi panghulu besar di Kutaraja Aceh (1893-1895). Lantaran kitu, urang Sunda nu ngalumbara atawa mancén tugas ka Aceh, ahirna mah, loba nu bumetah.

“Alhamdulillah, urang Aceh mah ngahormat pisan ka urang Sunda téh. Henteu seueur janten cariosan nu awon. Jinekna, urang Sunda di Aceh tiasa disebat seungit. Nalika Persib maén sareng tim di luar Aceh ogé, aranjeunna ngiring ngabobotahan,” ceuk Ade Herdiyat, Pupuhu Paguyuban Masyarakat Pasundan – Aceh téh.

Urang Sunda di Aceh dina kagiatan miéling milangkala Parasunda ka-14

Ketak kitu, lain ukur carita, tapi ogé mémang kaalaman ku Kang Ade Chino (kitu ngaran landian sapopoéna),  nu ti mimiti taun 2016 jadi urang Aceh, sanggeus kénging pancén damel di pausahaan Asuransi Jiwa Syariah Al Amin Provinsi Aceh.  Hartina, urang Sunda di jauhna ogé, teu sing kurung batok! da geuning, sabada némbongkeun kamampuhan keur metakeun tarékah padika hirup nu saéstuna mah, ceuk ieu alumni ASTI Bandung (ISBI ayeuna mah), bisa hirup jeung huripna.

“Janten urang Sunda di Aceh nu kirang langkung aya lima rébuan, seueur nu tos ngaraos asa di lembur nyalira ogé. Malihan sok jadi carita, cenah, lamun jajaka Sunda ngumbara ka Aceh pasti ngéngingkeun istrina urang Aceh, nu ngalantarankeun jadi mawa betah. Namung nu prinsipna, alatan urang Sunda mah gancang tiasa nyaluyukeun sareng adat, watek, sareng budaya kaaripan lokal Aceh téa,” ceuk ieu seniman Sunda nu ogé lila ngumbara di Medan Sumatera Utara. Malah di Sumut mah, ceuk Ade deui, geus asa jadi lemburna sorangan. Kituna téh, lantaran istrina (Siti Whayuni) téh teureuh Medan, ogé Kang Ade perenah kuliah S2 jeung lila ngadosenan di USU (Universitas Sumatera Utara). Jinekna, betah jeung henteuna dina napakkeun lalakon hirup jeung huripna, komo di pangumbaraan, ahirna mah gumantung kana ketak pribadina.

“Lalakon jalan hirup mah, mémang unik. Da, kapungkur mah, nuju SD, SMP dugi ka SMA2 di Subang, teu kaimpi-impi acan atawa hoyong ngumbara, hirup jauh ti kulawarga. Namung, da éta jalan Gusti, éta nu pangsaéna. Harita, nalika kajadian Tsunami Aceh, pribados lebet rélawan ngagabung sareng sababaraha lembaga kalebet sareng UNICEF. Lantaran kedah ancrub ka pelosok-pelosok téa, nya jadi terang pisan wilayah Aceh mah. Gaduh pangalaman kitu, singhoréng éta jalan hirup jeung hurip saterusna di Aceh. Margi, nu jadi dasar tinimbangan waktos ditampi damel, dipercanten dugi ayeuna janten Kepala Korwil Asuransi Jiwa Syariah Al Amin Provinsi Aceh ngawengku tilu cabang (Banda Aceh, Lhokseumawe jeung Meulaboh), alatan pribados tos terang kana kaayaan Aceh,” ceuk ieu Pupuhu Parasunda témbrésna.

Ade Sudaryat lahir di Subang 2 Séptémber 1970. Tempat pamatuhanana di lemburna nyaéta di Jalan Otista Gang Rasidi nomer 25 Subang. Keur leutikna, resep pisan kana seni. Malah, perenah jadi juara jaipongan jeung nembang sa-Kabupatén Subang.

Kiwari, mémang lain bihari. Tapi, najan kiwari ieu putra bapa Odo Wikandawarman (Alm.) sareng ibu Empat (Almh.) geus nanjung di lembur Aceh, saperti jadi pamingpin di pausahaan, pupuhu Parasunda, jeung saabreg kasibukan lianna, tapi ari kana jiwa seni mah teu pareum. Malah parigel kacida kana seni, saperti maénkeun gamelan Sunda jeung nu lianna mah. Ku napelna jiwa seni Sunda kitu, mana mangaruhan pisan kana tatali batin hirup di pangumbaraan jeung ka lembur purwadaksi. Mana, upama haté mah sok tibelat waé ka lembur, Kang Ade mah, dina tilu bulan sakali mah, sok nepungan kulawarga sakalian ngalongok usahana di Subang.

“Alhamdulillah, ka lembur nepangan wargi-wargi mah henteu hilap. Atuh sakantenan deui ngalongok usaha di lembur, sapertos ka toko sareng ningal ngawangun nu sok diséwakeun atanapi tiasa disebat imah cluster lah,” ceuk ieu rama Laras Nauna Idzati Daminiyart sareng Dinda kaniya Artadinata, pokna deui.

Miara Tatali Batin

Urang Sunda nu dumuk di Aceh, teu leungiteun kanyaahna kana budaya lemburna, saperti keur ngalarapkeun kekecapan silihasah, silihasih, silihasuh. Kituna téh, saperti nu témbong dina saban kagiatan Paguyuban Masarakat Sunda (Parasunda) nu ti Maret 2023 dipupuhuan ku Ade Herdiyat. Keur nguatan éta paguyuban, jeung para pangurus lianna, salawasna ngalarapkeun program nu jadi hontalan udagan Parasunda. Di antarana, aya nu sipatna intern, sapertina aya arisan, pangajian, gelar seni budaya, nobar Persib, olah raga babarengan, silaturahmi ka para sesepuh atanapi inohong Sunda di Aceh. Kitu deui nu sipatna ékstern, aya bakti sosial milu ilubiung ningkatkeun ajén pangwangunan masarakat Aceh widang pendidikan & kebudayaan, parawisata ogé soal usaha nu mawa mangpaat ka para anggota Parasunda, jeung program-program lianna.

“Galibna nu miang, tangtos sok gaduh harepan. Atuh Paguyuban Masyarakat Sunda Aceh ogé teu weléh ningalikeun ketakna sareng karaos mangpaatna, sapertos silaturahmi ka para inohong Sunda nu mancén tugas di Aceh. Di antawisna kantos ka Kasdam Iskandar Muda Brigjen TNI Ayi Supriatna, ka Kaajendam IM Kolonel Caj Dodi  Mulyadi, ka Kepala Biro Operasional (Karo Ops) Polda Aceh Kombes Pol. Heri Heryandi, sareng ka para inohong lianna. Kitu deui, ka inohong Sunda ti Jawa Barat nu sumping ka Aceh, sapertos kamari ieu sareng Kang Aher (Ahmad Heryawan). Program sanésna, ngiring nyukséskeun kagiatan pamaréntah, sapertos diangkir kanggo ngiring nyukséskeun PON XXI Aceh, diangkir Kantor Wilayah Direktorat Jenderal Kekayaan Negara (Kanwil DJKN) Aceh keur ngawanohkeun  Lelang ka masarakat. Jinekna, alhamdulillah, Parasunda tiasa ningalikeun komarana. Malihan Kesbangpollimnas Aceh ogé ngiring reueus ka Parasunda mah,” pokna deui.

Ketakna urang Sunda di Aceh kitu, luyu jeung harepanana, nyaéta geusan nebarkeun ajén kahadéan Sunda di pangumbaraan. “Insya Alloh, para anggota Parasunda Aceh mah bakal teras sapamadegan kanggo ngahontal udagan, kalebet geusan ngabebenah wadah organisasi nu langkung kiat deui, sapertosna waé robih nami janten Paguyuban Pasundan Cabang Provinsi Aceh. Kitu deui, geusan ngungkulan gaduh kantor atanapi sekretariat Parasunda nu patén. Margi dugi ka ayeuna, ngontrak kénéh di Jalan Wedana No. 76, Gampong Mibo, Banda Raya, Banda Aceh. Mudah-mudahan kapayunna mah, aya perhatosan Pa Gupernur Jawa Barat énggal,” ceuk Ade Herdiyat nutup obrolanana. *** (RH)

Manglé édisi 3008

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Tamu

KH. Jeje Zaenudin; Ukhuwah Islamiyah Sarana Katingtriman Bangsa

Ilaharna, dina kaayaan kahirupan nu keur dirungrum ku lobana kahariwang, sok teu...

Tamu

Prof. Cecep Darmawan; Waktuna Jabar Némbongkeun Kakuatan di Tingkat Nasional

Larapna démokrasi saperti Pilkada Jabar 2024 ka tukang-tukang, lain semet milih pamingpin,...

Tamu

Wahyudin Iwang; Loba Invéstor Kotor Alatan Aturan Henteu Peurahan

‘Alam ngajaga urang, urang ngajaga alam’. Ieu kekecapan, negeskeun, yén dina ngurus...

Mo Sidik, Komika nu kasohor. (foto: istimewa)
Tamu

Mo Sidik: Di Tatar Sunda Humor Jadi Budaya

Urang Sunda mah resep heureuy. Tina ngabanyol téh sok tuluy jadi bukur...