Home Warta Tamu Acuviarta Kartabi: Mekarkeun Ékonomi Larapna Kudu Walatra
Tamu

Acuviarta Kartabi: Mekarkeun Ékonomi Larapna Kudu Walatra

Ngamajukeun kamekaran ékonomi bangsa kaasup di Jawa Barat, aturan jeung larapna kudu luyu. Kituna téh, sangkan udagan ékonomi nu raharja jeung walatra, henteu kaluli-luli. Kitu di antara jejer obrolan Manglé jeung panitén ékonomi Universitas Pasundan Acuviarta Kartabi.

Share
Acuviarta, Paniten Ekonomi Nasional
Share

Kaayaan alam di ieu bangsa kaasup di tatar Sunda, lain ukur padumukan, tapi deuih lahan usaha, geusan hirup jeung huripna. Pentingna lahan, kagambar dina kahirupan Sunda ti mangsa ka mangsa. Apan, lembur gé disebutna téh banjar karang pamidangan, atawa bali geusan ngajadi. Atuh, gambaran kama’muran gé, saperti ceuk kekecapan kolot, buncir leuit réa duit, loba ketan loba keton. Hartina, nugraha alam bangsa nu subur ma’mur, sawadina jadi lawang harepan walatrana rayat nu raharja.

“Ngan nyakitu, dina mangsana boga harepan, dina émprona mah can tangtu bakal jadi hontalan. Sapertina waé, upama niténan ékonomi bangsa, apan masih loba kénéh kaganggu ku polah jalma nu saukur keur ngungudag kapentingan pribadi atawa di pihak pamaréntah, mung saukur nyumponan gugur kawajiban,” ceuk Acuviarta Kartabi ngamimitian ngobrol jeung Manglé.

Hayang tepung jeung ieu panitén ékonomi FEB Universitas Pasundan, mémang teu babari. Lantaran saabreg kasibukanana, nu harita ogé jadi nara sumber di Badan Perencanaan Pembangunan Daerah ngeunaan udagan hontalan Produk Domestik Regional Bruto (PDRB) Atas Dasar Harga Berlaku (ADHB) Provinsi Jawa Barat. Tapi sanajan kitu, ieu panitén ékonomi nu témbrés nepikeun kapentingan rayat Jabar, nyempetkeun waktu keur Manglé, pangpangna nepikeun kamandangna dina pasualan halangan harungan patalékan ékonomi bangsa kaasup di tatar Sunda.

Prinsipna, ngokolakeun ékonomi nu geus dijinekkeun ku aturan, saterusna kudu luyu jeung prakna. Kitu deui ulah kaganggu ku rupa-rupa polah nu justru patojaiyah jeung harepan. Sapertina waé, soal kapastian hukum nu seseringna mah saukur ditafsirkan ku pangawasa, lain tafsiran keur kapentingan rayat sakumna. “Kalebet, salami ieu, nu témbong mung tafsiran ti pangawasa, nu kalan-kalan henteu nedunan rasa keadilan ékonomi nu sakedahna,” pokna deui. Lian ti masalah rasa kaadilan ékonomi, ogé masih loba aturan nu teu séhat, sapertina aturan cipta kerja nu ngalantaran loba pausahaan leutik jeung nu gedé, angger lir pacingkrak ngalawan merak. Pasualan lianna, nu patali jeung pasipatan individu atawa palaku ékonomi sorangan, ceuk ieu Dewan Pakar Forum Ekonomi Jawa Barat, loba kénéh nu hayang ngarawu ku siku jeung saukur udagan kapentingan dangka pondok. “Nu katingal, kalebet regenerasi para pangusaha muda ogé, masih seueur udaganana saukur nu instan. Rupina ieu ogé, kapayunna kedah aya parobihan,” ceuk ieu dosen Analisis Kebijakan Ekonomi Unpas deui.

Upami, Acuviarta Kartabi boga panitén kitu, lantaran nu katémbong salila itu, tina poténsi SDM jeung SDA Jawa Barat nu sakitu unggulna, dina prakna mah can bener-bener mampuh jadi kaagulan. Pangna kitu, ceuk ieu alumni Magister Ekonomi Terapan (MET) Universitas Padjadjaran, naon waé masalah nu saterusna bakal jadi jadi halangan harungan mekarkan ékonomi di Jawa Barat, kudu jadi panalinga sakumna. Carana, tangtu ceuk Acuviarta, hususna pamaréntahna kudu brukbrak teu aya nu sumput-sumput.

Kudu Walatra

Dina kahirupan ayeuna, pangwangunan lain sakadar ngudag kamajuan, tapi ogé langgengna mangpaat éta pangwangunan. Ceuk kekecapan urang Sunda mah, mun butuh supana kudu daék miara catangna. Pangna kitu, dina matéahkeun jeung miarana, saperti dina mekarkeun ékonomi Jawa Barat ogé sawadina kudu walatra. Kitu deui nu arusaha ogé ulah mopohokeun kana pentingna silih ajénan jeung dulur sorangan. “Kamekaran ékonomi, prinsipna, sanés waé udagan angka tumuwuhna saluhur-luhurna, tapi nu penting kacida kedah aya ngaronjatna hasil nu walatra,“  pokna témbrés. Lantaran kitu, satiap pangwangunan kudu jadi hontalan harepan karahajaan masarakatna. Sapertina waé nu anyar-anyar ieu aya pangwangunan palabuhan Patimban Subang. Ceuk Acuviarna, jelas keur warga Jawa Barat matak reueus kacida. “Margi kitu, ka payunna éta palabuhan kedah leres-leres janten jadi lawang harepan karaharjaan rayat Jabar. Henteu sabalikna, urang Jawa Barat saukur paliliwatan sareng panongton wungkul,” pokna ngingetan.

Ludeung Nyarita

Galibna pasualan ékonomi, moal leupas tina nyaritakeun untung jeung rugi. Patalékan kitu, mémang teu aya salahna, salila nempatkeun untungna tina mekarkeun ékonomi keur kapentingan bangsa jeung warga balaréa. Nu ulah mah, ceuk ieu panitén ékonomi, upama kapentingan ékonomi nasional diganggu atawa dialaan keur kapenting pribadi atawa golongan.

Tah, upama Acuviarta boga panitén kitu, mémang lain saukur diorbrokeun ti kajauhan tapi langsung sok adu hareupan jeung nu boga kapentingan, boh jeung pihak pamaréntah nu ngaluarkeun kawijakan aturan, boh jeung para pangusahana nu disanghareupanana. Pangna kitu, wajar upama Acuviarta Kartabi loba nu nyebut minangka panitén ékonomi nu ludeung nyarita kalawan tigin luyu jeung bebeneran. Saha ari Acuviarta téh?

Keur urang Bandung atawa Jawa Barat mah, ka Acuviarta Kartabi mah moal bireuk deui. Lantaran loba diangkir ka ditu ka dieu nepikeun soal ékonomi, pangpangna Jawa Barat. Sanajan lahirna di Manggar, Belitung Timur – Bangka Belitung 1 Juli 1974, tapi wanohna ka tatar Jawa Barat geus teu diragukeun deui. Soko komo, waktu leutik jeung rumaja di Belitung ogé, apan teu jauh gaulna mah jeung wargi Sunda nu aya di lemburna. Pangna kitu, waktu saréngséna tamat SMA terus ngajurung kuliah ka Program Studi Ilmu Ekonomi FEB Univeritas Pasundan (Unpas) Bandung, keur Acu (kitu katelahna sesebutan keur leutik) bungah kacida. Komo deui, sepuhna, bapa Kartabi Piman sareng ibu Atika teu weléh mapatahan jeung ngajurung pisan sangkan Acu bisa ludeung ngalap élmu nu ahirna bisa junun di mana waé. “Poma, anjeun sing sakalo langkung ti sepuh, sareng dina hirup kumbuh, poma sing loba babaturan tur ulah néangan musuh. Lantaran, musuh hiji ogé seueur teuing, tapi sarébu babaturan pasti bakal kurang kénéh,” ceuk Acu nirukeun papatah sepuhna. Lantaran kitun, pas dikersakeun bia kuliah ka Bandung komo asupna ka Ekonomi Unpas, ceuk Acu deui, asa mani pas pisan.

“Mémang éta nu janten cita-cita ti aalit ogé, hoyong janten ékonom. Sahenteuna hoyong ngangkat darajat kulawarga sareng hoyong apal katugenah haté nalika rumaja harita nu tiap dinten ningal di kampung, nu ongkoh caket ka pausahaan Timah, tapi masarakatna saukur kuli jadi daki,” ceuk Acu nineung ka mangsa baheula. Kitu deui, dina milih ékonomi, mémang keur Acu mah, ti leuleutik ogé geus resep dadagangan jeung macaan koran warta ékonomi candakan ramana. “Rorompok caket ka basisir laut Burung Mandi, atuh bari sakola téh, resep pisan deui icalan lauk di pasar,“ pokna.

Bandung tempat nu sakola jeung loba jalma nu palinter. Béja kitu keur Acu gé sering katarima. Pangna kitu, bisa kuliah di Bandung, cita-cita ogé beuki kuat. Komo deui, kuliah di Unpas nu deukeut pisan kana budaya Sunda tatar Jawa Barat. “Takdir Gusti nu nyaketkeun ngalap élmu ékonomi sareng adumanis kana kasundaan, asa langkung ngemplong upama ningal kumaha patalékan ékonomi Jawa Barat.  Katambih taun 1985 ogé tos amengan ka pun uwa Emmy Rasyid teureuh Bandung. Janten rasa nyaah ka Jawa Barat mah tos ngahiji ti rumaja kénéh ogé,” ceuk ieu carogé Prima Yusi Sari témbrés.

Saréngséna tamat S1, Acuviarta neruskeun deui ka Ekonomi Terapan (MET) Program Pascasarjana Universitas Padjadjaran Konsentrasi Perencanaan Pembangunan & Pertumbuhan Ekonomi. Ti dinya, panitén nu pernah jadi pangurus LP3E Kadin Jabar, karirna ogé nérékél jeung nepikeun pamanggihna patali jeung ékonomi beuki ludeung. Mana kitu, wajar upama Acu loba nu pada ngajénan, saperti sering diondang kana kagiatan ékonomi tingkat nasional jeung internasional, saperti waktu workshop APEC di Hanoi Vietnam.

”Mung nyakitu, nepikeun soal ékonomi mah kedah tegas, komo pami aya nu teu leres mah. Anapon ari nu tos leres mah, henteu kédah dikoméntaran. Ku cara kitu, haté ogé ngaraos betah waé, komo ti pihak kampus Unpas ogé, utamina ti pa Rektor ngarojong pisan, sangkan salami merjuangan bebeneran mah teu aya istilah kudu leutik haté,” pokna deui.

Kiwari, Acuviarta saabreg kasibukanana. Lian ti jadi ngadosenan, jadi narasumber, mancén Ketua Pusat kajian ékonomi & bisnis kampus, usaha konsultan ogé marengan kagiatan hobi masarakat saperti mupuhuan nu harobi nguseup.

”Prinsipna, élmu mah kudu karaos mangpaatna keur masarakat. Margi kitu, dunya kampus nu sok disebat gudangna élmu, sawadina tiasa langkung caket sareng masarakatna. Komo masarakat mah ngantos pisan ka nu palinter, sangkan tiasa ngabantos karerepet masarakat tina rupa-rupa pasualan,” ceuk ieu rama Izyandra Yusuf Keynesia Viarta sareng Davian Ismail Amartya Viarta nutup obrolan.*** (Manglé 2797)

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Tamu

Prof. H. Deni Miharja; Nyurahan Sunda-Islami dina Kakiwarian

Islam téh ajaran nu  universal, rembes nyerep meuntasan wates-wates sélér, ras jeung budaya....

Tamu

Kang Gun: Mawa Seni Malar Boga Pangaji

Lamun keyeng tangtu pareng. Tah, kekecapan karuhun nu kawas kitu téh, ku...

Tamu

KH. Asep Mustofa Kamal; Mekarkeun Pasantrén Nataharkeun Generasi Qur’ani Unggulan

Hadirna pasantrén-pasantrén  tahfidz hususna di Tatar Sunda Jawa Barat, henteu leupas tina...

TamuWarta

Halaqoh Ash-Sholawat Teu Kendat Babagi Élmu ka Lansia

Nu nyebarkeun élmu kahadéan hususna widang kaagamaan geus réa. Komo di Kota...